Bahasa Indonesia

Ngundeur

Hadiah keur Guru-Guru Basa Sunda

Kategori: Ngundeur | Dimuat pada: 04-11-2008 23:23:47 | 1 Komentar »

Hadiah HardjapamekasBulan Januari 2009, baris aya deui Hadiah Hardjapamekas. Ieu hadiah téh pangajén kanggo guru-guru basa, pangpangna guru basa Sunda, kumargi aranjeunna kalayan binarung kahéman teu kendat narékahan pikeun ngawulang élmuning basa ka barudak sakola. Ieu hadiah dipasrahkeun ku Yayasan Kebudayaan Rancagé unggal taun, ti kawit taun 2008. Guru nu dianggap payus pikeun dilélér ieu hadiah méméhna diayak heula ku Déwan Juri Hadiah Hardjapa-mekas. Ieu hadiah diajangkeun kanggo tiluaneun, guru SD, guru SMP, jeung guru SMA. Ka aranjeunna baris dihaturkeun Hadiah Hardjapamekas nu mangrupi tropi, piagem, sareng artos Rp. 5 juta (lima juta rupia).Dugi ka danget ieu mah, Hadiah Hardjapamekas téh dipasrahkeun ku cara swadana, pangpangna kalayan pangrojong ti kulawarga R.S. Hardjapamekas (1913 - 2005) suargi. Maksadna kanggo ngajurung sumanget guru dina miara sareng ngamekarkeun basa dina widang pangajaran sareng atikan.

Gémbolan (Paket) Unicode Aksara Sunda v.1.0.0

Kategori: Ngundeur | Dimuat pada: 26-10-2008 03:50:55 | 31 Komentar »

Unicode Aksara SundaSejak tahun 2005, aksara Sunda telah sering dibicarakan di Internet, terutama pada milis Kusnet. Awalnya, ada anggota milis memasukkan dokumen aksara Sunda dari salah satu buku aksara Sunda, dalam bentuk digital. Dokumen aksara Sunda tersebut membawa inspirasi Kang Dian Tresna Nugraha untuk membuat font aksara Sunda yang dinamai Ngalagena. Font tersebut menggunakan set karakter Latin-1.Atas dukungan anggota milis lainnya, Kang Dian kemudian mengadakan korespondensi dengan Michael Everson untuk mengajukan proposal agar aksara Sunda dimasukkan ke dalam Unicode. Setelah menunggu hampir 3 tahun, akhirnya pada April 2008, aksara Sunda remsi menjadi standar Unicode. Pada Februari 2008, Dinas Pendidikan Jawa Barat melalui Balai Pengelolaan Bahasa Daerah, memfasilitasi kegiatan Unicode Aksara Sunda tersebut dengan membentuk sebuah tim, yang diketuai oleh Oman Abdurrahman, dan bertugas untuk membuat standardisasi aksara Sunda. Misalnya, dalam bentuk aksara. Undang A. Darsa, salah seorang ahli aksara Sunda yang juga peneliti naskah-naskah Sunda kuno, mengusulkan bahwa bentuk aksara Sunda standar ditulis dengan bentuk sans-serif, tanpa kait, dan juga tidak tipis tebal. Alasannya, pertama, untuk memudahkan pembelajaran aksara Sunda, dan kedua, merujuk pada naskah-naskah yang telah ia baca.

Seniman ti Sumedang Ngajoprak teu Walakaya

Kategori: Ngundeur | Dimuat pada: 25-09-2008 02:16:53 | 1 Komentar »

KASATIAAN Mang Yaya kana seni tarawangsa, geus kaukur ku waktu, geus kauji ku wanci. Diajar nabeuh tarawangsa (rebab jangkung), ti keur rumaja keneh. Mang Yaya nu lahir di Lebaktulang, Desa Nagarawangi, Kacamatan Rancakalong, Kabupeten Sumedang lir nu ditakdirkeun kudu kumawula kana seni buhun titinggal karuhun. Harita, pasanganana teh Mang Anda urang Cipala. Mang Yaya nu ngesetna, Mang Anda nu ngacapina. Muwuh endah, harmonis, dina keset jeung sintreuk kacapi. Mang Anda eureun tina nabeuh, Mang Yaya mah terus, najan harita tarawangsa teu pati dipirosea ku balarea. Nya ganti pasangan, manehna ngadidik Kang Udin urang Cinangka. Ayeuna nasib Mang Yaya pikawatireun, ngajoprak teu walakaya.

Puasa

Kategori: Ngundeur | Dimuat pada: 30-08-2008 08:16:26 | Tanpa komentar »

Puasa nyaéta nahan dahar, nginum, jeung saresmi ti beurang (ti mimiti bijil fajar nepi ka surupna panonpoé). Puasa téh paréntah Pangéran ka sakabéh jelema mu’min.

Mangka éling hé jelema nu ariman, geus diwajibkeun ka aranjeun puasa sakumaha anu geus diwajibkeun ka jelema-jelema saméméh aranjeun! Sangkan aranjeun tarakwa. (QS Al-Baqoroh 183)

Puasa téh aya dua rupa, nyaéta puasa wajib jeung puasa sunat. Puasa wajib mah ngan dina bulan Romadhon wungkul salila sabulan; ari sabulan téh 29 atawa 30 poé.

Ngabuburit

Kategori: Ngundeur | Dimuat pada: 30-08-2008 06:45:50 | Tanpa komentar »

Ku Sjarif Amin

Ari bulan Puasa mah resep téh ka sorénakeun, ngabuburit. Usum liar nepi ka liar lalay. Ngadon mapay-mapay trotoar atawa laha-loho ka to­ko. Prahna mah ngabeberah manéh baé. Malar seubeuh neuleu beulieun.

Lamun teu kitu atuh ngahaja liar nénjo nu liar. Ngahaja jalan-jalan ngarah guk-gok jeung nu jalan-jalan. Asup ka toko ngarah gok jeung nu ka toko. Boh nu enya niat balanja, boh nu saruana. Sarua ngarah papanggih!

Lini (Carita Pondok)

Kategori: Ngundeur | Dimuat pada: 04-07-2008 02:46:52 | Tanpa komentar »

Carita Pondok Ahmad Bakri

Jam sapuluh peuting. Nu ti beurangna tas capé gawé mah geus talibra. Di jalan geus teu pati aya nu ngulampreng. Tu­kang baso waéh traktrak-tréktrék nakolan birit katél butut, nawarkeun daganganana, susuganan aya kénéh nu hayangeun nambul angeun pibekeleun saré.

Sawatara budak bujang tingrariung sisi jalan, ngawarang­kong ngénca-ngatuhu, silih gonjak bari udud pataréma sake­nyot séwang.

Riyeg … riyeeeggg … riyeeeggggg ….

Nu Nganteng ti Kang Ading

Kategori: Ngundeur | Dimuat pada: 21-04-2008 17:10:42 | Tanpa komentar »

Aya nu nganteng ti Kang Ading -Rahmatullah Ading Affandi (1929-2008) - ngaliwatan karya-karya. Dimimitian ku kataji macaan karya-karyana nu ngandung unsur relijius, basa keur sakola jeung masantren (1964), nepi ka kataji ku sikep paripolahna sanggeus wawuh langsung (1970). Meureun ieu gambaran hiji sastrawan nu “tawadlu” (handap asor), ngaliwayan karya-karyana, boh fiksi, boh non fiksi, katut kahirupan nyata sapopoe.

Wawangsalan

Kategori: Ngundeur | Dimuat pada: 02-04-2008 16:51:31 | 1 Komentar »

Wawangsalan téh salah sahiji kamonésan dina basa Sunda, nyebut maksud nu saenyana sacara henteu langsung, tapi ku jalan nataan hiji barang atawa kecap anu murwakanti jeung maksud nu saenyana téa. Upamana maksud anu saenyana rék nyebut hiji jalma henteu meunang dipikameumeut, henteu nyebut kecap “meumeut” atawa “dipikameumeut”, tapi jiga anu tatarucingan nyebut ngaran sato anu sorana murwakanti jeung kecap “meumeut” atawa “dipikameumeut” sacara henteu langsung. Nu matak wawangsalanana jadi:

Ekspresi Budaya dina Seren Taun Cigugur

Kategori: Ngundeur | Dimuat pada: 24-02-2008 16:26:15 | 3 Komentar »

Mémang basa munggaran abad ka-20, atawa ahir abad ka-19, kungsi sumebar hiji ageman (kapercayaan) anu diluluguan ku Pangeran Madrais. Katelahna agama Sunda, kalayan teu saeutik anu milu aub nyepeng éta ajaran. Pangéran Madrais boga turunan, Pangéran Téja Buana, nu satuluyna neruskeun tapak lacak dina raraga nyebarkeun agama Sunda. Tapi dina taun 1964, Bung Karno (Présidén Indonésia ka-1) ngaluarkeun larangan pikeun ngagem agama Sunda, dumasar kana sababaraha tinimbangan. []

Basa Sunda