Kategori: Buku Sunda, Sabudereun Buku | Dimuat pada: 25-02-2008 02:41:51 | 7 Komentar »
Di lembur kuring, pasisian Tanjungsari, Sumedang, masarakatna lolobana mah patani. Sakolana rata-rata ukur nepi ka SD. Henteu raresepeun maca, jajauheun kana aya usaha néangan buku Sunda mah. Dalah kolot kuring sorangan, apan tara pirajeunan ngampihan buku, da puguh sapopoéna ngurus sawah jeung kebon. Malah anéhna téh, harita mah sok rada disentak lamun nangenan kuring ngadekul maca téh.