TINA déhémna gé geus kanyahoan yén nu rék jadi hotib téh Kang Asép (Drs. Asép Salahudin, M.Ag). Sok mindeng tepung jeung éta ajengan téh, urang Garut, sok tulas-tulis, jeung mindeng nganjang ka kantor deuih. Anjeunna rutin, najan teu unggal juma’ahan, sok jadi hotib di Masjid Al-Ikhlas, di Jalan Gitar, Turangga, Bandung. Poé Juma’ah ieu nya anjeunna pisan nu ngahotibanana téh.

Biasa wé, ku lantaran di jero mah heurin, nu Juma’ahan réréana mah ngampar di buruan, handapeun tangkal palem nu ieuh linduh.

Nu ditepikeun ku Kang Asép dina hutbah téh sabudereun Isro Mi’raj, patali jeung datangna bulan Rajab, nyaéta lalampahanana Kangjeng Nabi Muhammad SAW ti Masjidil Harom ka Masjidil Aqso, diteruskeun kana lalampahan ka Sidratul Muntaha. Tina éta kajadian, Kangjeng Nabi nyandak oléh-oléh solat lima waktu nu dilakonan ku sakumna umat Islam tug nepi ka kiwari.

Kang Asép dina hutbahna negeskeun yén solat téh salah sahiji konci ibadah. Dina hadis disebutkeun solat téh tihangna agama. Dina Al-Qur’an disebut yén solat téh nyegah pagawéan nu “keji dan munkar”. Ti dinya, réa nu sok kerung, naha cenah ongkoh mayoritas urang Indonésia téh muslim bari sok sarolat, tapi ahlak jeung moral kalah nyirorot. Buktina cenah réa kénéh nu sok korupsi, nu kaniaya ka sasama, atawa nu makmak-mekmek asal seubeuh sorangan.

Cenah éta téh, ceuk ajengan, alatan réa nu sok solat tapi teu bisa ngadegkeun solat, teu bisa mawa hartining solat kana laku-lampah sapopoé. Ceuk Ajengan Godjali suargi mah, réa jalma nu henteu bisa neundeun iman dina haté. Iman datangna ukur keur waktu ibadah, geus léos ka mana mah, teu dibabawa.

Réa nu sok solat. Tapi réa deuih nu bisa ngadegkeun solat. Cék cohagna mah ukur formalitas, ukur rutinitas sapopoé nu sok diécagkeun. Geus bérés awéh salam diécagkeun. Datang ka kantor atawa ka tempat gawé… nya saur Ajengan Godjali téa, teu mawa iman.

Mugi-mugi urang mah teu kalebet kana golongan éta. Sabab teu aya nu terang saha saleresna nu baris ditampi solatna téh.***


Tags: ,