Dal-Ico“Hujan di Buruan” téh sajak kénging Hadi AKS, dimusikalisasi ku Dian Hendrayana, terus dihaleuangkeun ku Ani Sukmawati. Ieu lagu teh hasil garapan Musikalisasi Sajak Sunda alpukahna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Bandung Art & Culture Council (BACC). Wilujeng Ngabandungan.

Iber: ieu lagu disimpen dina situs babagi musik (http://www.imeem.com). Teu benten ti dina YouTube, kanggo ngadangukeun ieu lagu, diperyogikeun Adobe Flash Flayer 8 (atanapi nu langkung luhur ti eta), mudah-mudahan tos aya dina browser nu nuju dianggo ku Sadérék).



HUJAN DI BURUAN

Sajak Hadi AKS
Lagu Dian Héndrayana
Arr. Satrio Wibowo
Nu Ngahaleuang Iin Mulyani & Dian Héndrayana

Hujan di buruan
lain cimata
tapi kakelar nu tinggarendang
na daun-daun pandan

Di dieu aya kénéh angin
nu ngalaong ti tungtung lembur
asa peuting beuki jauh
haté dibawa tilem laun-laun

Geura reureuh ka dieu
kana liliuh peuting
unggal mata nu katideresa
atawa impian nu kalunta-lunta

Hujan tinggal sesana di buruan
tapi aya kénéh kalangkang bulan
jeung langit beresih
dina riak cileuncang

(tina Ombak Halimun, Pamulang)


Tags: