Kategori: Ukur Banyol | Dimuat pada: 01-07-2008 15:35:03 | Tanpa komentar »
Isuk-isuk. Keur ngahuleng Mang Waru téh. Kadéngé aya nu ngagorowok tarik naker. Mani asa nongtoréng pisan.
“Tuluuung!” cenah.
“Tah, aya nu ménta tulung! Salaku manusa, aing kudu nulungan nu butuh pitulung!” pokna. Gidig ka pipir imah, da dédéngéan téh datangna sora ti lebah dinya. Euweuh sasaha.
“Tuluuung!” geus kadéngé deui.
Gidik ka buruan, ka lebah dapuran cau. Euweuh.
“Nya di mana mangkeluk téh, ongkoh ménta tulung! Tapi euweuh!” pokna, kutuk gendeng. Huleng deui wéh. Mikiran nu ménta tulung. Mikiran deui pamajikanana nu balik ka kolotna. Mikiran kasusah hirup. Mikiran hahargaan.
Méméh magrib, Mang Waru ngoréjat siga nu manggih kareuwas.