Carita Pondok Dadan Sutisna

Aksara dina jampana teh katembong deui. Bieu mah apan, basa kakara diturunkeun ti para, mani ampir teu katembong, da puguh pinuh ku kebul. Ngan sanggeus diberesihan, kakara beunang dibaca. Kekecapanana angger kawas baheula : Jampana Proklamasi.

Jampana teh wangunanana siga iimahan. Da eta we, make jeung aya suhunan, aya kentengan, aya bilikan. Dijieunna tina kai, ngan paranti nanggungna anu tina awi teh. Ukuranana oge henteu pati gede, kurang leuwih sameter ka satengah meter. Biasana, di jerona teh sok dieusian tumpeng dina baskom, dituruban ku daun cau beunang ngaleumpeuh. Lolongkrang nu kosongna, dipake nunda kadaharan lembur, sabangsaning opak, ranginang, wajit, ulen, angleng, jeung sajabana. Saban bulan Agustus, sok digotong ngurilingan kacamatan, jeung nu pawey. Tah, aksara Jampana Proklamasi teh, perenahna palebah bilik jampana, kenca-katuhu.

Geus opat taun eta jampana teh sina pangsiun. Da puguh taun-taun ka tukang mah teuing ku naon, Agustusan di kacamatan teh henteu rame. Ukur upacara wungkul. Taya nu arak-arakan. Taya nu ngagotong tumpeng. Nu matak jampana oge buru-buru diteundeun di para, da sugan teh moal kapake deui. Ari poe kamari, Aki Dasmin ngadenge beja, cenah taun ieu mah Agustusan teh rek diramekeun deui. Tangtu bae, ceuk pikiran Aki Dasmin, bakal aya nu ngagotong tumpeng dina jampana.

Teu percaya mimitina mah Aki Dasmin teh. Pedah we, nu mawa bejana Mang Oji. Ari Mang Oji tea, apan kasohor tukang heureuy. Kakara yakin soteh, basa ngahaja nanyakeun ka kantor desa.

“Enyaan Jang Ulis, Agustus ayeuna mah bakal aya deui pawey?” pokna. Mani mamandapan nanyakeunana teh, da puguh nyanghareupan pajabat desa. Ulis Oding nu keur ngadekul ngetik ngalieuk.

“Enya, Ki!”

“Alhamdulillah!” Aki Dasmin ngusap dada.

“Langkung rame panginten?”

“Tangtu atuh. Ari Aki geus mayar iuranana?”

“Baruk? Nganggo iuran kitu?”

“Puguh atuh. Apan rek pesta Agustusan teh kudu aya duit. Dina putusan rapat kamari, saurangna teh kabagean sapuluh rebu!”

“Aki oge kudu mayar?”

“Henteu diwilah-wilah, Ki. Nu ngaranna warga desa mah, kabeh oge kudu milu iuran!”

“Kumaha, nya. Da Aki mah teu gaduh artos!”

“Urang mah ulah ngitung duit sapuluh rebu, Ki. Anu kudu diinget-inget mah, kumaha hesena kolot urang baheula ngarebut kamerdikaan. Hese, Ki, hayang bisa merdika teh. Kudu ditebus ku kesang jeung getih,” ceuk Ulis Oding, bari panon mah angger mencrong kana keretas hanca ngetik.

“Kantenan atuh, Ujang, da Aki mah ngalaman pisan. Matak Aki sok atoh nyanghareupan Agustusan teh, lantaran inget ka mangsa baheula!”

“Komo atuh kitu mah!”

“Sumuhun. Ka saha atuh mayar iuran teh?”

“Rek ka desa, rek dipihapekeun ka Erte, sarua wae,”

“Engke we atuh, Aki bade ngajual heula hayam!” ceuk Aki Dasmin bari terus amitan.

Datang ka imah, terus ngahuleng dina golodog. Keur kitu ras kana jampana. Serengeh seuri sorangan.

