Bahasa Indonesia

Di Lembur Kuring

Pindah Cai Pindah Tampian

Kategori: Di Lembur Kuring | Dimuat pada: 27-02-2008 02:01:42 | 3 Komentar »

KEUR budak mah, nu panghoréam-horéamna téh ari dititah mandi. Réa kacaturkeunana, barudak harita mah rada nyatru jeung cai téh. Teu saeutik nu kakara indit ka tampian téh mun kolotna geus ngamang-ngamang nyéré.

Horéamna téh ku dua ku tilu. Geus karuhan ari tiris mah-komo mun mandina disedekkeun ka burit-da puguh lembur téh di suku gunung. Éta pangpangna mah, ku jauhna. Geura wé, ti imah téh kudu ngasruk heula, ngaliwatan pudunan jeung kebon awi. Terus mapay solokan, mun hayang téréh kudu ngagurawil kana gawir. Leumpangna gé aya kana sapuluh menitna.

Sakola teu Nyakola

Kategori: Di Lembur Kuring, Éséy Sunda | Dimuat pada: 26-02-2008 10:00:10 | 1 Komentar »

SOK ras ka jaman keur budak, sakola téh di tengah sawah. Wangunan mencil dipegatan ku walungan. Nenggang jauh ka ditu ka dieu. Barudak nu rék sarakola, jalanna tuturubun meuntas walungan, mapay sawah. Asa tara katémbong aya budak nu luis, eukeur mah tara disendal (komo disapatu mah) katurug-turug mapay jalan nu sorompod.

Miara Leuweung

Kategori: Di Lembur Kuring, Éséy Sunda | Dimuat pada: 26-02-2008 02:13:34 | 2 Komentar »

Jalan ka LeuweungEnya wé, béda jeung baheula, basa keur budak sok diajak ngasruk ka dinya. Lebah tanjakan téh, baheula mah leuweung geledegan, gegek ku tatangkalan jeung kakayon. Ayeuna geus teu katémbong tunggul-tunggulna acan. Nu puguh mah dipaké melak sayuran ku urang lembur nu deukeut ka leuweung. Ngolah tanahna téh boro-boro maké sistim téraséring.

Diajar Ngaji

Kategori: Di Lembur Kuring | Dimuat pada: 25-02-2008 21:30:13 | 2 Komentar »

Nu sok kaimpungan barudak téh imahna Téh Wiwi, guru ngaji. Harita mah, awal taun 1980-an, nu bisaeun ngajar ngaji di lembur téh ukur Téh Wiwi. Henteu kudu mayar ngaji téh, asal daék. Nya éta gé, tamba rumasa mah kolot barudak sok mahanan minyak tanah haturkeuneun ka guru ngaji. Pan sajeroning ngaji téh kudu nyeungeut cempor sababaraha hiji, wantuning can usum listrik.

Gerakan Operasi Kolong

Kategori: Di Lembur Kuring | Dimuat pada: 25-02-2008 01:34:30 | 1 Komentar »

Méh kabéh imah di lembur kuring panggung. Aya kétang hiji nu gedong téh, imah Aki Sarmita. Da puguh lega kebon lega sawah. Ceuk béja, sakali panén paré téh tara béak sapuluh usum. Ngan ambuing… meditna kabina-bina. Sigana éta palakiahna pangna jadi beunghar gé. Ceuk béja, daharna ukur karo uyah téh lain bobohongan. Padahal lain teu kabedag meuli deungeun kéjo; hayam riab, domba rapang, sapi pagalituk. Kebon kopina leuwih ti sahéktar. Ngan nya éta, boga sipat lebar téa. Paralun ka Aki Sarmita almarhum, simkuring ngupat sinuat, bongan salira maké cicing di ieu lembur, jadi wéh kasabit-sabit.

Nu Ngadepong Handapeun Tangkal Nangka

Kategori: Di Lembur Kuring | Dimuat pada: 25-02-2008 01:24:16 | 4 Komentar »

tangkal-nangka-tonggoheun-c.jpgTanah karuhun kuring baréto, ti imah téh parat ka lebak, nepi ka walungan. Péréléanana mah kieu: imah kolot, kebon awi, kebon paranti pepelakan (jagong, sampeu, jsb), solokan, balong, sawah, walungan. Ti buruan kuring nepi ka walungan téh ngagawir, euweuh deui imah harita mah. Ari lebah balong aya tampian, pancuranana tilu.

Basa Sunda