Ku DHIPA GALUH PURBA & DEDI AHIMSA RIYADI

TEU burung anjog ka Puseur dayeuh kabupatén Kuningan, sanggeus nyorang lalampahan kurang leuwih 184 km ti Kota Bandung (ngaliwatan jalan Cikampék, Cirebon). Kuningan, hiji kota anu éndah tur resik, dipapaésan ku hiliwir angin anu nyambuang, nyegerkeun kana satungkebing rarasaan. Sapanjang sisi jalan hideung, ngajéjér pepelakan kembang. Matak béngras téténjoan, lénglang gumayang panyawang. Ngingetkeun deui kana lambaran hiji sajarah, anu marajian gumelarna ieu kota. Moal lawas tina tungtung sawangan, sabab nepi ka kiwari ogé tanggal 1 September dijadikeun hari jadi kota Kuningan. Ku sabab dina waktu éta pisan, écésna taun 1498, Pangéran Kuningan dijenengkeun pupuhu pamaréntahan, kalayan dilélér gelar ‘Pangéran Arya Adipati Kuningan’. Ari Pangéran Kuningan téh taya lian putrana Syéh Syarif Hidayatulloh (Sunan Gunung Djati) ti bojona; Ratu Ontin Nio atawa Ratu Rara Sumanding. Écésna mah gumelar ieu kota anu legana 1092 km2 téh raket pisan patula-patalina jeung sajarah Islam di Tatar Sunda. Teu pati anéh upama sabagéan masarakat Kuningan apatis kana acara Sérén Taun di Kacamatan Cigugur, lantaran aya hiji anggapan mun yén upacara Sérén Taun téh mangrupa hiji tradisi ritual keur anu ngagem kapercayaan. Antukna geus leuwih tiheula nyokot sikep apriori, kalayan milih henteu ngaluuhan acara sérén taun.

Mémang basa munggaran abad ka-20, atawa ahir abad ka-19, kungsi sumebar hiji ageman (kapercayaan) anu diluluguan ku Pangeran Madrais. Katelahna agama Sunda, kalayan teu saeutik anu milu aub nyepeng éta ajaran. Pangéran Madrais boga turunan, Pangéran Téja Buana, nu satuluyna neruskeun tapak lacak dina raraga nyebarkeun agama Sunda. Tapi dina taun 1964, Bung Karno (Présidén Indonésia ka-1) ngaluarkeun larangan pikeun ngagem agama Sunda, dumasar kana sababaraha tinimbangan. Dina kaayaan sarupa kitu, Pangéran Téja Buana teu baha. Malah Pangéran Téja téh méré kalaluasaan ka sakur anu ngagem agama Sunda, pikeun asup ka agama naon waé, anu luyu jeung kayakinan séwang-séwangan. Pangéran Téja Buana sorangan, milih asup ka agama Katolik. Atuh teu pati anéh upama sabagéan loba milu ngagem agama Katolik. Kabuktian pisan nepi ka kiwari loba Komunitas Katolik anu sumebar di wewengkon Cigugur, Ciamis, Panawangan, Cilimus, jeung sabudeureunana.

*

TEU pati gancang ngajalankeun kandaraan téh. Tapi kurang leuwih saparapat jam ogé, geus tepi ka tempat anu dituju, nyaéta Kacamatan Cigugur. Hiji wewengkon anu perenahna ditungtung Kota Kuningan, kalayan dilingkung ku Gunung Ciremai. Kaayaan taneuhna kaitung subur. Ngalantarankeun pacabakan sapopoé masarakatna, sabagéan loba ngandelkeun ngolah widang tatanén (agraris). Aya ogé sabagéan anu miara ingon-ingon, saperti sapi, babi, jsb. Écésna mah kaayaan masarakat Cigugur kaasup makmur tur raharja, teu kurang sandang, teu kurang pangan. Cara ngolah lahan tatanén atawa ngukut ingon-ingon, geus kaitung maju. Saperti aya tarékah pikeun ngembangkeun bibit-bibit unggul, atawa rojongan ngadegna hiji koperasi anu diurus kalayan daria.

Mémang upama nilik ageman agamana mah bisa disebutkeun heterogen (rupa-rupa). Aya nu ngagem agama Islam, agama Katolik, jeung kapercayaan. Kilang kitu, nurutkeun Jati Kusumah, upacara sérén taun mah lain hiji acara kaagamaan. Pangpangna mah da pamaréntah geus ngaluarkeun larangan pikeun ngagem agama Sunda. Upacara Sérén Taun mah mangrupa hiji tarékah pikeun miara tur ngamumulé adat tradisi budaya Sunda anu geus mayeng diayakeun saban taun di Cigugur, ti saprak taun 1930-an. Nepi ka kiwari, hususna kulawarga Jati Kusumah, pupuhu acara Sérén Taun, masih pageuh nyepeng tradisi warisan karuhunna, kaasup ogé anu féodal hirarki. Contona mah basa aya anu rék nyuguhan tamu, katingali mani ngéngsor bari nanggeuy baki.

