Kategori: Peperenian | Dimuat pada: 13-05-2008 11:50:50 | Tanpa komentar »
Da nyungcung atuh kasebutna masigit mah, di mana-mana ogé. Nu matak aya babasan “ka balé nyungcung”, ngadon dirapalan. Akad nikah di imah tacan ilahar.
Inget-inget poho: Keur leutik kuring ceurik, hayang milu ka masjid. Deukeut kari meuntas alun-alun.
Indung kuring melangeun, saurna: “Bisi kasaréan.” Tapi bapa ngaheugkeun: “Hayu milu!” saurna.