------- Kontak
  • DADAN SUTISNA
    Email: dadansutisna@yahoo.com
    Web: http://daluang.com

    Yahoo Messengger Facebook Friendster Flickr Twitter
-------

Éséy Sunda

Tangkal keur Incu

Kategori: Éséy Sunda | Dimuat pada: 06-04-2009 14:29:40 | 4 Komentar »

BUPATI jeung walikota, dipingpin ku gupernur, ngasruk ka gunung nu gundul, nyungsi pasir nu bulistir. Nikreuh leumpang bari dirérab panonpoé nu morérét. Rahayat, kitu deui para pamong, ngabring tukangeunana. Ti lebah mumunggang, gupernur ngagero: “hayu urang melak tatangkalan”.

Éta téh kajadian béh ditu, basa alam Sunda ngémploh kénéh, bari can cai werit teuing siga ayeuna. Tapi gupernur harita tayohna gereget mun nyaksian aya tanah nu angar, atawa aya lahan nu tuna tatangkalan. Nya nyieun gerakan nu disebut Rakgantang (Gerakan Gandrung Tatangkalan). Éta gerakan nu dipokalan ku Mang Ihin (Solihin Gautama Purwanegara, gupernur Jawa Barat manten periodeu 1970-1975) kawentar nepi ka ayeuna. Hanjakal, program Mang Ihin nu diancer-ancer 30 tauneun téh teu katuturkeun ku gupernur-gupernur saenggeusna.

Sunda dina Pilem (Bagian 2)

Kategori: Éséy Sunda | Dimuat pada: 26-06-2008 20:38:28 | 1 Komentar »

Lain ngan alam jeung budayana, urang Sunda gé milu makalangan dina pakumbuhan pilem nasional téh. Miluna téh lain ukur piritan milu endogan, tapi réa nu jadi kampiunna. Nu jaradi produser, sutradara, nulis carita, nyusun skénario, jurumusik, artistik, jurukaméra, kritikus, kolumnis, pangurus organisasi artis jeung organisasi pilem, jeung sajabana. Geus karuhan nu jaradi béntang mah, rapang-baranang matak kérok milang.

Sunda dina Pilem (Bagian 1)

Kategori: Éséy Sunda | Dimuat pada: 26-06-2008 20:36:52 | Tanpa komentar »

Janggélékna hiji pilem, tangtuna gé dipitembeyan ku nu nyieunna (pausahaan pilem). Di Indonésia, pausahaan pilem nu munggaran téh Java Film Company, diadegkeun di Bandung, awal taun 1920-an. Najan ngadegna di Tatar Sunda, tapi nu mokalanana mah urang deungeun, Tuan Heuveldorf ti Walanda jeung Tuan Kruger ti Jérman. Disusul ku pausahaan pilem séjénna, saperti Kruger Film Bedrijf, Tan’s Film, South Pacific Film, jsté.
Ari urang Sunda, nu pangheulana ngadegkeun pausahaan pilem téh Titién Soemarni (somahan urang Sumedang mah nyarebutna téh ‘Juag Tintin’), Titien Soemarni Motion Picture Corporation, taun 1954. Judul produksi munggaranana Mertua Sinting.

Kabandang ku Ahmad Bakri

Kategori: Éséy Sunda | Dimuat pada: 19-05-2008 16:21:09 | Tanpa komentar »

Catetan Dadan Sutisna

Nu kapidangkeun di dieu kénging ngaraéh tina gunem catur di Panglawungan Girimukti, 21 Séptémber 2002. Jejerna: Ahmad Bakri sareng karya-karyana. Minangka panyaturna Tétén Masduki, Duduh Durahman, sareng Abdullah Mustappa, kalayan panumbu caturna Hawé Setiawan. Teu sadayana dicutat, dipilihan nu pokona baé. Dupi maksadna dipidangkeun taya sanés supados kaaos ku sugri nu teu tiasa sumping. Atuh kanggo anu sarumping harita, ieu mah étang-étang dokuméntasi baé. Hatur séwu nuhun.

