Hariring Kingkin
(Naskah Drama kénging Dadan Sutisna)
SINOPSIS
KULAWARGA Isah keur meujeuhna cocoba. Udin anak Isah, diparengkeun jadi budak wangkelang. Ka sakolana ngedul, mindeng nipu ka kolot, nepi ka hiji poe disusulan ku guruna, pedah geus saminggu teu sakola (padahal ti imah mah indit). Lilis, lanceuk Udin, bet kabawa ku sakaba-kaba, lantaran salah milih babaturan, antukna teuleum di dunya poek. Mimitina sok ngasaan narkoba ti babaturanana, terus jadi deudeuieun. Pamustunganana Lilis dicerek ku pulisi.
Keur nyumponan pangabutuh sapopoe, Isah kapaksa nyieunan karajinan, jeung dagang leuleutikeun. Hasilna dipake dahar sapopoe. Da puguh salakina tukang ngadu, rajakaya teh nepi ka ledis dipake ngadu.
Hiji mangsa mah, Isah teh geus henteu kuateun nandangan eta cocoba. Der pasea jeung salakina. Saterusna milih kabur ti imah balik ka kolotna. Eukeur mah diusir ku salakina deuih.
NU MARAÉN
- ISAH, awewe umur 40 taunan.
- UDIN, budak ISAH, murid SMP
- LILIS, budak ISAH, lulusan SMU, umur 19 taunan.
- OMAD, salaki ISAH
- PA ERTE
- AHDI, tatangga ISAH.
- IROH, tatangga ISAH.
- ESIH, tatangga ISAH.
- IBU GURU
- PULISI I
- PULISI II
- PULISI III
ADEGAN HIJI
PANGGUNG NEMBONGKEUN KAAYAAN DI JERO IMAH. AYA KORSI HOE JAMAN BAHEULA SASETEL JEUNG LOMARI LEUTIK NU GEUS KULEUHEU. DINA KORSI HOE, AWEWE UMUR 40 TAUNAN KEUR DIUK BARI NGANYAM BOBOKO. SORA KACAPI SULING KAPIRENG HAWAR-HAWAR. SAJERONING DIGAWE, ETA AWEWE (ISAH) RET DEUI-RET DEUI KANA JAM DINGDING NU NAPEL DINA BILIK. GEUS AMPIR JAM GENEP BURIT.
ISAH (ngomong sorangan) :
Nya kamarana barudak teh, wayah kieu can baralik. Nyiar-nyiar pikamelangeun bae!
MEUNANG SAWATARA JONGJONGAN, ISAH DIGAWE DEUI. TEU KUNGSI LILA KADENGE SORA NU LEUMPANG. ISAH CURINGHAK. BUDAK LALAKI MAKE SARAGAM SMP (UDIN) NGALIWAT KA HAREUPEUN ISAH, TAPI TEU NGARERET-RERET ACAN, SAKITU AMPIR NGADUPAK IRUNG.
ISAH (bari muncereng) :
Cik atuh ka kolot teh, ulah nganggap tunggul!
UDIN (ngarandeg, tuluy ngalieuk ka indungna) :
Teu katembong atuda, Ma!
ISAH :
Teu katembong kumaha, sakitu indung ngajentul ti tatadi. Geura diajar sopan atuh. Matak disakolakeun oge, ngarah nyaho tatakrama. Ieu mah kumaha, jajauheun kana uluk salam, leumpang oge teu sirikna ngadupak irung (jempe heula sakeudeung). Diuk heula, Ema aya obrolkeuneun!
UDIN TULUY DIUK HAREUPEUN INDUNGNA. TAPI BANGUN TEU NGEUNAH CICING.
ISAH (semu nyungkun) :
Ari Ujang ti mana bae atuh, wayah kieu nembe mulih. Apan biasa oge, bubar sakola mah jam hiji, lin?
UDIN (ngajawabna henteu saregep) :
Biasa, Ma. Diskusi kelompok!
