Kategori: Éséy Sunda | Dimuat pada: 26-02-2008 03:01:09 | 2 Komentar »
BEDUG mah geus papada terang. Sabangsaning dogdog, ngan ukuranana leuwih gedé. Diteundeunna di tajug atawa di masigit. Sok dipaké ngiberan waktu solat, ngabéjaan datangna bulan puasa, atawa ditabeuh sapeupeuting dina maleman lebaran. Baheula mah cenah bedug téh ngan aya di kota kacamatan atawa kawadanaan, da di pilemburan mah can aya masigit. Atuh nu nakolna gé teu sagawayah deuih, aya tukangna, merebot téa.