Catetan Dadan Sutisna

Nu kapidangkeun di dieu kénging ngaraéh tina gunem catur di Panglawungan Girimukti, 21 Séptémber 2002. Jejerna: Ahmad Bakri sareng karya-karyana. Minangka panyaturna Tétén Masduki, Duduh Durahman, sareng Abdullah Mustappa, kalayan panumbu caturna Hawé Setiawan. Teu sadayana dicutat, dipilihan nu pokona baé. Dupi maksadna dipidangkeun taya sanés supados kaaos ku sugri nu teu tiasa sumping. Atuh kanggo anu sarumping harita, ieu mah étang-étang dokuméntasi baé. Hatur séwu nuhun.

Hawé Setiawan:

Nepi ka kiwari sok aya baé nu humandeuar yén karya sastra Sunda ayeuna geus teu pati réa nu maca. Publikna kawas ngaheureutan. Nu macana beunang kasebut éta-éta kénéh: mun lain jalma-jalma nu pada-pada resep ngarang, nya paling ogé mitohana atawa minantuna nu ngarang, jeung tatanggana wé. Ti luareun kalangan nu sapopoéna sok ngagulanggapér sastra Sunda mah, sasat geus taya nu pirajeunan macaan karya sastra Sunda.

Tapi saenyana mah henteu kitu. Sok aya baé ti luareun komunitas sastra Sunda anu masih kénéh neundeun katineung ka sastra Sunda. Contona mah nya Kang Tétén Masduki. Béjana, Kang Tétén téh mikaresep karangan-karangan Ahmad Bakri. Nu matak ayeuna Kang Tétén jauh-jauh ti Jakarta disasabkeun ka dieu téh di dituna mah pikeun nuduhkeun yén nu maca karya sastra Sunda téh lain ngan saukur komunitas sastra Sunda baé.

Sakalian hayang ngabandungan kumaha saenyana pamanggih Kang Tétén, minangka bagian tina balaréa sastra Sunda, ngeunaan karya sastra Sunda nu dibacana, babakuna karangan-karangan Ahmad Bakri. Tah, engké urang bandingkeun jeung pamanggih Bah Duduh Durahman minangka juru titén sastra Sunda, sareng Kang Abdullah Mustappa minangka salah saurang pangarang Sunda.

Tétén Masduki :

Resep pisan maca karangan Ahmad Bakri téh. Mimiti kataji ku Payung Butut. Ponyo pisan macana gé. Harita kuring keur ngumbara di Inggris. Dibaca di ditu, dina usum tiris, asa balik deui ka lembur. Éta novél nyaritakeun pasipatan jalma nu guménak. Nu sok disebut ménak téh bupati meureun, cara nu dibahas ku Nina Lubis dina Kehidupan Menak Priangan. Tapi, anu dicaritakeun ku Ahmad Bakri mah ukur pangkat lebé, naib, jeung kuwu. Carita urang pilemburan pisan.

Rada anéh, méh kabéh karangan Ahmad Bakri nyaritakeun kahirupan di pilemburan. Apan Ahmad Bakri téh kungsi jadi guru di kota. Tapi kacirina tara nyaritakeun kota. Mimindengna mah nyaritakeun kahirupan di padésan baé.

Tina sawatara karangan Ahmad Bakri, kuring kataji ku carita ngeunaan barudak bangor dina setting masjid, pasar, atawa pangangonan. Asa nyeplés kabangoran kuring keur budak.

Téma-témana aya nu jorang deuih. Tapi lolobana mah nyeungseurikan talajak jalma nu kurang pantes.

Cék pangrasa, Ahmad Bakri téh miboga misi hayang ngalelempeng naon baé anu kurang lempeng. Contona baé, patali jeung korupsi. Korupsi mah ti baheula ogé apan geus aya, cara korupsi tina jakat dina carpon “Lebaran Poé Jumaah” nu dimuat dina kumpulan carpon Dukun Lepus. Kitu deui dina carpon “Kabeureuyan”, Ahmad Bakri apan nyaritakeun nu kabeureuyan alatan korupsi. Enya, korupsi leuleutikan. Tapi da saenyana mah rék leutik rék gedé korupsi mah sarua baé dosana. Nu matak mun rék korupsi tong kagok-kagok, héhéhéh…

Jigana, Ahmad Bakri mah nyieun karya sastra téh henteu dipangaruhan ku Barat atawa hayang meunangkeun Hadiah Nobél. Manéhna mah jigana ngan saukur hayang némbongkeun naon rupa nu pantes dijieun picontoeun. Ceuk Kang Ajip ogé, dina panganteur Dukun Lepus, Ahmad Bakri nulisna teu ngandung kritik, tapi ukur ngabolékérkeun baé. Atuh dina nyaritana sok dipasieup ku guguyon, nepi ka urnag macana matak ponyo, matak resep. Mun geus maca sakaca, teu bisa dierém, hayang terus. Guguyonna basajan, tapi genah pisan. Mun disalin kana basa Indonésia bakal hésé naker. Moal siga.

Duduh Durahman:

Aya hal nu narik dina Dukun Lepus téh: loba téma anu nyaritakeun jelema anu atah sasar, sabulang-béntor, saperti dina “Seuweu Pajajaran Siwi Gunugjati”.

Lian ti humor aya perkara birahi deuih dina carpon Ahmad Bakri téh. Naha éta kaasup pornografi, atawa érotisme, duka tah. Sabenerna Moh. Ambri ogé dina Lain Éta, nyaritakeun adegan érotis. Tah, dina karya Ahmad Bakri ogé, aya salapan judul anu aya pakaitna jeung nu cawokah. Upamana baé adégan awéwé dilalahun ku lalaki (bari lain salakina).

Anu pangsugéstifna mah dina “Miceun Balas”. Apan mani dipérélékeun pisan, ti mimiti muka kaway nepi ka asup ka kamar téh.

Sigana karangan-karangan Ahmad Bakri gé luyu jeung umumna karya sastra taun 70-an. Anéhna, Ahmad Bakri mah salamet, teu aya nu ngagugat. Naha ari carpon Dédy Windiagiri, Yoséf Iskandar jeung Holisoh M.E., loba nu ngiritik.

Ahmad Bakri mah sanajan kumaha waé ogé, urang sapamadegan, bisa disebut nyastra wé. Aya nu ngaharib-harib kana carita ditéktif. Contona baé dina Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati. Di batur gé aya carita detéktif nu dianggap sastra.

Aya ogé masalah korupsi, cara dina “Sapi Pelén”.

Ahmad Bakri dina karangan-karanganana, beunang disebut anti-bid’ah jeung anti dukun klénik.

Aya hal-hal anu matak tibelat ka mangsa lawas. Tapi ku lantaran produktif teuing Ahmad Bakri téh, loba carita nu dibalikan deui. Aya sawatara carponna nu méh sarua. Aya ogé nu teu asup akal, upamana baé lebah nyaritakeun jaman Walanda maké geus aya ojég.

Abdullah Mustappa :

Basa kuring digawé di Manglé kungsi sababaraha kali panggih jeung Ahmad Bakri téh. Harita di Manglé aya Ki Umbara jeung Pa Kadir. Ka duanana ogé henteu pati loma. Béda jeung ka Pa Bakri. Anjeunna henteu ngabéda-bédakeun jalma, sanajan umur kuring sahandapeunana.

Sakali mangsa mah kungsi meunang wiwirang, PPSS (Paguyuban Pangarang Sastra Sunda, nu kiwari jadi Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda) rék ngayakeun riungan. Nu dijadwalkeun rék nepikeun jejerna Ahmad Bakri. Tapi harita acara téh gagal, nepi ka Ahmad Bakri henteu tulus ditanggap.

Kungsi diajak dahar ka Paledah, pédah aya budak méncrang. Awas pisan geuning ka nu méncrang mah.

Hiji mangsa, Ahmad Bakri nyarita, teu ngeunah cenah pédah tulisanana disebut sastra ku Rustandi (Kartakusuma). Cék Pa Bakri, sastra mah ditulis ku para déwa, bacaeun para déwa. “Ari akang mah nyieun karangan keur jelema,” kitu cenah.

Mun butuh karangan ka Ahmad Bakri, tara dipersabenan. Tapis nulisna téh, da geus jadi pacabakan, tara aya basa teu anggeus atawa magol di tengah jalan. Ngan Ahmad Bakri téh babari kasigeung. Kungsi kuring ka Ciamis, ngan henteu ka anjeunna. Basa panggih, mani tutunjuk, naha teu nyimpang, geus teu hayang wawuh?

Pamungkas tepung téh basa aya paméran buku di Ciamis taun 90-an. Bisa ngobrol panjang, sakalian ngabéjaan yén bukuna geus diterbitkeun.

Ngan dina waktu Ahmad Bakri pupus, elat kabéjaan. Éta hanjakalna téh.

Katémbongna, Ahmad Bakri akrab jeung masarakat sabudeureunana. Ngan jeung gegedén kurang raket. Di Ciamis harita aya duaan nu sok nulis téh, nyaéta Pak Bakri jeung Pa Markusi nu digawé di Pémda. Aya kalana duanana sok pabéntar paham.

Koran Galura basa mimiti medal dideudeul ku Ahmad Bakri, pon kitu deui PR Édisi Ciamis. Produktivitasna tacan aya nu nandingan, kajaba Min Resmana jeung Holisoh MÉ.

Ajip Rosidi :

Kuring jadi milu nineung. Kuring mimiti panggih jeung Ahmad Bakri taun 1964, basa aya sandiwara di Tasik. Ngan harita mah can macaan karya-karyana. Geus aya kétang carponna dina Warga taun 50-an, “Meuli Elot” mun teu salah mah, tapi teu alus cara karanganana nu dijieun taun 60-an.