ISAH :
Moal enya diskusi mani saban poe. Ulah sok ngabohong ka indung mah, bisi doraka!
UDIN :
Kajeun ari teu percaya mah.
ISAH :
Tuh, da mawa karep sorangan bae maneh mah.
UDIN :
Isukan Udin butuh duit, Ma!
ISAH :
Nya, kana duit deui lumpatna teh. Meugeus ah, bosen ngadengena oge, saban usik menta duit. Ilikan atuh kaayaan kolot, sakieu teu bisa usaha teh. Bapa maneh apan kalahka beuki maceuh, ayeuna oge teuing ka mana.
UDIN :
Kudu aya isuk, Ma. Keur mayar buku. Mun henteu mawa, Udin bakal dicarekan ku guru!
ISAH :
Keun bae dicarekan oge. Ari euweuh, nya kudu kumaha deui. Guru oge ngamalum meureun. Atuda bongan sorangan, boga duit teh sok dihambur-hambur. Anggursi tabungkeun, ngarah aya sampeur-sampeureun upama pareng euweuh.
ISAH TERUS CENGKAT.
ISAH :
Tungguan heula imah, Ema rek ka masjid heula!
UDIN TEU NGAJAWAB. ISAH TERUS NGALEOS. SATINGGALKEUN INDUNGNA, UDIN MUKA KANTONG. TULUY NGALUARKEUN AMPLOP, EUSINA KERETAS JEUNG POTRET. KERETAS DIBACA.
SORA (Back Sound) AWEWE :
Kang Udin, enjing teh cios jalan-jalan teh? Ku Mella diantos di tempat biasa!
UDIN SEURI SORANGAN. POTRET DITEUTEUP, TERUS DIASUPKEUN DEUI KANA AMPLOP. LENG NGAHULENG BARI NYABAK TARANG. JALANG-JELENG SAKEUDEUNG. GEK DEUI DIUK. KEUR KITU TOROJOL INDUNGNA, MAKE MUKENA.
ISAH :
Etah, masih keneh diuk di dinya. Lain geura mandi, geura solat magrib. Ulah sok dielat-elat solat teh!
UDIN (bari ngareret ka indungna) :
Isuk teh rek dibahanan duit moal, Ma?
ISAH :
Kumaha isuk we atuh. Sugan we bapa maneh meunang duit.
UDIN NANGTUNG. TERUS NGALEOS BARI HEHEOTAN. ISAH TIBANG GOGODEG. TERUS DIGAWE DEUI. TAPI KAKARA OGE DICABAK, GEUS NGAGEROAN DEUI ANAKNA.
ISAH :
Udiiin, Udiiiin!
KURUNYUNG UDIN SEMU NU KEUHEUL.
UDIN :
Aya naon deui atuh, Ma. Ongkoh tadi teh dititah mandi?
ISAH :
Ari lanceuk maneh kamana, piraku geus ampir poek can balik keneh. Ti isuk-isuk da inditna teh. Mangkaning pangawakan awewe, nyiar-nyiar bae pikamelangeun.
UDIN :
Teuing atuh, da henteu nguruskeun!
ISAH :
Ih, lain kalahka hare-hare. Engke mah mun geus mandi jeung dahar teangan, geura balik ceuk Ema kituh!
UDIN :
Teangan kamana, da Udin mah teu apal di mana ulinna.
ISAH :
Di babaturanana sugan.
UDIN :
Embung ah neanganana oge. Rek ngapalkeun Udin mah!
UDIN NGALEOS DEUI. BARENG JEUNG KITU, KURUNYUNG OMAD, NYOLENDANGKEUN SARUNG. ISAH NGALIEUK, TERUS MURELENG.
ISAH :
Ti mana bae ari Akang, wayah kieu mani karek ngurunyung. Geus dua poe lin, henteu balik ka imah teh?
OMAD (malik muncereng) :
Etah-etah, ka salaki teh kawas rek ngerekeb. Cik atuh batur cape keneh teh, ulah waka disampakeun pipaseaeun.
