Bahasa Indonesia

Luang keur Ngarang

Ngarang Naskah Drama

Kategori: Drama Sunda, Luang keur Ngarang | Dimuat pada: 27-02-2008 03:48:16 | 2 Komentar »

DINA pakumbuhan sastra Sunda, jangreu drama téh arang kacatur­keun. Padahal tradisi méntaskeun naskah drama jeung sabangsana, geus ditaratas ti baheulana. Ti jaman Walanda aya nu disebut “tunil” atawa sandiwara. Ditéma ku jaman longsér, gending karesmén, nepi ka drama mo­déren

Ngalalanyah Carita Pondok

Kategori: Luang keur Ngarang | Dimuat pada: 25-02-2008 02:04:19 | Tanpa komentar »

Nu rék ngarang geus nyindekkeun deuih, yén nu rék dijieunna téh carita pondok, lain sajak. Alesanana pangna milih carpon, bisa jadi lantaran hayang nyobaan nyieun prosa, nulis sajak mah hésé, atawa idé nu ngagulung dina sirah téh mémang picarponeun.

Diajar Ngarang

Kategori: Luang keur Ngarang | Dimuat pada: 25-02-2008 02:01:45 | 1 Komentar »

Sok geura ngarang unggal poé.
Ku ngarang mah, kulit nu rék péot gé bisa jadi cangker deui.

Éta téh cék Fatimah Mérnissi, féminis ti Marokko dina bukuna Women’s Rebellion and Islamic Memory. Cenah ngarang téh matak awét ngora. Bisa nyangkerkeun kulit. Naha enya kitu? Tangtu kudu mapaykeun ka jinisna hayang leuwih écés mah. Ngan mun enya téh, hayu atuh urang diajar “nyangkerkeun kulit”.

Kasugemaan Ngarang

Kategori: Luang keur Ngarang | Dimuat pada: 23-02-2008 03:45:51 | Tanpa komentar »

AYA pangarang nu nulis ukur keur dirina sorangan. Naon wé nu ditulisna mah, sajak, carpon, nepi ka catetan poéan atawa diary téa. Manéhna ngarasa tinemu jeung kasugemaan mun tulisanana geus réngsé, dibaca deui, disimpen téang-téangeun sorangan. Teu ieuh mikiran, naha éta karangan téh rék dibaca ku batur atawa moal.

Ngirimkeun Karangan

Kategori: Luang keur Ngarang | Dimuat pada: 23-02-2008 03:39:31 | Tanpa komentar »

SOK aya nu nanya, kumaha cenah ngarah karangan dimuat dina média massa? Atawa, naha karangan nu geus dikirimkeun téh teu dimuat waé? Padahal, cék nu ngarangna, karangan téh henteu goréng-goréng teuing.

Réa alatanana mah. Tur bisa jadi enya, karangan nu geus dikirimkeun téh henteu goréng. Mun urang pareng maca hiji karangan nu dimuat dina koran atawa majalah, bisa jadi aya nu gegerendengan: “Nu kieu waé bisa dimuat. Asana bisa mun nulis leuwih alus ti ieu!”

Kelir Dina Karangan

Kategori: Luang keur Ngarang | Dimuat pada: 22-02-2008 03:48:17 | Tanpa komentar »

KELIR téh pipinding. Hahalangan antara hiji rohangan jeung rohangan séjénna. Biasana dijieunna téh tina kaén. Di tajug, upamana, kelir téh sok dipaké wates tempat salat awéwé jeung lalaki. Di imah, sok aya kaén nu dipaké nutupan lawang pangkéng, ngarah teu atra teuing katénjo ti luar.

Basa Sunda