Kategori: Urang Sunda | Dimuat pada: 02-04-2008 06:02:14 | 4 Komentar »
TEU cara baréto populérna dongéng Sunda dina radio. Réa sababna mah, antarana balukar tina akultursi budaya. Alatan meuweuhna budaya deungeun ka urang, antukna geus asa jadi banda urang. Ari nu sorangan kaluli-luli.
Tapi ari budaya lisan mah geus aya ti biharina. Kiwari gé saenyana mah aya kénéh. Najan henteu ubyag siga baheula. Baréto mah mun kolot keur ngéyong-ngéyong atawa maréndé budak téh, sok dipangdongéngkeun.