ISAH :
Atuda enya, Akang mah mani euweuh tanggung jawab pisan. Di imah teh geus teu boga nanaon, Kang. Cacakan lamun kuring henteu usaha mah, teuing ti mana keur dahar oge!
OMAD :
Alah, ulah ngaleuleungit kana hasil kesang salaki. Kieu-kieu oge Akang teh bisa keneh usaha. Bisa keneh maraban anak pamajikan.
ISAH :
Enya, tapi kudu mayeng, Kang, ulah kalan-kalan. Ka budak oge Akang mah mani hare-hare, kawas nu ngantep karepna.
OMAD :
His, ari ngurus budak mah tanggung jawab awewe, Akang mah moal pipilueun.
ISAH :
Ku kuring sorangan mah pamohalan kaurus, Kang. Budak teh apan dua ….
OMAD :
Enya, apal Akang oge!
ISAH :
Lain ukur apal, tapi kudu nalingakeun ongkoh. Tuh Si Lilis, ayeuna teuing kamana. Peuting mangkukna mah henteu balik, teu sare di mana. Ditanya kalahka baluar-balieur. Melang Kang, mangkaning budak awewe, bisi kumaha onam, bisi kabawa ku sakaba-kaba!
OMAD :
Enggeus ah, ngajak wae ngawangkong, Akang mah cape. Hayang sare!
OMAD TERUS NGALEOS. ISAH TIBANG OLOHOK BARI GOGODEG. MANEHNA OGE MILU NGALEOS.
ADEGAN DUA
ISUK-ISUK. LILIS KAKARA DATANG, BANGUN ANU LUNGSE. BUUKNA KUSUT. BARANG DATANG, GEK DIUK DINA KORSI. TERUS NGAHULENG BARI NANGGEUY GADO. KEUR KITU TOROJOL UDIN, SAGED REK INDIT SAKOLA.
UDIN :
Tah geuning Si Teteh. Menta duit, Teh! (bari namprak)
LILIS :
Naon ieu teh, ujug-ujug menta duit.
UDIN :
Enya, keur mayar buku. Si Ema teu bogaeun.
ELEH DEET, LILIS NGODOK SAKU, MIKEUN DUIT.
LILIS :
Tong dihambur-hambur.
UDIN :
Asyik. Nuhun Teh. Aeh, Si Ema neneangan. (ngagorowok) Maaa, ieu Teh Lilis balik!
UDIN MAH TERUS NGAGEDIG INDIT. KURUNYUNG ISAH TI DAPUR. BARANG NENJO LILIS, TERUS KERUNG BARI OLOHOK.
ISAH :
Aeh-aeh, naha wayah kieu mani kakara balik. Mondok deui di mana?
LILIS:
Di rerencangan, Ma.
ISAH :
Kudu bebeja heula ari rek indit-inditan teh. Ulah nyiar-nyiar pikamelangeun kolot. Ku naon eta panon mani celong, kawas kurang sare?
LILIS HENTEU NGAJAWAB, KALAHKA TUNGKUL.
ISAH :
Ti mana bae atuh Nyai teh?
LILIS :
Tas milarian pidamelaeun, Ma!
ISAH :
Na make neangan pigaweeun, di imah oge moal kurang gawe mah.
LILIS :
Hoyong ngabantu Ema tadina mah.
ISAH :
Pek bae rek neangan gawe mah. Ema moal nyarek moal nyaram. Asal anu puguh bae. Anu matak kaharti. Jeung pangpangna mah henteu matak jadi mamala. Kade weh sing bisa ngajaga awak, da hidep mah awewe. Heureut lengkah awewe mah!
LILIS ANGGER TUNGKUL.
ISAH :
Jung we ayeuna mah geura ka cai. Tungguan imah, nya. Ema rek ngider heula!
