Bahasa Indonesia

Lagu-lagu Sunda

Pop Sunda - Gapura Cinta - Érna Arsylia

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 23-06-2008 10:11:56 | 1 Komentar »

Dal-IcoJudulna gé pop Sunda, nya tangtos rada ngepop. “Gapura Cinta” nu dihaleuangkeun ku Érna Arsylia, nyaritakeun nu pajonghok di tempat ondangan (aya kitu?) nepi ka jadi papacangan. Hanjakal henteu acan kapaluruh saha nu nyanggi ieu lagu. Tapi wilujeng ngadangukeun baé.

Tresnaning Tresna - Rika Rafika

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 09-06-2008 21:59:40 | Tanpa komentar »

Dal-Ico“Tresnaning Tresna” téh sajak kénging Godi Suwarna, dimusikalisasi ku Dian Hendrayana, terus dihaleuangkeun ku Rika Rafika. Ieu lagu teh hasil garapan Musikalisasi Sajak Sunda alpukahna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Bandung Art & Culture Council (BACC). Wilujeng Ngabandungan.

Pangbalikan - Ani Sukmawati

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 09-06-2008 21:51:56 | 3 Komentar »

Dal-Ico“Pangbalikan” téh sajak kénging Wahyu Wibisana, dimusikalisasi ku Dian Hendrayana, terus dihaleuangkeun ku Ani Sukmawati. Ieu lagu teh hasil garapan Musikalisasi Sajak Sunda alpukahna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Bandung Art & Culture Council (BACC). Wilujeng Ngabandungan.

Hujan di Buruan - Iin Mulyani

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 09-06-2008 20:47:47 | 1 Komentar »

Dal-Ico“Hujan di Buruan” téh sajak kénging Hadi AKS, dimusikalisasi ku Dian Hendrayana, terus dihaleuangkeun ku Ani Sukmawati. Ieu lagu teh hasil garapan Musikalisasi Sajak Sunda alpukahna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Bandung Art & Culture Council (BACC). Wilujeng Ngabandungan.

Asih Salira - Cicih Cangkurileung

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 31-05-2008 14:27:17 | 1 Komentar »

Dal-IcoKasanggakeun soanten juru kawih Cicih Cangkurileung dina lagu “Asih Salira”. Taun 1980-an, juru kawih Cicih Cangkurileung téh sohor pisan. Laguna nu kantos janten “hits” nyaeta “Adumanis” dina wanda jaipongan.

Hiji Peuting - Ani Sukmawati

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 31-05-2008 03:01:54 | Tanpa komentar »

Dal-IcoLagu kénging nganggit Dian Héndrayana nu dihaleuangkeun ku Ani Sukmawati. Ieu lagu dicandak tina sajak Sunda, dina raraga musikalisasi sajak Sunda yasa Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) sareng Bandung Art & Culture Council Bandung. Sajak hiji peuting diserat ku Étti R.S.

Serat Salira - Euis Komariah

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 31-05-2008 02:51:02 | 9 Komentar »

Dal-IcoSerat Salira, baheula mah sohor naker ieu. Nu mimiti ngahaleuangkeunana Ijah Hadijah, dina wanda kiliningan. Nu disimpen di dieu mah, nu dihaleuangkeun ku Euis Komariah. Mangga geura, asa matak nyérédét da.

Hanjakal - Nining Méida (Pop Sunda)

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 14-05-2008 18:11:05 | 6 Komentar »

Téh Nining ayeuna mah tos ngahaeub ka sepuh, nya. Bentén sareng kapungkur, jaman taun 80-an, jaman ténar ku lagu “Kalangkang”. Tapi soanten Téh Nining mah angger dédéngéan, sanaos yuswa nambihan. Leres pisan, Téh Nining, ulah hoyong ka carogé batur mah, bilih janten mamala. Sapertos dina lagu “Hanjakal” téa.

Langit Biru - Jaipongan

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 14-05-2008 18:01:12 | 1 Komentar »

Kasanggakeun lagu “Langit Biru” dina wanda Jaipongan. Juru sindénna Tati Mulyati. Hatur nuhun ka Kang Arsa nu tos leukeun ngadigitalkeun lalaguan Sunda baheula dugi ka simkuring ngiring ngabandungan.

Madonna - Trio Ijar

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 13-05-2008 22:15:04 | 1 Komentar »

Duka ka mana ngiles ieu grup Pop Sunda téh. Nu nyanyina tiluan, awéwé wungkul, carentil. Nu inget mah salah sahiji albeumna teh “Popéyé” (duka naon pihartieunanana). Nu kapidangkeun lagu “Madonna”.

Halaman 1 dari 212»
Basa Sunda