Bahasa Indonesia

Kutrat-Kotrét

Gedung Pertunjukan dan Museum di Kota Bandung

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 03-03-2008 12:04:40 | 3 Komentar »

Jalan-jalan ke Kota Bandung? Inilah gedung pertunjukan dan museum di kota Bandung yang dapat Anda kunjungi. Yang saya muat baru daftar alamatnya.

Nganti Peuting Salira Nyampak

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 01-03-2008 03:28:34 | 1 Komentar »

Nu seja kasanggakeun, bisa jadi matak réhé, caria, atanapi naon baé disebatna. Da puguh sajak lain, puisi sanés, sumawonna carita pondok mah. Nanging, ieu mah ladang kutrat-kotrét mangsa bihari, atanapi boa aya nu kénging nyutat ti nu kantos kabaca. Nyanggakeun sabangsaning gerentes keur peuting jempling.

Sakola Dasar di Tengah Sawah

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 25-02-2008 01:58:57 | Tanpa komentar »

sakola-kuring-sd-karanglayu.jpgSakola caritana mah kuring téh. Di sakola dasar. Umur geus tujuh taun. Ari nu ngaranna sakola, weuh … tempatna téh jauh ka ditu ka dieu (malah nepi éta téh nepi ka taun 2006). Ti imah kuring mah, anggangna téh kurang-leuwih 2 km. Ngaliwatan kebon jeung sawah. Meuntas walungan. Cindekna, sakola kuring mah hara-haraeun pisan. Sabudeureunana kebon kai, sawah, kénca-katuhu walungan.

Diajar Balantik

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 25-02-2008 01:44:51 | 1 Komentar »

Ti méméh sakola gé geus diwarah kumaha carana ngarit, ngala suluh, ngurus ingon-ingon. Ari pagawéan matuh saban soré, ngala cai beresih ka legok. Nanggung kompan lima léter, nikreuh nyorang tanjakan nu sakitu netekna. Awéwé loba nu ngélék buyung (wadah cai tina kuningan), lalakina aya nu nanggung émbér, kompan; atawa nu can kabeuli nu kararitu, kapaksa nanggung lodong. Ngaliwatan kebon awi, mapay solokan. Werit cai di lembur téh harita mah.

Lahir di Kebon Awi

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 25-02-2008 01:02:21 | Tanpa komentar »

Saréréa gé moal inget, iraha gubrag ka alam dunya. Ukur cenah apan, cék kolot, cék dulur, atawa cék nu nyaksian harita.
Cenah (ceuk kolot), kuring lahir tanggal 22 Pébruari 1978. Duka téh teuing bener henteuna mah. Ngan baé, harita mah di lembur can usum kalénder, ukur sababaraha urang baé anu sok leukeun ngampihan éta itungan waktu […]

Mawakeun jeung Perétan dina Bulan Puasa

Kategori: Kutrat-Kotrét, Éséy Sunda | Dimuat pada: 24-02-2008 19:31:09 | Tanpa komentar »

Peretan, mawakeun jeung barangkirim dina bulan puasa teh tradisi anu kiwari masih keneh dipake, pangpangna ku urang lembur. Dina bulan puasa, di lembur mah sok balawiri anu mawa rantang. Silih anjangan jeung baraya. Silaturahmi, ngamangpaatkeun kasempetan dina bulan puasa nu pinuh berkah.

Dongéng Sunda dina Radio

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 24-02-2008 19:24:15 | Tanpa komentar »

Jaman keur budak sok ngadengekeun dongeng teh. Ari mimindengna mah, dongeng ti nini kuring. Dongeng Si Kabayan Ngala Tutut, dongeng Peucang Balap Lumpat, atawa dongeng Raja Beuki Gedang. Tapi, nini kuring oge resepeun ngadengekeun dongeng teh. Dongeng tina radio. Nya kapaksa bae, ari can tunduh mah, kuring oge milu ngabandungan. Bet terus resep deuih.

Bandung jeung Kampung

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 24-02-2008 19:21:51 | Tanpa komentar »

Nepi ka kelas 3 SMP, kuring can apal siga kumaha ari kota Bandung teh. Harita kuring anu ngarumasakeun urang kampung di pasisian kabupaten Sumedang, tara boga kapentingan ka kota nu ngaranna Bandung teh. Najan kitu, ari beja ngeunaan ramena kota Bandung mah, mindeng pisan ngadenge. Nya kitu, ukur tina cenah bae. Cenah Bandung teh Kota […]

Ngarang Carita Barudak

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 23-02-2008 03:44:43 | Tanpa komentar »

Carita bacaaeun barudak téh penting, lantaran jadi pamiangan pikeun barudak diajar maca jeung ngarti kana eusi hiji karangan. Malah bisa jadi, nya carita nu dibaca waktu keur budak nu sakapeung terus napel téh. Geuning réa kolot nu masih kénéh manteng kana buku Roesdi jeung Misnem atawa Taman Pamekar, nu dibaca waktu aranjeunna keur budak.

Lalajo Bujal

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 25-11-2003 03:37:12 | 1 Komentar »

TARA-TARA ti sasari, poé éta mah (Kemis, 30 Januari 2003) maké jeung kalangsu ka Gedong Kesenian Sunan Ambu, STSI Bandung. Ki Dhipa nu hariweusweus téh, urang lalajo pintonan Suhunan Seni Urang, cénah. Bet panasaran, karah siga kumaha Suhunan Seni Urang téh?

Halaman 2 dari 2«12
Basa Sunda