LILIS :
Ngider kamana, Ma
ISAH :
Enya, nawarkeun dagangan, neangan keur dahar poe ieu. Bapa hidep mah kalahka geus indit deui. Biasa we meureun, ngadon ngajemprak bari ngadu. Hayu ah, Ema rek indit heula. Kade ulah kamamana!
ISAH NGALEOS BARI NGAJINGJING GEMBOLAN.
ADEGAN III
NYARITAKEUN IROH JEUNG ESIH NU KEUR NGAROMONGKEUN ISAH. DUANANA MAKE SAMPING JANGKING, DIKABAYA, DITIUNG KU KAREMBONG, BARI NGELEK BOBOKO. NGOBROLNA DI JALAN PASAMPANGAN, BALIK TI CAI.
ESIH :
Iroh, kamana salaki maneh?
IROH :
Nya aya we di imah, henteu dikukumaha.
ESIH :
Kade ah, bisi kabawakeun ku Kang Somad.
IROH :
Kang Somad mana?
ESIH :
Enya, salaki Ceu Isah. Apan resep ngadu. Tuh rajakayana nepi ka ludes. Karunya we ka Ceu Isah, keur nyakolakeun budak oge usaha sorangan.
IROH :
Ah, lamun salaki kuring kitu mah, rek dijiwir we ceulina. Sumpahna oge moal daek diajak sare!
ESIH :
Untung we nya salaki urang mah bageur. Cacakan lamun kawas salaki Ceu Isah, meureun budak katambelarkeun, moal aya nu nalingakeun.
IROH :
Enya, da budak Ceu Isah oge bejana mah baraong. Si Udin, anu sakola di SMP tea, mindeng teu asup sakola. Pagaweanana ukur bobogohan, ngahambur-hambur duit kolot. Ku guruna mindeng dicarekan. Ceuk anak kuring kitu oge, da puguh batur sakelasna.
ESIH (bari luak-lieuk heula) :
Si Lilis deuih, budak Ceu Isah nu awewe.
IROH :
Ari kitu kumaha?
ESIH :
Enya, apan ceuk beja mah sok dibabawa ku lalaki. Malah cenah kungsi aya nu meregokeun, keur marabok di garduh.
IROH :
Ah nu bener, piraku aya awewe mabok?
ESIH :
Hih, da jaman ayeuna mah jaman edan atuh. Teu awewe teu lalaki. Karunya ku awakna we.
IROH :
Amit-amit, ulah saturut-turutna.
KEUR KITU DATANG ISAH NAWARKEUN DAGANGAN. ESIH JEUNG IROH JEMPE. TERUS API-API NEMPOAN DAGANGAN. TAPI ARI MEULI MAH HENTEU. ISAH INDIT DEUI.
ESIH :
Nya, nepi ka kituna nasib teh.
IROH :
Enya, karunya teuing.
ESIH :
Hayu ah urang balik. Rek moekeun seuseuh kuring mah!
DUANANA TERUS NGALALEOS.
ADEGAN OPAT
DI IMAH ISAH WANCI ISUK-ISUK. ISAH KEUR ANTENG SASAPU, BARI NGELAPAN KORSI KAPIRENG DEUI. KEUR KITU AYA NU ULUK SALAM.
IBU GURU :
Assalamu’alaikum.
ISAH (bari api-api mukakeun panto) :
Wa alaikum salam. Aeh geuning Ibu Guru, mangga ka lebet!
IBU GURU :
Hatur nuhun.
IBU GURU TERUS CALIK.
ISAH (siga nu reuwas):
Bade enggal ditaros we. Mani asa rareuwas atuda, tatara ti sasari Ibu Guru kersa linggih ka saung butut. Aya nu penting panginten?
IBU GURU :
Ah, henteu kedah reuwas. Mung aya nu bade ditaroskeun wungkul!
ISAH :
Perkawis naon Ibu?
IBU GURU :
Perkawis tuang putra. Sumuhun Udin, parantos saminggu teu lebet sakola. Dibujeng ka dieu teh bilih udur. Hawatos, mangkaning sakedap deui bade ujian!
