PANGANTEUR

DRAMA Sunda “Trinil” kantos dijomantarakeun dina sawatara radio taun 1980-an. Ieu drama téh produksi Duta Daya Swara kalayan dialpukahan ku Dankos. Simkuring kénging kasétna ti Ua Sas (M.B. Sasmita), nu saterasna dialihkeun ka format MP3. Sadayana 30 bagian, durasi 20 menitan. Insya Alloh ka payunna badé sadayana dipidangkeun dina daluang. Lian ti “Trinil “, aya deui dua Drama Sunda sanésnya, nyaéta “Bulan Purnama” sareng “Mulangna Sapasang Pangantén”. Nu ieu gé saénggalna dialihkeun kana MP3.

SINOPSIS

Trinil téh mojangna nu geulis kawanti-wanti, umurna 17 taunan. Indungna, Ningrum, rada ngora kénéh nu ditinggalkeun maot ku salakina.

Trinil kapincut ku hiji lalaki, Bagus Rahmad ngaranna. Tapi duriat Trinil nogéncang, da geuning Bagus Rahmad mah kalah papacangan jeung Ningrum, indungna sorangan. Malah leuwih ti kitu, unggal peuting gé Bagus Rahmad sok nepungan Ningrum di kamarna.

Cinta segi tilu téh tungtungna mah dipungkas ku pati. Kumaha jujutan cariosna? Mangga baé urang bandungan bagian kaduana.



Tags: