Méh kabéh imah di lembur kuring panggung. Aya kétang hiji nu gedong téh, imah Aki Sarmita. Da puguh lega kebon lega sawah. Ceuk béja, sakali panén paré téh tara béak sapuluh usum. Ngan ambuing… meditna kabina-bina. Sigana éta palakiahna pangna jadi beunghar gé. Ceuk béja, daharna ukur karo uyah téh lain bobohongan. Padahal lain teu kabedag meuli deungeun kéjo; hayam riab, domba rapang, sapi pagalituk. Kebon kopina leuwih ti sahéktar. Ngan nya éta, boga sipat lebar téa. Paralun ka Aki Sarmita almarhum, simkuring ngupat sinuat, bongan salira maké cicing di ieu lembur, jadi wéh kasabit-sabit.

Ku lantaran kabéh imah téh panggung, nya tangtu aya kolongna. Méméh sakola kuring gé, basa ngokojoan gerakan “operasi kolong” téh. Di antara papada babaturan ulin, najan henteu dijieun gegedug, tapi kuring nu sok dipénta pamanggih téh (ehem!). Dina perkara naon baé; nyieun padati (rorodaan), ngala upih (palapah jambé), atawa nyieun sasaungan dina tangkal kopi. Hiji mangsa, pareng kuring dikumahaan ku babaturan. Ceuk Si Dani (ayeuna mah Si Éta téh cicing di Dago, geus boga anak pamajikan), kumaha carana sangkan urang bisa jajan ka warung.

“Nya kudu maké duit atuh!” kitu kira-kira ceuk kuring téh. Tah, ngadéngé kecap duit mah, kabéh gé ngahuleng. Atuda tara aya nu dibéré duit ku kolot. Sarwa werit harita mah. Da éta wé, lamun aya tukang dagang tanggung anu nyadiakeun pangabutuh sapopoé (minyak, uyah, jsb) meulina téh lain ku duit, tapi ku béas atawa ku jagong. Lumbrah saréréa gé kitu, kaasup kolot kuring.

difoto-di-sawah-barudak.jpg

Tah ieu fotona. Ngahaja teu dialus-alus, diskén saayana. Kuring maké baju beureum-bodas.

Nya kuring nu harita boga idé téh. Kabeneran, kamarina dititah nyokot duit 25 pérak ku Emih (istilah keur indung kuring). Cenah duit téh murag ka kolong. Hartina, meureun batur gé sok aya nu murag duit ka kolong. Leuwih écésna, naon héséna lamun néangan duit keur jajan téh ka kolong.

Kabéh gé satuju. Gerakan dimimitian. Kuring babagi tugas.

“Sakabéh kolong kudu diasruk, engké kumpul di tempat biasa!” ceuk kuring. Bring atuh papada usaha. Heuleut sajam geus ngumpul di kebon kopi, di béském minangkana mah. Katémbong siga nu barungah. Da diitung-itung, duit téh aya lima ratus pérakna. Malah lain duit wungkul nu milu karingkid téh; aya nu manggih séndok, sisir serit, péso leutik, jsb.

“Nam urang jarajan. Dua ratus kudu mahi ku saréréa!” cék kuring. Puguh baé nu séjén olohok; mun kongang mah meureun hayang nanya, ri nu 300 deui rék dikamanakeun?

“Ari isuk moal hayang jajan kitu?” gancang dijawab méméh maranéhna nanya.

“Isuk mah urang néangan deui ka kolong. Uing boga akal, apan Ema uing sok neundeun duit dina kanjut kundang. Engké rék dipuragkeun ka kolong. Ku manéh cokot, Adang!” ceuk Si Cucun, bari ngarérét ka Si Adang.

“Sarua jeung maling atuh éta mah!” walon Si Adang.

Gerakan ngasruk kolong téh geus dijadwal, saminggu sakali. Tapi henteu lana, da loba nu kurang tarapti, nepi ka nu boga imah apaleun upama kolong téh sok diasruk ku barudak. Ninggang di nu taya rasrasanana, tampolana sok aya nu dibanjur. Si Dani nu kungsi rancucut téh. Tas ngasruk ti kolong Mang Uju, bijilna téh ngadadak jalibrug.

“Geuning di kolong gé aya hujan, euy!” pokna bari sarangah-séréngéh.

Umur lima taun téh geus jarambah ulin. Kitu lumbrahna di lembur mah. Ngasruk ka kebon, ngadon nguseup di walungan, atawa ngala bonténg … batur. Atuh balikna mindeng dicarékan ku kolot; pangpangna mah lamun ngadon ngojay di walungan. Kungsi kuring dikerem ku bapa di enggon, lantaran teu ngagugu panyarekna, pedah ngojay bae di walungan.***