Aya acara anu béda upama dibandingkeun jeung acara Sérén taun saméméhna. Sasarina mah ukur nanggap pagelaran Tari Buyung, terus ngumpulkeun hasil tatanén ti opat madhab mata angin, kalayan ditungtugan ku dahar babarengan. Tapi dina taun ayeuna mh euyeub pisan ku pagelaran tradisi ti luar Cigugur. Saperti Ronggéng Gunung (Padahérang, Ciamis), Tarawangsa (Sumedang), Angklung Baduy, Pésta Dadung, jsb. Sakur acara dina raraga ngalaksanakeun tradisi Sérén taun, dipuseurkeun di sakuliah

Paseban Cagar Budaya Cigugur. Dimimitian ti poé Kemis (22 Pébuari 2003) nepi ka puncakna dina malem Senén. Puguh baé kacida euyeubna ku pagelaran kasenian tradisional Sunda. Katara pisan ieu acara téh leuwih nonjolkeun widang perpormance (tongtonan) atawa wisata. Kawasna mah pikeun leuwih ngayakinkeun deui, mun yén acara sérén taun téh mangrupa hiji média silaturahmi masarakat Kuningan, hususna Cigugur. Malah panitia acarana ogé diwengku ku sabagéan masarakat muslim jeung katolik. Teu anéh upama ieu acara kabudayaan téh diluuhan ogé ku para pajabat pamaréntahan, saperti H. Mémét Hamdan, Kepala Disbudpar (Dinas Kebudayaan dan pariwisata) Jabar, Bupati Kabupatén Kuningan, Dirjen Pariwisata Pusat, nepi ka sesepuh ti masarakat adat Kampung Dukuh, Kampung Naga, Baduy, jrrd. Écésna mah acara sérén taun téh -sebut baé- minangka salah sahiji tina acara kabudayaan Sunda, saperti anu karampa dina dialog kabudayaan anu geus diayakeun ti mimiti taun 1999. Dina acara sérén taun ayeuna, dialog kabudayaan téh madungdengkeun perkara aksara Sunda jeung kala, atawa filsafat waktu di Sunda. Mémang teu katara ayana ritualitas, upama ditilik tina kajian antropologi agama. Teu cara -contona-di Bali. Acara ritual téh sasatna bagian anu teu bisa dipisahkeun tina kahirupan sapopoé.

Dina emprona acara, meunang pangbagéa lain lumayan ti masarakat anu minuhan lokasi Cagar Budaya Cigugur. Kolot, budak, rumaja. Awéwé, lalaki, malah anu mamaké saragam sakola ogé milu aub nyaksian méh unggal acara. Najan loba anu apatis atawa apriori, tapi tetep baé teu saeutik anu neundeun perhatian kana acara Sérén Taun. Cagar Budaya Cigugur ampir teu bisa ngawadahan sakur anu hayang nyaraksian. Pangpangna mah panitia ogé nyayagikeun sarupaning stand, anu dimangfaatkeun keur ngayakeun pameran produk hasil tatanén, kerajinan, jeung sajabana. Malah aya ogé stand husus keur urang Kanékés (Baduy) jeung Lembaga Pelestari Budaya Sunda Bandung, anu harita mamérkeun aksara sunda ti jaman ka jaman, panalungtikan kampung adat, nepi ka muter VCD ngeunaan kabudayaan Sunda. Sawatara statsion tivi swasta jeung média massa, teu tinggaleun ngaliput ieu acara. Cigugur ngadadak leuwih haneuteun batan sasarina. Merenah pisan upama Cigugur jadi salah sahiji tujuan wisata manca nagara, di sagédéngeun lokasi wisata séjénna di kota Kuningan, saperti Taman Wisata Longgajati Indah, Bangunan Sajarah Linggajati, Gedong Naskah Linggajati, Taman Wisata Linggajati Indah, Museum Linggajati, Taman Purbakala Cipari, Cibulan, Balong Keramat Darmaloka, Waduk Darma, Sangkanurip, jeung sajabana.

Puguh baé matak pogot ngalalajoan unggal pagelaran dina acara sérén taun. Ti mimiti gelar kasenian Pésta Dadung, nu lalajo mani ngagimbung. Nurutkeun mitosna, pagelaran Pésta Dadung téh diayakeun keur nyingkah-nyingkahkeun sarupaning hama dina tatanén. Malem Saptu-na anu lalajo diajakan aub dina pagelaran kasenian tradisional ti Ciamis, Ronggéng Gunung. Malem Minggu, palebah bagéan pagelaran Tarawangsa, kabeneran aya hujan rada ngagebrét. Antukna pintonan Tarawangsa anu asalna rék diayakeun di luar téh, kapaksa tempatna dipindahkeun ka Paseban. Kilang kitu, tetep baé anu lalajo teu weléh ngagimbung. Pagelaran anu dimimitian ti jam salapan peuting téh, tamat nepi ka jam tilu janari leutik. Minangka malem puncakna (malem Senén), dipintonkeun gending karesmen anu midangkeun judul ‘Layang Salaka Domas’. Isukna aya acara ‘Ngarérémokeun’, maksudna mah ngadungakeun binih anu rék dipelak. Dirérémokeun jeung diraramekeun. Ngarérémokeun jeung ngararamékeun Upacara Sérén taun di Cigugur. Enas-enasna mah taya lian ngahirupkeun tur mintonkeun rupa-rupa kabudayaan ti sababaraha daerah. Nurutkeun situs jip.com téa mah acara sérén taun Cigugur téh “The attraction are ritual ceremony with prayer in Sunda poem and the contest. This ceremony is to celebrate the circumcision of a child in Sunda way.”***

Sumber: http://galuh-purba.com/ekspresi-budaya-dina-seren-taun-cigugur/


Tags: , ,