ISAH (kerung) :
Baruk? Naha da ti rorompok mah sok mios bae.
IBU GURU :
Anu mawi, ka sakola mah tara aya. Tos saminggu absen!
ISAH (bari kekerot) :
Na budak teh, ngawiwirang pisan kolot. Keun Ibu, urang warah engke mah.
IBU GURU :
Sumuhun kedah ditalingakeun tuang putra teh. Di sakola oge sering nyieun masalah. Abdi minangka wali kelasna, tangtosna oge kedah ngiring tanggel waler. Da eta teh anak didik abdi!
ISAH :
Hatur nuhun parantos diwartosan. Ari manawi teh bageur we, da ti rorompok mah sok mios bae.
IBU GURU :
Sumuhun, da moal lami abdi mah. Punten we, parantos ngaganggu!
ISAH :
Ah, henteu, Ibu. Naha atuh enggal-enggalan teuing. Mani teu acan disuguhan cai-cai acan.
IBU GURU :
Sawios Ibu, da abdi mah kedah enggal ka sakola ieu teh. Mangga, assalamu’alaikum.
ISAH :
Wa’alaikum salam.
SAJUNGNA IBU GURU, ISAH TERUS NGAHULENG. GEK DIUK BANGUN ANU CAPE NAKER. TAPI HENTEU KUNGSI LILA, GEUS AYA NU KEKERTOK DEUI.
ISAH (ngomong sorangan) :
Hih, mani henteu kaur reureuh ieu teh.
TULUY MUKAKEUN PANTO. PULISI TILUAN ARASUP. ISAH OLOHOK. TERUS NGAJAK SASALAMAN.
ISAH (semu ngadegdeg) :
Aeh, geuning Pa Pulisi. Mani asa rareuwas ieu teh!
PULISI I :
Leres ieu teh bumina Lilis?
ISAH :
Sumuhun, pun anak eta teh. Aya naon Pa Pulisi, bet naroskeun pun anak?
PULISI I TEU NGAJAWAB, KALANGKA NGARERET KA BATURNA. SONG NU HIJI MIKEUN KERETAS KA ISAH. KU ISAH DITAMPANAN, TERUS DIBACA. BERES MACA, ISAH NYANGSAYA KANA KORSI, BANGUN TAYA TANGAN PANGAWASA.
ISAH (semu dareuda) :
Leres ieu teh Pa Pulisi?
PULISI II :
Leres. Lilis teh paranton kalibet kana transaksi narkoba. Dinten kamari rerencanganana mah parantos kacerek.
ISAH (rek ceurik) :
Lepat panginten Pa Pulisi, da pun anak mah bageur. Piraku Si Lilis tega ngawiwirang kolot?
PULISI III :
Simkuring parantos gaduh bukti sareng saksina. Lilis teh sababaraha kali ngayakeun pesta sareng rerencanganana.
ISAH HENTEU NGAJAWAB. KALAHKA MELONG BANGUN CANGCAYA KENEH. TERUS NYUUH BARI CEURIK. KEUR KITU TOROJOL LILIS. BANGUN REUWAS BASA NANGENAN AYA PULISI TEH. TAPI TEU BISA KUMAHA. LILIS TERUS DIBOROGOD, DIGIRINGKEUN KA KANTOR PULISI. ISAH CEURIK NYEGRUK BARI NUTUPAN BEUNGEUT.
PULISI I :
Ibu Isah, Lilis bade dicandak heula ka kantor pulisi!
ISAH TEU NGAJAWAB. CEURIKNA BEUKI TARIK. PULISI TERUS ARINDIT.
KEUR KITU TOROJOL PA ERTE JEUNG AHDI. ISAH TERUS DIUPAHAN (HENTEU MAKE DIALOG, KU PEPETA). TAPI PA ERTE HENTEU LILA.
