Tah, ieu sambungan tina Dongéng Si Uya jeung Si Onyét: Sasab ka Kota
Urang teruskeun, nya, dongéng téh.Sajeroning dina beus, Si Uya jeung Si Onyét hookeun. Kakara meureun umur-umuran nénjo kota. Gedong jangkung patingjungkiring di sisi jalan. Lampu-lampu tingbaranyay warna-warni. Cacakan peuting mah, mani ramé pisan.
Nu tumpak beus narungtutan turun. Tungtungna mah tinggal opatan: Mang Mencek, Si Uya, Si Onyét jeung Pa Maung, nu keur nyupiran téa. Pa Maung maké baju loréng, kumis jeung godégna diingu, atuh beuki pikasieuneun wé.
“Rék naraon cenah mangkeluk téh, Encek?” cék Pa Maung, sorana mani ngagerem. Panonna mah anteng neuteup ka jalan.
“Harayang ulin wé meureun, Pa,” omong Mang Mencek. Terus ngarérét ka nu duaan, “Mondok di imah Emang wé, nya!”
Nu duaan tibang unggeuk, teu wani ngomong awahing ku hélok.
Lebah parapatan, nu tiluan tarurun. Ari Pa Maung mah terus ngadius, cenah rék ngampihkeun beus ka imah dununganana.
Nu tiluan terus laleumpang ka kidulkeun. Ngaliwat ka alun-alun, terus méngkol ka jalan leutik, anjog wéh ka imah Mang Mencek.
“Uing mah asa ngimpi ieu téh, Mang!” cék Si Onyét bari gagaro. “Asa loba nu aranéh di dieu mah!”
“Engké ngadongéngna mah. Urang reureuh heula, capé meureun tas nyorang lalampahan jauh. Keun Embina sina kaprak-keprek,” cék Mang Mencek bari terus ngajak asup.
“Dagoan di dieu!”
Nu duaan diperenahkeun di rohang tamu, dariuk dina korsi empuk. Si Onyét nepi ka lalagedayan atuh, kakara umur-umur diuk dina korsi, da biasana ogé dina batu sisi walungan.
“Cik atuh euy, ulah ngeunah sorangan waé!” Si Uya muncereng. Da puguh manéhna mah henteu bisaeun naék kana korsi, ngadangong wé dina ubin.
“Aéh, Uya hayang ngasaan diuk?” pokna, bari regeyeng mangku sobatna, sina diuk dina korsi nu hiji deui.
Keur kitu Mang Mencek jeung Bi Mencek norojol, dituturkeun ku budakna. Sung-song sasalaman. Silih tanya kumaha damang. Geus kitu bar ngampar samak di patengahan. Dahareun geus sadia. Terus baé patingcaleuhak. Rérés dalahar, diteruskeun kana ngawangkong.
“Kumaha lalakonna Mang, sasatoan bet parindah ka dieu. Naha uing teu diajak?” Si Uya nu pangheulana nanya téh. Si Onyét mah runyah-renyoh kénéh, leungeunna ranggém ku cau muli.
“Euh, kieu. Baheula, teuing sabaraha puluh taun ka tukang, sasatoan di leuweung kungsi gempungan, dipingpin ku Pa Maung. Lantaran leuweung dibukbak ku manusa, nya terus barempug, kumaha lamun pindah. Geus cindek mah, bring baé ngalalana. Ari Uya jeung Onyét, teuing keur ka marana harita téh.”
“Sigana mah keur maling cabé patani!” Si Onyét némpas bari ngosom.
“Enya, meureun. Meunang sababaraha poé mah terus baé leumpang. Malah nepi ka saminggu asana. Na atuh… ari bras téh ka Nagara Héwan.”
“Nagara Héwan? Di mana éta téh?”
“Di dieu pisan. Emang gé kakara nyaho, horéng ti baheula kénéh geus aya nagara sasatoan nu leuwih maju. Pangeusina palalinter, da puguh sarakola. Réa barang-barang anéh deuih; ti mimiti mobil, hélikopter, télépon, molsat, malah komputer gé aya.”
“Heup, heup!” cék Si Onyét. “Uing mah teu nyaho nu kararitu, Mang. Naon bédana jeung walungan, tatangkalan, leuwi, atawa…”
“Engké gé bakal nyaho. Regepkeun heula taktagé. Di dieu mah mun rék indit-inditan téh teu kudu leumpang, da aya tutumpakan saperti angkot, beus, béca, atawa ojég. Mun perelu ka babaturan, teu kudu ngingkig da geus aya télépon. Mun rék balanja, indit wé ka molsat, tempat balanja nu sagala aya. Ari komputer mah Emang gé teu nyaho, ukur sadéngé-déngéna. Si Sujang mah kétang, enya budak Emang, bisaeun maké komputer téh da diajar di sakolana. Tah, ku lantaran ngarasa betah, tungtungna mah nu ti leuweung téh caricing di dieu.”
Si Uya unggut-unggutan. Teuing ngarti henteuna mah.
“Uya, urang gé cicing di dieu wé atuh!”
