Téh Nining ayeuna mah tos ngahaeub ka sepuh, nya. Bentén sareng kapungkur, jaman taun 80-an, jaman ténar ku lagu “Kalangkang”. Tapi soanten Téh Nining mah angger dédéngéan, sanaos yuswa nambihan. Leres pisan, Téh Nining, ulah hoyong ka carogé batur mah, bilih janten mamala. Sapertos dina lagu “Hanjakal” téa.



Lain rék nampik, duh Engkang … lain ték nolak
Kanyaah Engkang ka abdi meulit na ati
Mépéndé maskétna haté
Mépéndé linduh kadeudeuh
Mépéndé tingtrimna ati
Aduh, aduh Engkang

Lain rék nampik, duh engkang … lain rék nolak
Kadeudeuh Engkang ka abdi nurihan ati
Sok inggis nyangsara diri
Sok inggis tugenah ati
Sok inggis janten mamala
Aduh, aduh engkang

Aduh Engkang… lungkawing lewangna ati
Nyandingna kaasih Engkang
Sok inggis pinanggih peurih

Aduh engkang… longkéwang ringrang salempang
Nyimpayna kanyaah Engkang
Palias nandang tunggara

Kahoyong mah … duh engkang jongjon duaan
Nyulam bagja … cinta urang
Duh … duh engkang hanjakal teuing
Duh … duh engkang tos rimbitan


Tags: ,