Taun 1967, kuring dipinangsara ku IKAPI (Ikatan Penerbit Indonesia) ngayakeun saémbara ngarang dina dua basa, Sunda jeung Indonésia. Ahmad Bakri ngirimkeun karangan méh ka unggal bagian; bagian naskah bacaeun barudak, rumaja, jeung déwasa. Aya sawatara karanganana nu meunang, di antarana Payung Butut, Mayit dina Dahan Jéngkol, Rajapati di Pananjung, Nu Sengit Dipulang Asih, jeung Kabandang ku Kuda Lumping. Ngasupkeun kana basa Indonésia ogé, tapi teu meunang, da teu alus.

Ahmad Bakri téh basajan. Singhoréng kungsi jadi wakil ketua séksi basa di LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda). Harita kuring nulis kritik ka LBSS. Narima surat ti Ahmad Bakri, maksudna ngoméntaran. Surat pribadi cenah.

Basa istrina maot, kungsi nyarita, “Kakara Akang mah ngarasakeun cinta nu sajati.” Tapi ari tungtungna “Akang mah geus kawin deui!” Duka tah, naha ka nu mana cinta sajati téh.

Patali jeung karangan-karanganana, saenyana aya ogé karangan Ahmad Bakri nu nyaritakeun kahirupan di kota, tapi kurang alus, teu luyu jeung kaayaan. Upamana baé nyaritakeun “tanteu girang” anu isuk-isuk geus nginum wiski. Marukanana meureun wiski téh sabangsaning cai entéh nu sok diinum isuk-isuk.

Karya-karya Ahmad Bakri téh aya nyastra jeung aya deuih nu henteu nyastra.

Carpon-carpon nu kakumpulkeun dina Dukun Lepus, anu jumlahna 41 judul téa, beunang milihan tina karangan-karangan Ahmad Bakri anu jumlahna 60 nepi ka 70 judul. Aya kénéh sésana, ngan kurang alus.

Di Barat, aya carita detéktif nu nyastra. Ngan Ahmad Bakri mah wawasan sastrana henteu jembar, kurang maca. Cenah buku Lain Éta karangan Mohamad Ambri ku Ahmad Bakri mah dibacana nepi ka ratusan kali.

Saini KM:

Najan aya adegan érotis, tapi upama aya ajén anu nyalametkeun, bisa disebut sastra. Ahmad Bakri ogé tapis ngulinkeun basa Sunda, nepi ka bisa nyalametkeun adegan érotis téa.

Sastra Sunda rada deukeut jeung sastra Irlandia, boh basana, boh humorna. Ilaharna bangsa anu katindes mah humorna sok hirup.

Di tempat séjén, karangan téh ilaharna sok dibagil-bagi. Aya nu disebat karya sastra, aya ogé nu diasupkeun kana kolom karangan entertainment. Carita detéktif sok digolongkeun kana karangan entertainment. Tapi lamun urang maca karangan Umberto Eco, In the Name of Rose, urang bisa niténan yén karya sastra Eco gé geuning bisa ngagunakeun padika carita detéktif; kawas carita detéktif tapi saenyana karya sastra.

Yusuf Abdulwahid:

Kuring téh anakna Ahmad Bakri. Jadi ngarasa reueus geuning karangan Bapa téh réa nu ngajénan. Tapi saenyana pikareueuseunna téh sanggeusna pupus, da keur jumeneng kénéh mah pikakeuheuleun. Bapa jeung anak-anakna pajauh. Raket soténan jeung nu séjén. Sok réa sémah nu nepungan Bapa, tapi ku Bapa tara diwawuhkeun jeung anak-anakna.

Kuring gé sok ngadéngé yén réa nu mikaresep karangan-karangan Bapa. Ngan anak-anakna mah jarang macaan. Bener yén Ahmad Bakri mah anti-bid’ah. Cék batur karyana alus pisan, tapi upama ceuk kulawargana mah, biasa waé. Bener deuih yén Ahmad Bakri mah langka maca. Pabukonna ngan salomari leutik. Eusina, buku-buku basa sunda. Kurang réferénsi.

Ceuk indung kuring, pangna bapa bisa ngarang téh (basa umurna geus 40 taunan) kajurung ku dapur. Nu matak sagala saémbara diiluan, sugan wé meunang. Sok maca kuring gé kritik kana karangan-karangan Ahmad Bakri. Teu apal di mana alusna karya Bapa téh. Ngan nu écés, Bapak sok ngadongéng ka barudak. Kaunggulanana lebah nepikeunana.

Kuring mah tara kurung-karang. Mémang enya kungsi aya karangan maké ngaran kuring nu dimuat dina majalah, tapi saenyana nu ngarangna Bapa.***


Tags: ,