Kategori: Sabudereun Ngarang | Dimuat pada: 25-02-2008 02:17:09 | 2 Komentar »
Kuring mah teu boga cita-cita kana ngarang. Éta gé, ari kana maca mah resep, malah beunang disebutkeun nyandu. Pangpangna bacaan basa Sunda. Kana dongéng deuih, resep pisan téh, dongéng Sunda dina radio. Da éta wé, radio nini kuring nu sorana geus ngajorosjos téh, satengah dikeukeupan. Tah, tina maca buku Sunda jeung ngadéngékeun dongéng téa, kuring bet terus hayang nyatet-nyatetkeun kecap-kecap dina basa Sunda nu henteu kaharti. Sok terus ditanyakeun ka kolot, atawa ka saha baé.




