Diajar Owah

Isuk-isuk. Keur ngahuleng Mang Waru téh. Kadéngé aya nu ngagorowok tarik naker. Mani asa nongtoréng pisan.

“Tuluuung!” cenah.

“Tah, aya nu ménta tulung! Salaku manusa, aing kudu nulungan nu butuh pitulung!” pokna. Gidig ka pipir imah, da dédéngéan téh datangna sora ti lebah dinya. Euweuh sasaha.

“Tuluuung!” geus kadéngé deui.

Gidik ka buruan, ka lebah dapuran cau. Euweuh.

“Nya di mana mangkeluk téh, ongkoh ménta tulung! Tapi euweuh!” pokna, kutuk gendeng. Huleng deui wéh. Mikiran nu ménta tulung. Mikiran deui pamajikanana nu balik ka kolotna. Mikiran kasusah hirup. Mikiran hahargaan.

Méméh magrib, Mang Waru ngoréjat siga nu manggih kareuwas.

“Aéh-aéh, apan nu gogorowokan ménta tulung téh aing sorangan!” cenah bari nepakan tarang.


Nguseup

Unggal poe, pagawean Mang Onib teh ukur nguseup di walungan. Eupanna ku roti jeung beuleum sampeu. Ngan nya kitu, balikna sok lengoh bae, can kungsi mawa lauk.

Panasaran, hiji poe mah ku pamajikanana diintip. Katembong salakina keur cindekul dina batu. Ragamang kana eupan. Pelenyun udud. Kitu jeung kitu we, nyokotan eupan teh ampir unggal usik. Jeujeur mah diantep.

Sanggeus beak eupan, kakara Mang Onib nguniang.

“Paingan atuh datang ka imah tara hayang dahar, da unggal poe ngadahar eupan!” pamajikanana ngagerendeng.


Salah SangkaCeuk haté hiji lalaki nu maké topi beureum, “Na éta awéwé me­long baé ka aing, sugan bogoheun, ah rék di tanya.”

Lalaki : “Naaa, Nyai téh ningali baé ka Eng­­kang sapertos nu asa-asa?’

Awéwé : “Sumuhun abdi téh asa-asa, boa-boa di dinya téh nu nyopét lokét salaki abdi téa, apal kana topina!”


NurutanBapana: “Angger silaing mah, teu nempo awéwé ngaliwat, komo bari rada pantes, éta panon mani melong teu ngiceup-ngiceup. Terus éta awéwé ditingalikeun nepi ka les teu katémbong… Cik atuh ulah ngérakeun kolot, éta kanyahoan ku batur mah!”

Anakna: “Har… apan kuring mah nurutan Bapa, geuning Bapa gé pan sok kitu!”

Bapana: “Teu déwék mah, teu rumasa…”, (Bari ngaléos) “Da déwék mah lain saukur dipelongkeun, tapi sok terus dituturkeun!”


Bingung“Ku naon Jang, ngahuleng baé?”

“Bingung puguh, Mang!”

“Lah, ngéwa budak-budak geus diajar bingung. Keun wé najan keur usum susah gé, sing sabar urang mah. Ari kitu bingung ku naon?”

“Kahiji, kuring bingung kumaha ngabalanjakeun duit. Éta mah, di imah aya duit dua karung, mending dikumahakeun nya? Dibeulikeun kana naon?”

“Lah, ari Ujang, nya sukur wé hartina réa rejeki. Sok wé meuli naon nu dipikahayang ku Ujang.”

“Nya éta Mang, bingung kuring téh. Nu kadua, kumaha carana sangkan kuring bisa meunangkeun duit dua karung, da ayeuna mah karungna kosong kénéh.”


Tags: ,