------- Kontak
  • DADAN SUTISNA
    Email: dadansutisna@yahoo.com
    Web: http://daluang.com

    Yahoo Messengger Facebook Friendster Flickr Twitter
-------

Tulisan Jurnalistik

Nganjang ka Kabuyutan Ciburuy

Kategori: Tulisan Jurnalistik | Dimuat pada: 03-07-2008 16:27:19 | Tanpa komentar »

Ku Mamat Sasmita

Basa poe Saptu 3 Nop 2007, kuring ngilu ulin ka Kabuyutan Ciburuy Garut, ngilu ka rombongan ti PSS, samobil pinuh, karunya anu kuru we, kadempet. Merenyeng hayang ngilu, pedah eta loba kacaturkeun apan di Ciburuy Garut teh tempatna intelektual Sunda jaman bihari, nepi ka loba karyana dina wangun tulisan dina media daun lontar jeung nipah. Anu geus katalungtik nyaeta naskah Amanat ti Galunggung jeung Sewaka Darma. Hayang nyaho kumaha bungkeuleukanana naskah dina daun lontar di lingkungan aslina. Rombongan teh aya dalapan urang, kaasup Ceu Tien Wartini filolog ti Musium Sribaduga, malah Julian Millie ge ngilu, Julian antropolog ti Australi anu keur nalungtik perkara manakiban.

Juju Junaédi: Ngiderkeun Buku nepi ka Coplok Huntu

Kategori: Tulisan Jurnalistik | Dimuat pada: 30-06-2008 04:22:32 | 3 Komentar »

juju_junaedi.thumbnail.jpgHenteu unggal jalma boga katineung kana bacaan, komo di pilemburan mah. Tapi pikeun Juju Junaédi, urang Darangdan Purwakarta, sarupaning bacaan téh sasatna digugulung unggal poé. Di imahna ngagunduk rébuan buku jeung majalah. Lain keur koléksi sorangan, tapi bacaeun urang lembur.

Geus méh 20 taun Juju Junaédi ngokolakeun Perpustakaan Saba Desa keur wewengkon Darangdan jeung sabudeureunana. Modalna nya saayana, henteu jleg nyieun wangunan husus siga galibna perpustakaan.

Arsitéktur Sunda Aya di Baduy?

Kategori: Tulisan Jurnalistik | Dimuat pada: 23-03-2008 21:44:57 | 5 Komentar »

baduy_dalam_yus_rusamsi.jpgWELASAN taun Ir. Roza R. Mintaredja maluruh arsitéktur Sunda. Tapi sabada ider-ideran, malah nepi ka luar negeri, kapanggihna mah ti wewengkon Baduy. Nu kumaha ari arsitéktur Sunda téh?

Mapay Tapak Lacak Ma Éroh

Kategori: Tulisan Jurnalistik | Dimuat pada: 25-02-2008 16:27:00 | 2 Komentar »

Mapay Tapak Lacak Ma ErohTAUN 1988, basa Ma Éroh dilélér Kalpataru ku Kementrian Lingkungan Hidup, tatar Sunda sasatna geunjleung. Para gegedén ngaleut ka lemburna Ma Éroh di Pasirkadu, Desa Santana Mekar, Kacamatan Cisayong, Kabupaten Tasikmalaya. Papada kumecrék nyaksian kumaha bedasna éta wanoja, duméh geus hasil nyieun kamalir sangkan cai ti walungan Cilutung bisa ngocor ka lembur. Mangpaatna karasa pisan ku urang Pasirkadu mah, nepi ka sawah nu tadina ngahgar téh ngadadak ngémploh héjo.