“Mayar iuran mah, engke we tina ladang ngagotong jampana,” pokna, gegerendengan sorangan. Kalacat ka para. Aya keneh jampana teh, najan geus pinuh ku kebul oge. Henteu waka diturunkeun, kalahka nepungan heula Aki Jumsik. Kabeneran panggih pisan di buruan imahna.

“Jumsik, aya deui proyek, euy!”

“Proyek nanahaon, apan urang mah geus kolot?”

” Ngagotong jampana. Agustusan ayeuna mah bakal rame deui!”

“Ari maneh kaduga keneh, kitu?”

“Maksakeun we atuh. Lumayan euy, ngarah keur dahar saminggueun. Ngahaja-haja mah hese neangan piduiteun teh. Kabeneran jampana paranti urang aya keneh!”

“Hayu. Ngan meureun kudu dibeberes deui?”

“Enya. Isukan urang beresihan heula!”

Urang lembur mah geus papada apal ka Aki Dasmin teh. Lalaki kolot nu umurna geus ngagayuh ka 80 taun. Tapi katembong jagjag bae, da kaduga keneh digawe ripuh. Ukur maksakeun sabenerna mah, keur neangan sahuap-sakopeun. Da papantaranana mah, geus loba nu caricing di imah, diurus ku anak-anakna. Ari Aki Dasmin, teu kungsi boga anak. Euweuh nu ngurus. Hirupna ukur kadua pamajikanana nu ayeuna geus mindeng gering.

Ti heula mah, unggal bulan Agustus teh Aki Dasmin sok manggih rejeki nomplok. Dipercaya ku urang lembur purah ngagotong jampana dina pawey Agustusan. Buruhna kaitung lumayan, ti saurang teh sok kabagean ari satengah letereun beas mah. Enya eta oge, ari capena mah nataku. Kudu ngagotong jampana sapoe moket. Matak luut-leet kesang. Tapi da bungah nu aya, milu sukan-sukan, bari meunang buruhan.

Eta oge, sakapeung mah hatena sok ngarakacak lamun keur ngagotong jampana teh. Rus-ras ka mangsa lawas, jaman samemeh merdika. Ayeuna manehna kaparengan milu ngasaan bebasna kamerdikaan. Tapi geuning ukur jadi tukang ngagotong jampana dina pawey Agustusan. Teu leuwih ti kitu.

Aki Dasmin oge sok rajeun nenjo aki-aki pantaranana, milu baris, make saragam veteran. Maranehna mah unggal bulan oge nampa gajih, hirup ngahenang-ngahening. Ladang kesang baheula teh aya tapakna.

“Aing oge lamun boga duit mah, kana tangtu kituna teh,” Aki Dasmin gegerendengan sorangan. Enya, manehna inget keneh, bareto ka lembur aya nu ngadata para pajoang kamerdikaan. Rek dibere gajih cenah. Tapi nya kitu, henteu cukup ku ngaku milu bajoang, da geuning kudu make duit ongkoh. Kudu make paleuleueur. Ari Aki Dasmin, sasat hirup lieuk euweuh ragap taya. Boro-boro nyadiakeun duit keur daptar veteran, hayang bisa dahar unggal poe oge seuseut naker.

*

Najan tulisanana henteu pati beres, tapi da sidik keneh. Moal pogog dibaca. Ngan lamun ditelek-telek ku nu resep tulas-tulis, kana tangtu ngehkeyna teh. Tong boro ku nu sakola luhur, anak tatanggana anu kakara kelas opat SD oge ngageunggeureuhkeun.

“Atuh eta mah, tidak sesuai dengan ejahan yang disempurnakan!” kitu apan pokna oge.

“Keun bae Sujang, da ieu mah tulisan aki-aki!” ceuk Aki Dasmin, bari tonggoy meresihan jampana. Enya deuih, basa ku manehna disidik-sidik, asa ngewa naker tulisan dina jampana teh. Geura we, hurup j nu mimiti make aksara leutik (buktina make titik), naha ari a make hurup gede. Kitu bae paselang-selang. Malah hurup panungtung mah ampir teu katembong, da lahan keur nulisna kaburu beak.