PA ERTE :
Sing sabar we Nyi Isah narima ieu cocoba. Gusti Alloh mah nyaaheun pisan ka jelema nu sabar teh.
AHDI :
Enya Ceu Isah. Mun aya nanaon mah, geroan we Ahdi!
GEUS KITU DUANANA NGALALEOS.
SAKEDAPAN TI HARITA, TOROJOL OMAD. LEUMPANGNA DADALIGDEUGAN. MAKE KOLOR, DIKUNGKUYUNG SARUNG. ISAH NGALIEUK, TERUS MUNCERENG.
ISAH :
Tah geuning, mangkeluk teh karek ngurunyung. Ka mana wae atuh, batur manggih kabingung teh?
OMAD :
Gandeng ah, aing eleh ngadu yeuh!
ISAH :
Tuh, da ukur ngadu. Ieuh, Akang, Si Nyai ditewak pulisi?
OMAD :
Keun bae, engke oge balik deui!
ISAH :
Na mani euweuh kamelang ka anak teh. Kumaha lamun Si Nyai dihukum?
OMAD HENTEU NGAJAWAB.
ISAH :
Ari Akang teu nyaah ka anak?
OMAD :
Na awewe teh, mani cerewed-cerewed teuing. Aing teh cape deuleu!
ISAH :
Dasar lalaki nurustunjung!
OMAD :
Aeh-aeh, na sia teh bet ngajak bae pasea. Geus tujuh kali boga pamajikan kakara ayeuna manggih awewe cerewed. Mun jempe atuh!
ISAH :
Akang mah euweuh pisan tanggung jawab!
OMAD :
Gandeng siah, ngeceblek bae. Aing keur pararusing teh!
ISAH :
Akang mah mawa karep sorangan!
OMAD :
Na mani teu beunang pisan disabaran. Jor balik ka dituh, jeung ngagandengkeun mah. Diserahkeun ayeuna keneh oge. Jangar aing mah!
ISAH TERUS CEURIK. GANCANG BEBERENGKES BAJU DIGEMBOL. OMAD NGAJENGKAT INDIT. ISAH LEUMPANG RUMANGGIEUNG BARI NGELEK GEMBOLAN. DIPIRIG LAGU CIANJURAN.
R E N G S E
Tags: Download Naskah Drama Sunda, Drama Sunda, Pangajaran Drama Sunda





Supardi
Lah mani gantung areuyeun ,kacida saena tiasa kanggo picontoeun kanggo barudak urang ayeuna da memang kitu tos seueur anu ngalaman sapertos kieu teh utamina anu kolot2na rumah tanggana teu harmonis ,aya paripaos uyah mah tara tees kaluhur.
Kang kapayun mah upami tiasa per episodena teh ulah pondok teuing tambihan deui janten teu aya kesan dikejar tayang……………….diantos pisan karya anu sanesna diantos…..!
Chotibm
Alhamdulillaah sim kuring ngiring bingah tur reugreug deui ayeuna mah, tiasa diguar deui ayeuna mah Basa Sunda teh….ngarojong Kang kalih diantos pisan carita-carita anu sanes na. Wilujeng !
ibun lungsur
Hatur nuhun kang, tos lami teu mendakan deui drama sunda teh,ayeuna aya di dieu… lah mani waas… namung aya pamundut ..upami tiasa mah “happy Ending” , da kitu geuning seuseueurna mah dina novel,cerpen atanapi cerbung teh “sad end” wae, sok asa kukurayeun, hariwang….
Mulya
Sanes picontoeun kang supardi nu kitu mah, punten…
nanging piunteungeun…
sanes kitu kang dadan ?
Sim kuring salut ka wargi2 nu keresa ngamumule budaya sunda…
Mulya
Sanes picontoeun kang supardi nu kitu mah, punten…
nanging pieunteungeun…
sanes kitu kang dadan ?
Sim kuring salut ka wargi2 nu keresa ngamumule budaya sunda…