Bahasa Indonesia

Novél Sunda

Minggat - Bagian 5

Kategori: Novél Sunda | Dimuat pada: 24-02-2008 12:52:11 | Tanpa komentar »

Novélét Sunda kenging Dadan Sutisna
PA Érté unggut-unggutan. Malah nepi ka gogodeg sagala rupa. Sakapeung kumecrék, selang-selang tina narik napas panjang.
“Jadi kitu lalakon hidep duaan téh?”
“Sumuhun,” ceuk Parman. Jep jempling. Hawar-hawar kadéngé sora ronda ngetrokan kohkol. Basa kuring ngarérét kana jandéla anu méléngé, kaayaan di luar éstuning poék mongkléng. Taya bulan nu […]

Minggat - Bagian 4

Kategori: Novél Sunda | Dimuat pada: 24-02-2008 12:51:11 | Tanpa komentar »

Novélét Sunda kenging Dadan Sutisna

GEUS tilu isuk, kuring kapiheulaan hudang ku Parman téh. Teuing ngider kamana poé ieu mah. Di dapur suwung, di hareup euweuh. Henteu dipikiran, meureun keur ka warung atawa nganjang ka Pa Érté.
Tapi basa geus jam salapan can balik kénéh, haté ngadadak hariwang. Jajantung ratug tutunggulan, inggis ku bisi rémpan ku sugan.
Keur […]

Minggat - Bagian 3

Kategori: Novél Sunda | Dimuat pada: 24-02-2008 12:50:36 | Tanpa komentar »

Novélét Sunda kenging Dadan Sutisna
EUWEUH nu nyarék saurang ogé, pédah kuring bobogohan jeung Parman. Sumawonna ari tatangga mah, haré-haré baé. Dalah kolot kuring sorangan, henteu kungsi ngahulag. Satujueun kawasna mah, matak kitu ogé.
Kolot Parman nya kitu kénéh, najan kuring mindeng ulin ka imahna, henteu némbongkeun budi nu goréng. Sigana mah pék téh teuing rék […]

Minggat - Bagian 2

Kategori: Novél Sunda | Dimuat pada: 24-02-2008 12:50:05 | Tanpa komentar »

Novélét Sunda kenging Dadan Sutisna
NGALAMBANGSARI. Enya, urang téh geus ngalambangsari. Parman cengkat. Risbang ngarékét. Méméh ngajéwang baju dina paku, nyelang heula ngarérét ka kuring. Henteu imut, henteu seuri. Teuing rasa naon anu aya di jero haténa. Henteu bisa ngabadé. Sasarina ogé, pasipatanana téh sok robah dadak-dadakan. Upama keur meujeuhna gumbira, bisa sakedét nétra jadi […]

Minggat - Bagian 1

Kategori: Novél Sunda | Dimuat pada: 24-02-2008 12:49:09 | Tanpa komentar »

Novélét Sunda kenging Dadan Sutisna
NYAH beunta. Geus beurang geuning. Katémbong sorot panonpoé ti sela-sela jandéla kamar. Awahing tibra saré kitu, nepi ka henteu inget kana waktu. Padahal asa henteu peuting-peuting teuing saré téh. Bada isa ogé geus ngageubra. Atawa awahing capé tas nyorang lalampahan jauh kitu?
Rada asa-asa rék mukakeun panto kamar téh. Malam ampir-ampiran […]

Basa Sunda