Bareto mah, eta tulisan teh kungsi dikiritik ku Pa Erte. Henteu nyambung magar teh. Da biasana oge, tulisan dina jampana mah : Memperingati HUT RI Ke …Kitu apan lumbrahna oge.

“Mun kabaca ku Pa Camat mah, aya bahan digeuhgeuykeun tah,” kitu ceuk Pa Erte harita.

“Keun bae atuh Pa Erte, da meunang hese nyieun tulisan teh!” ceuk Aki Dasmin.

“Enya eta oge, ngan kudu puguh hartina. Jampana teh apan hartina parantin ngagotong, ari proklamasi hartina embaran atawa bewara. Piraku aya bewara digogotong. Lamun tulisanana jampana tumpeng, kakara nyambung!”

Teu bisa ngajawab Aki Dasmin oge dikitukeun mah. Tapi ari ngaganti tulisan mah henteu, da meunang hese tea. Ongkoh sanggeus sababaraha kali dibawa pawey, taya nu nyawad. Kalahka loba nu muji.

“Moal diganti euy, tulisanana?” teu kanyahoan Aki Jumsik geus ngajanteng gigireunana.

“Lila atuh diganti mah. Apan pageto dipakena oge, moal kaburu. Dapon aya we lah!”

“Ngan eta pindingna siga aya nu bolongor, tambal atuh!”

“Puguh arek ieu oge. Dadamparna deuih nu rek ditambal teh,”

“Enya atuh, kumaha lamun tumpengna bahe. Maneh mah biasa we meureun, rek cicing di hareup!”

“Apan kitu biasana oge. Ngarah henteu ngarodon!”

Ampir sapoe jeput Aki Dasmin jeung Aki Jumsik ngabeberes jampana teh. Ngahaja meuli heula keretas endog, keur mapaesanana. Lebah suhunan ditapelan bandera merah-putih. Geus dianggap pantes, terus diteundeun dina golodog . Ditaksir ti kenca ti katuhu, bisi aya nu kurang merenah.

“Kuduna mah Pa Erte teh geus nepungan urang!” ceuk Aki Dasmin sajeroning reureuh di buruan. Aki Jumsik ngusiwel ngaluarkeun daun kawung.

“Heueuh, da biasana oge sok saminggu samemehna. Ngarah puguh we urang mah, ti mana mimiti pawey teh, di mana eureunna,”

“Moal teu rongkah pawey taun ieu mah, da iuranana oge mani sapuluh rebu,”

“Maneh geus mayar, Min?”

“Enggeus, kapaksa we ngajual heula hayam, da keur henteu boga duit. Ongkoh kuring mah boga duit ti mana ketang,”

“Ah, naha make jeung mayar. Kuring mah najan ku Pa Erte ditagih oge, henteu dibere. Asa teungteuingeun atuda. Cik atuh, ari aki-aki geus rerempo mah ulah dipentaan bae duitna, anggursi dibere kuduna oge!”

“Keun bae atuh, itung-itung paleuleueur. Apan urang rek meunang proyek. Itung we, lamun ti unggal jelema dibere dua rebu, 50 jelema oge geus 100 rebueun,”

“Saha nya, nu rek nyieun tumpengna?”

“Ulah mikiran nu kitu urang mah. Keun bagean Erte.

Tapi nepi ka piisukaneun Agustusan, Pa Erte can aya nepungan. Puguh bae Aki Dasmin ngahuleng. Sageuy upama Pa Erte nitah nu lian teh. Saha nu daekeun deuih. Komo anu kakara mah, tangtu poekeun keneh, kumaha ari ngagotong jampana teh. Basa wanci geus ngagayuh ka wanci magrib, Aki Dasmin nepungan Aki Jumsik.

“Kumaha, euy, geuning Pa Erte teh euweuh nepungan?”

