Kategori: Karya Atep Kurnia | Dimuat pada: 22-02-2008 10:00:12 | Tanpa komentar »
Neuteup Bandung mo seubeuh sapeuting
Moal sapat suklak-siklukna
Hamo kateuteupan kabéh
Seubeuhna mun ngalamun
Ngalinglingna kudu ku pikir
Kitu cek Apung S. Wiratmadja dina dangding “Bandung”. Anjeunna mutuh nguyung sarta kaduyung ku dayeuh Bandung. Kaduyung ku Bandung kapungkur, tangtu. Lain Bandung kiwari. Da kapan ari kiwari mah Bandung téh matak ngerik ati. Matak nyeuit pikir. Kitu sigana nu matak Apung nguyung.