Henteu unggal jalma boga katineung kana bacaan, komo di pilemburan mah. Tapi pikeun Juju Junaédi, urang Darangdan Purwakarta, sarupaning bacaan téh sasatna digugulung unggal poé. Di imahna ngagunduk rébuan buku jeung majalah. Lain keur koléksi sorangan, tapi bacaeun urang lembur.

juju_junaedi.jpgGeus méh 20 taun Juju Junaédi ngokolakeun Perpustakaan Saba Desa keur wewengkon Darangdan jeung sabudeureunana. Modalna nya saayana, henteu jleg nyieun wangunan husus siga galibna perpustakaan.

“Majalah sareng buku téh diiderkeun ka unggal lembur, ti payun mah kana sepedah. Nu nambut buku, mayarna saridona…” cek Juju, basa medar lalakonna dina acara Sawala Pusat Studi Sunda (PSS) di Jl. Taman Kliningan II No. 5 Bandung. Harita Juju diondang ku PSS keur ngaguar kaayaan bacaan di padésaan. Ti lemburna henteu léngoh, rebo ku babawaan ti mimiti timbel nepi ka rambutan.

Ngokolakeun pabukon téh, cek Juju, lain pagawéan énténg-énténg. Komo di pilemburan. Tapi ari dileukeunanan mah, anggota Perpuskataan Saba Desa téh terus nambahan, malah bisa nepi ka opat kacamatan.

Nu sok diinjeumkeun ka urang lembur téh réréana mah majalah. Juju kungsi meunang sumbangan rébuan majalah, kaasup di antarana majalah Manglé. Méh unggal poé ngaboséh sepédah, ngider ka pakampungan, nanawarkeun bisi aya nu rék nginjeum bacaeun.

“Kantos hiji mangsa mangsa mah, badé nungkulan acara buku bari ngiderkeun majalah, labuh tina sepédah. Kaleresan jalanna taringgul. Berekah batina téh, sepédah ringsek, huntu coplok!” pokna.

Pait-peuheur ngurus pabukon di désa téh henteu ngan coplok huntu wungkul. Pangbagéa ti pamaréntah gé kurang pisan. Nepi ka sakapeung mah Juju sok ngayakeun rupa-rupa acara keur ngirut sangkan raresep maca téh.

“Tétéla hoyong ngaronjatkeun pangaresep kana maca téh sesah pisan. Komo keur barudak mah…” pokna.***