“Acan sugan,”

“Acan kumaha, apan isukan pawey teh,”

“Urang tanyakeun we ayeuna!”

“Ka imah Pa Erte?”

“Enya, kamana deui atuh,”

Duanana terus ngajugjug imah Pa Erte. Kasampak nu ditepunganana keur diuk di tepas imah.

“Sampurasun, Pa Erte!”

“Aeh, geuning Aki Dasmin. Mangga ka lebet!”

“Sawios di dieu bae!” ceuk Aki Dasmin bari diuk dina golodog.

“Aya naon, Ki, mani asa rareuwas kieu?”

“Puguh aya nu bade ditaroskeun ieu teh. Leres kitu enjing teh bade aya pawey?”

“Enya. Terus kumaha, Ki?”

“Sumuhun, apan biasana oge Aki teh sok dipiwarang ngagotong jampana. Ari ayeuna, mani asa tiis-tiis bae,”

“Bener, Ki. Tapi ayeuna mah anu nguruskeunana desa. Memang bareto mah sok diserenkeun ka saban Erte. Boh nyieun jampana, boh nguruskeun kasenianana,”

“Janten kumaha atuh?”

“Henteu kumaha, da kuring oge teu pati apal. Ngan hadena mah, tanyakeun bae ka desa. Aeh, ketang, da ayeuna mah duka aya acara ngagotong jampana duka moal. Ceuk Pa Ulis mah geus henteu jaman kikituan teh. Eta mah jaman Orba atuh, Ki. Ayeuna jaman reformasi, ceuk Pa Ulis oge anu bau-bau Orba teh kudu ngeureuyeuh disingkahan,”

“Ke, henteu ngartos Aki mah. Naon hubunganana ngagotong jampana sareng Orba,”

“Wah, hese nerangkeunanan eta mah, sabab pakaitna jeung pulitik. Ulah nyaritakeun pulitik urang mah, bisi salah!”

“Ari Aki kedah iuran sapuluh rebu teh kanggo naon?”

“Apan keur pesta Agustusan!”

“Cik atuh tulungan, Pa Erte. Mangkaning Aki teh geus ngomean jampana, angkeuhan rek digotong isukan!” ceuk Aki Jumsik.

“Lain teu hayang nulungan kuring oge, Ki. Ngan dalah dikumaha deui. Karunya deuih, apan Aki teh geus kolot, kumaha lamun mopo di tengah jalan. Geus meujeuhna hirup senang Aki mah!”

Aki Dasmin jeung Aki Jumsik tibang ngahuleng. Terus bae amitan.

“Aing mah asa henteu dihargaan, Jumsik. Asa disapirakeun,”

“Keun bae, Min. Meureun urang teh geus henteu kapake, geus meujeuhna pangsiun!”

Isukna, pabuburit, Aki Dasmin jeung Aki Jumsik ngadaweung deui di golodog. Poe eta mah henteu ingkah ti imah, najan tatanggana arindit lalajo pawey oge. Jampana Proklamasi masih keneh ngajugrug.

Keur kitu, kadenge sora barudak patinggerendeng.

“Arek lalajo maneh moal?”

“Ka bale desa tea?”

“Enya, bakal aya dangdut bejana mah,”

“Lalajo atuh. Sisinarieun nya, euy, aparat desa kabedag nanggap dangdut?”

“His, apan ieu mah pesta Agustusan. Sukuran pedah nagara urang geus merdika leuwih ti satengah abad,”

Kadengeeun sabenerna mah obrolan barudak teh. Tapi Aki Dasmin anggur ngaheruk. Katembong dina panonna aya nu beueus.

“Jumsik!”

“Kumaha, Min?”

“Urang teundeun deui jampana teh di para. Sugan we taun hareup mah!”

“Taun hareup mah, paling oge urang nu digotong dina pasaran, dibawa ka astana!” walon Aki Jumsik bari nyerengeh.***

Pasirloa, 2002