Bahasa Indonesia

Hirup teu Nyorangan

Prof. Dr. H. Édi S. Ékadjati

Kategori: Hirup teu Nyorangan | Dimuat pada: 04-03-2008 09:16:46 | Tanpa komentar »

edi-ekadjati.jpgTaun 1998 mimiti tepang langsung sareng Pa Edi suargi téh. Harita kuring keur jadi wartawan Majalah Manglé, ditugaskeun pikeun wawancara jeung anjeunna. Nya jangjian di Gedong Fakultas Sastra Undap, di Jatinangor, Sumedang. Ti barang gok gé, geus karasa yén anjeunna tokoh nu basajan tur handap asor. Jengléngan profésor nu weruh ku élmu, tapi henteu ngatarakan sumawonna umangkeuh yén anjeunna jembar pangabisa.

Nyukcruk Lembur Holisoh MÉ

Kategori: Hirup teu Nyorangan | Dimuat pada: 28-02-2008 21:48:58 | 1 Komentar »

Holisoh MEHIJI poé, dina paro taun 1998, kuring ngajanteng lebah alun-alun Tanjungsari. Sakumaha sasari, harita mah, megat mobil nu ka lembur téh sok di alun-alun. Keur anteng ngahuleng, reg aya angkot eureun hareupeun pisan. Aya nu turun singhoréng téh. Ibu-ibu, kira-kira 40-an, maké baju setélan guru, ditiung kayas, ngajingjing kantong hideung. Basa ngarérét ka kuring, bet terus melong:

Yuyum Yumianisari

Kategori: Hirup teu Nyorangan | Dimuat pada: 24-02-2008 23:39:50 | 3 Komentar »

Yuyum YumianisariNajan teu langsung, Yuyum téh geus nyumangetan kuring dina ngarang. Sok asa kagagas, lamun inget kana lalakon lawas téh. Harita kuring keur hésé naker néangan mesin tik, ngarang téh ukur ditulis dina keretas nu beunang méntaan téa. Yuyum nawaran kumaha upama karangan téh dipangetikeun. Tangtu baé atoh pikeun kuring mah, tapi sajeroning kitu bet asa ngariweuhkeun.

Donny Fahmi Muhammad

Kategori: Hirup teu Nyorangan | Dimuat pada: 24-02-2008 22:01:21 | Tanpa komentar »

Di antara babaturan lalaki waktu SMU, kuring yakin, nya Donny nu pangbageurna téh. Leket ibadah, sarta teger nyanghareupan kahirupan. Malah, ku lantaran Donny téh babaturan kuring nu pangdeukeutna, ku kulawargana gé kuring geus dianggap kulawarga Donny. Imah mindeng pisan kuring mondok di imahna, salila sakola di SMU. Malah geus kaluar sakola oge, lamun pareng balik peuting, nu dijugjug téh imah Donny.

Ajun Mahrudin

Kategori: Hirup teu Nyorangan | Dimuat pada: 24-02-2008 21:33:32 | Tanpa komentar »

ajun-mahrudin.jpgKang Ajun téh bubujangan harita mah. Umurna dalapan taun saluhureun kuring. Ti keur budak, hirupna pinuh ku kapeurih. Da puguh geus ditinggalkeun maot ku indungna. Sakolana ukur nepi ka SMA, sarta ka dituna mah ngaligeuh teu puguh cabak.

Kungsi kuli purah nyieunan sumpit, atu jadi pangamén ngalaman deuih ngalaman. Basa keur nganggur teh, Kang Ajun sok milu-milu ka grup kasenian nu ngadon pentas. Beunang disebutkeun deukeut jeung dunya seni mah. Ti mimiti calung nepi ka degung.

Basa Sunda