“Pék baé ari sakirana baretah mah,” Mang Mencek nu ngawalon téh. “Di Nagara Héwan téa, tadi gé disebutkeun, pangeusina geus palinter. Ieu nagara dipingpin ku presidén katut menteri-menteri. Tah, éta mah, ti golongan sasatoan nu ngawasa di leuweung saperti maung jeung singa. Terus aya deui pulisi, ti golongan gajah. Aya deui bangsaning guru, supir, tukang dagang, ah, riweuh mun disebutan kabéh mah.”
“Enya, enya. Tah, ari ti bangsa monyét bisa henteu mun jadi presidén? Da ari ti bangsa kuya mah, geus puguh moal bisa,” cék Si Onyet. Si Uya mani mureleng.
“Ayeuna mah geus euweuh aturan gedé leutikna awak. Saha anu pinter jeung mampuh tur kapilih ku rahayat, éta nu bakal mingpin nagara. Sireum gé teu pamohalan…”
“Wah, Emang mah, heureuy téh sok kaleuleuwihi…” Si Onyét mani ngehkey. “Moal enya sireum bisa mingpin nagara. Ari henteu ngabelélkeun panon mah, apan awakna gé biheung kaciri.”
Mang Mencek mah haré-haré.
“Tah, ari urang mah, kasebutna rahayat. Hésé hayang bisa tepung jeung menteri téh, komo jeung presidén. Rahayat di ieu nagara, dibagi jadi sababaraha kota; aya Kota Mencek, Kota Hayam, Kota Monyét, cindekna mah sakabéh sasatoan boga kota séwang-séwangan. Di unggal kota aya nu mingpinna, nu disebut walikota. Tah kitu, Uya, Onyét!”
“Beu, éstuning matak hémeng…” Si Uya gogodeg. “Ari Kota Kuya di beulah mana?”
“Tah, ari sasatoan nu bisa hirup di cai mah, saperti lauk, buhaya, kuya jeung sabangsana, cicingna téh di béh sisi, rada jauh ti dieu mah.”
“Puas siah, cicing di sisi!” Si Onyét ngancunan. “Kota Monyét di mana, Mang?”
“Leuwih sisi, da apan monyét mah resep tataékan, kudu aya tatangkalan.”
“Tuh, pan?” Si Uya mani asa meunang. “Ké, Mang, apan maung téh sok jadi menteri, geuning tadi mah nyupiran beus?”
“Henteu kabéh sato bisa jadi nu kawasa. Di kota mah, aya nu beunghar, aya nu malarat. Kumaha milikna baé. Emang gé apan ukur jadi kenék. Tapi aya deui bangsa Emang nu jadi walikota.”
“Enya, Onyét, kumaha milik geuning. Sugan wé uing gé jadi pamingpin di Kota Kuya!”
“Nya sing baretah wé di dieu. Saheulanan mah bisa cicing di imah Emang,” cék Mang Mencek bari ngadeukeutan méja, nyetél télévisi. Nu duaan puguh baé beuki hélok.
“Geus naon deui waé?” Si Onyét kerung.
“Télévisi. Teu perelu réa tatanya, engké gé ku Emang diterangkeun sakur nu aya di kota mah. Engké hidep duaan kudu diajar maca jeung nulis, ngarah palinter.”
Sajongjongan mah jempling. Mang Mencek anteng ngabandungan berita.
“Beu, geus aya deui nu leungit. Beuki kacow ieu mah…”
“Naon téa, Mang?” Si Uya tanggah.
“Puguh keur harénghéng nagara téh. Ti bulan kamari, réa budak sakola nu leungit, aya nu ngiwat. Can kapaluruh saha ulon-ulonna, naon deuih maksudna.”
“Har, geuning réa kajadian di kota mah, ” Si Uya olohok.
“Bisi capé mah ngaraso heula wé. Tuh, di kamar nu itu!” cék Mang Mencek.
Tayohna mah enya carapé, teu kudu dititah dua kali, duanana muru ka kamar. Si Onyét terus ngajleng kana pangsaréan.
“Hipu euy!” pokna, maké jeung jujungkiran sagala rupa. “Ieu mah teu béda ti pajuaran déwa.”
Si Uya tanggah, da puguh manéhna mah teu bisaeun naék.
“Uing hanjatkeun atuh!”
“Aéh, poho. Yap sobat, urang ngimpi di dieu!” regeyeng Si Uya dipangku. Golédag wéh geus kitu mah, mani dugsek.
Kira wanci janari, Si Uya ngulisik. Di luar mani gandéng. Malah kadéngé aya nu ceurik. Si Onyét diguguyah.
“Hudang euy!”
Si Onyét ngoréjat bari gigisik. “Ambuing, na ngimpi téh mani asa enya. Ngimpi dibeulitan oray di pajuaran déwa. Uing tulung-tulungan, reuwas kabina-bina.”
“Meugeus montong ngalindur waé. Tah déngékeun di luar!”
Si Onyét mani déngdék-déngdék awahing ku hayang écés.*** (Dadan Sutisna)
Aya kénéh sambunganana, antosan wé nya…
Tags: Anak, Cerita, Dongeng, Kuya, Monyet