Bahasa Indonesia

Ladang Motrét

Foto-Foto di Kabuyutan Ciburuy

Kategori: Ladang Motrét | Dimuat pada: 03-07-2008 16:45:36 | 2 Komentar »

KabuyutanTILU Nopémber 2007 kuring saparakanca nganjang ka Kabuyutan Ciburuy, salah sahiji tempat nyimpen naskah-naskah Sunda Kuno. Nu harita milu téh di antarana Ua Sasmita (ti Rumah Baca Buku Sunda), Tién Wartini (ahli naskah Sunda), Dédén Abdul Aziz (wartawan Koran Témpo), Téh Éndah (istrina Kang Dédén), Hawé Setiawan (ti Cupumanik), Atép Kurnia (éséis), Jullian Millie (urang Ustrali), Dhipa Galuh Purba (ti Seni Budaya), jeung Darpan (pangarang Sunda, matuh di Garut).

Munding di Guha Lalay

Kategori: Ladang Motrét | Dimuat pada: 24-04-2008 22:12:42 | 4 Komentar »

Sabubuhan munding keur diangon di wewengkon Guha Lalay, Cikelét, Garut. Guha Lalay téh salah sahiji tempat wisata di pakidulan Garut nu teu pati kapaliré. Di dinya aya gawir nu nangtawing, numbu kana beungeut cai laut, tapi méré panorama nu éndah. Pangna disebut Guha Lalay pédah dina gawir aya guha nu dipaké nyayang rébuan lalay. Lian ti Guha Lalay, Garut Kidul boga asét wisata basisir lianna siga di Santolo, Pameungpeuk jeung Rancabuaya. Hanjakal ku pamaréntah Garut teu pati dibebenah.

Basa Sunda