Ku Hawé Setiawan
Taun 1867 medal Dongéng-Dongéng Pieunteungeun yasana R.H. Moehamad Moesa. Dina éta buku pangarangna nyabit-nyabit hirup-hirupna basa Sunda nu digambarkeun lir nu “hudang gering, tapi tacan jagjag pisan”. Bari mukaan éta karangan, Ki Sobat nu keur nalungtik basa katut budaya Sunda ngasongkeun pertanyaan. “Iraha nya, basa Sunda disebut heunteu gering?” omongna laun, kawas ka dirina sorangan.
Kuring ngahuleung bakating ku hémeng. Jeung enyana deuih, unggal mangsana - ti jaman R.H Moehamad Moesa, jaman H.I. Buldan Djajawiguna, tug nepi ka ayeuna — basa Sunda teu weléh digambarkeun lir nu keur katarajang kasakit. Geura wé bandungan acara Simpay Katresna asuhan Mang Sandi di RRI Bandung. Dina éta acara nu sipatna interaktip téh, méh unggal siaran sok aya baé nu nelpon. Basana matak melang ku basa Sunda. Atuh kamari ieu, di antara kaom inteléktuil Sunda nu hog-hag di Lémbang aya deuih nu béjana nyieun uga, yén dina taun 2010 mah baris moal aya deui nu cumarita dina basa Sunda. Cindekna, basa Sunda nu dina taun 1867 digambarkeun kakarék “hudang gering” téh, kiwari kanceuh deui. Malah beuki parna baé kadéngéna téh. Na kasakit naon atuh? Asa kabina-bina teuing, aya kasakit teu cageur-cageur. Kawas AIDS baé.
Mémang teu sakabéh nu mikacinta basa Sunda humandeuar lewang hariwang. Sakapeung mah sok rajeun ngadéngé aya nu tetep gedé haté, turta yakin mun basa Sunda moal nepi ka musna. Ngan nya kitu, nu leuwih ngaraja mah skénario nu pikamelangeun (doom scenario) téa. Ari kuring lain hémeng ku perkara bener henteuna éta gambaran ngeunaan basa Sunda nu magar pikamelangaun téa. Lain, lain kitu. Nu matak hémeng kuring mah, naon sababna dina unggal mangsa teu weléh timbul rupa-rupa gambaran pikamelangeun ngeunaan basa Sunda? Na aya naon atuh dina kasadaran sawatara urang Sunda téh, nepi ka gambaran modél kitu hayoh-hayohan dibulak-balik bekok?
Pikeun pijawabeunnana, urang balik deui kana karangan R.H. Moehamad Moesa minangka salah sahiji tina gambaran ngeunaan basa Sunda nu magar gering téa. Cenah gé, “anu matak basa Sunda disebutkeun hudang gering, tapi tacan jagjag pisan, buktina tacan walagri, basana tacan beresih, campur basa Jawa jeung Malayu, sumawon basa Arab, éta nu réa téh teuing, malah aya nu enggeus leungit jinisna.” (kaca 5, édisi taun 1907)
Ana kitu mah kecap “gering” di dinya téh di antarana ngandung harti asupna pangaruh basa deungeun kayaning Jawa, Malayu atawa Arab, anu ngabalukarkeun basa Sunda teu bisa disebutkeun “walagri” atawa “beresih”. Tah, harti gering modél kitu nu nepi kakiwari teu weléh digulanggapér téh. Contona baé, dina buku Raksamitra Basa yasana H. I. Buldan Djajawiguna, anu medal taun 1986. Di dinya gé karasa ayana pamadegan nu sakobong jeung pamadegan Moesa. Ceuk Djajawiguna, Raksamitra Basa téh ngandung maksud “ngurangan pangaruh basa Indonesia jeung basa séjén, anu matak henteu jadi dangdanan keur basa Sunda, malah bisa ngaruag adeganana, ngurangan kabeungharannana, jsté.” (kaca v, édisi taun 1987)
Tina pamadegan modél kitu urang bisa ningali ayana sikep xenophobia. Sikep nu sieun nyanghareupan naon baé nu jolna ti deungeun-deungeun, ti luaren dunya kahirupan (life-word) urang. Teu pamohalan dina jero-jerona mah sikep modél kitu téh ngandung bibit-bibit nasionalismeu étnis (etnic nationalism) nu chauvinistic. Urang sebut baé chauvinismeu linguistik, nyaéta sikep atawa pemadegan nu nganggap yén basa urang mah alus, basa batur mah goréng; basa urang mah beunghar, basa batur mah keri; ku kituna montong daék narima naon baé nu jolna tina basa deungeun.
Boa éta sikep xenophobia anu brasna ka nasionalismeu étnis nu chauvinistik téh timbul duméh urang Sunda kungsi dijajah ku bangsa deungeun, kungsi ngarasa kaéléhkeun ku batur. Kulantaran geus biasa dikekeyek batur, antukna urang sok sieun sarta ngéwa ka batur. Enya gé tina pangalaman jaga kitu kacirina urang sok ngarasa leuwih luhung ti batur, tapi dina jero-jerona mah urang téh jiga nu katarajang kasakit inferior. Mun cék urang Walanda mah meureun minderwaardigheidsgévoel.
Nya tina pamadegan modél kitu sigana anu mimbulkeun mitos-mitos ngeunaan basa (Sunda) nu orisinil, asli, atawa beresih téh. Disebut mitos téh kulantaran di sakuliah bumi mah da euwéuh atuh anu enya-enya orisinil, asli jeung beresih téh. Sagala rupa perkara anu aya di kolong langit, kaasup basa, salawasna silih pangaruhan.
Atuh pamolahan pikeun urang bisa nyingkahan kanyataan anu sakitu multikulturalna. Leuwih hadé turta leuwih réalistis mun urang tetep rancagé enggoning ngigélan sagala rupa pangaruh nu jolna ti luareun dunya kahirupan urang. Keun baé sina arasup sagala rupa pangaruh deungeun téh. Nu penting mah kumaha urang “nyudakeunnana”. Cindekna, nu baris nangtukeun gering atawa cageurna basa Sunda téh lain aya henteuna pangaruh ti basa deungeun, tapi aya henteuna kasanggupan urang pikeun milampah dialéktika jeung parobahan jaman.
Meugeuslah, tong diceungceurikan waé basa Sunda téh. Alukan mah geura “sundakeun” tah sagala rupa nu arasup ka urang téh, turta sagala rupa nu nyunda sina ngulampreng ka jauhna sangkan bisa katuturkeun ku batur.***
Tags: Basa Sunda, Sastra Sunda