Nu Kokoro

Kategori: Éséy Sunda | Dimuat pada: 10-05-2008 03:35:38 | 2 Komentar »

KOKORO téh miskin téa. Malah sakapeung mah sok diémbohan jadi kokoro nyoso malarat rosa, hartina miskin kabina-bina. Jalma kokoro sok dipapandékeun ka nu dahar soré henteu isuk, hésé néangan sandang pangan. Sababna mah bisa rupa-rupa, lantaran teu boga pagawéan, atawa (mun di lembur) keur kaserang paceklik panjang.

Atikan nu Walatra

Kategori: Éséy Sunda | Dimuat pada: 02-05-2008 01:05:15 | Tanpa komentar »

Naha enya waragad mangaruhan kana kualitas atikan (pendidikan)? Sigana mah can tangtu. Ningkatkeun kualitas atikan bisa waé ngaliwatan kreatifitas guru. Buktina, Bangladesh nu kasohor ajén atikanana handap, ayeuna geus bisa ngaliwatan Indonésia. Ayeuna prestasi atikan Indonesia aya dina itungan ka-11 di Asia Tenggara, ari Bangladesh naék ka itungan ka-9. Padahal mun nilik kana waragad mah henteu sabaraha, ngan cenah guru-guruna kréatif naker.

Dongeng Sunda dina Radio

Kategori: Éséy Sunda | Dimuat pada: 31-03-2008 11:55:46 | 27 Komentar »

JAMAN keur budak sok ngadengekeun dongeng teh. Ari mimindengna mah, dongeng ti nini kuring. Dongeng Si Kabayan Ngala Tutut, dongeng Peucang Balap Lumpat, atawa dongeng Raja Beuki Gedang. Tapi, nini kuring oge resepeun ngadengekeun dongeng teh. Dongeng tina radio. Nya kapaksa bae, ari can tunduh mah, kuring oge milu ngabandungan. Bet terus resep deuih.

Kontén Lokal

Kategori: Kutrat-Kotrét, Éséy Sunda | Dimuat pada: 05-03-2008 15:33:03 | 2 Komentar »

SAPRAK datang jaman digital, istilah “kontén” remen disabit-sabit. Holna mah nya tina basa deungeun, content, nu hartina eusi atawa muatan. Ari nu disebut konten dina téknologi digital téh rupa-rupa: aya téks (tulisan), sora, gambar, vidéo, jeung sabangsana. Kontén téh tangtuna aya nu nyieunna, bisa olah, disimpen, dipidangkeun, jeung disebarkeun maké pakakas éléktronik.

Kurir Sastra Sunda

Kategori: Buku Sunda, Éséy Sunda | Dimuat pada: 29-02-2008 14:30:57 | Tanpa komentar »

buku-jagat-carita.jpgJAGAT carita téh jembar kacida. Tingronghéap ti suklakna ti siklukna, boa aya nu ngurunyung ti juru dunya. Lalakonna warna-warni, basana rupa-rupa, atuh nu ngarangna gé béda-béda sélér bangsa.

Ti dinya torojol wéh sesebutan sastra dunya jeung pangarang dunya. Mun mapaykeun ka huluwotanana, tangtuna gé sastra dunya téh lain ukur nu ditulis dina basa Inggris. Buktina réa karya sastra nu ditulis dina basa séjén—salian ti basa Inggris—tapi nu ngarangna disebut pangarang dunya. Rabindranath Tagore, ngarangna mah dina basa Béngal, Dario Fo jeung Italo Calvino dina basa Itali, Gao Xingjian dina basa Cina, jrrd. Teu kudu jauh-jauh kétang, boa hiji mangsa mah nu nulis dina basa Sunda gé aya nu meunang sesebutan pangarang dunya.

Sakola teu Nyakola

Kategori: Di Lembur Kuring, Éséy Sunda | Dimuat pada: 26-02-2008 10:00:10 | 1 Komentar »

SOK ras ka jaman keur budak, sakola téh di tengah sawah. Wangunan mencil dipegatan ku walungan. Nenggang jauh ka ditu ka dieu. Barudak nu rék sarakola, jalanna tuturubun meuntas walungan, mapay sawah. Asa tara katémbong aya budak nu luis, eukeur mah tara disendal (komo disapatu mah) katurug-turug mapay jalan nu sorompod.

Halaman 1 dari 212»