Bahasa Indonesia

Carita Pondok

Layung Kemba (1)

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 24-02-2008 22:46:45 | Tanpa komentar »

TEGAL eurih téh lain tempat anu merenah pikeun ulin mah. Jalanna tarahal pisan.. Ti lembur mah kudu leumpang mudun, mapay jalan satapak. Ka lebakna gawir nantawing, matak paur téténjoan. Nu ngaliwat ka dinya mah, kudu baé kakarayapan, moal bisa leumpang gancang. Leuheung usum halodo mah, henteu leueur ongkoh. Cacakan lamun usum ngijih, matak wegah neruskeun lalampahan. Anu kakara mah, boa terus balik deui.

Pajaratan Kasimpé

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 24-02-2008 18:10:16 | 1 Komentar »

Asup ka Pajaratan Kasimpé mah, saha baé ogé, moal henteu gogodeg. Kana tangtu kituna téh, da puguh asa aya di dunya anyar, dunya nu teuing aya di mana. Sakurilingna dipager beusi beunang ngukir, dipulas konéng emas. Panto pager digembok sababaraha hiji, sarta henteu sagawayah jelema bisa nganjang ka dinya.

Karéta Mudik

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 24-02-2008 18:08:13 | Tanpa komentar »

NGAJANTENG di setatsion, dibaturan koran salambar.

Tadi téh isuk-isuk, saméméh indit ka setatsion, kaburu kénéh lalajo télévisi. Méh kabéh cénel télévisi ngabéwarakeun kumaha riweuhna nu rék mudik taun ieu. Menteri Perhubungan diwawancara, ditalék kumaha tarékah pamaréntah nyadiakeun tutumpakan keur nu rék baralik ka lembur. Teu kalis ku kitu, réporter ti unggal télévisi méré gambaran kumaha pasesedekna di setatsion jeung terminal beus, kumaha polah jalma-jalma nu hayang paheula-heula balik ka lembur. Asana taun tukang gé teu jauh bédana. Angger matak riweuh.

Aki Sanuhri

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 24-02-2008 17:57:05 | 1 Komentar »

Carita Pondok Dadan Sutisna 
Indonésia tanah airku
Tanah tumpah darahku

Lagu Indonésia Raya geus mimiti kadéngé. Nu ngahariringna, barudak rumaja gareulis, maké saragam bodas. Alun-alun sepi jempling. Padahal di dinya téh aya rébuan jalma nu keur milu upacara jeung jalma-jalma nu rék lalajo arak-arakan. Mobil nu ngaliwat ka jalan raya, ngahaja dieureunkeun heula ku pulisi. Mesinna sina […]

Aki

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 24-02-2008 17:54:34 | Tanpa komentar »

Carita Pondok Dadan Sutisna
Geus ampir dua bulan Aki gering. Ukur bisa ngajoprak di tengah imah, diriung-riung ku tatangga. Awakna begang, panon celong, rénghapanana bangun eungap naker. Gawéna haharurungan, geus rada hésé diajak nyarita gé.
Kuring, incuna, mindeng nangénan panon Aki ngembeng. Kilang kitu, teu bisa ngabadé, naha éta téh cipanon kaduhung, atawa awahing teu kawawa nahan […]

Ajudan

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 24-02-2008 17:52:41 | Tanpa komentar »

Carpon Dadan Sutisna
BUPATI Oji keketeyepan kaluar ti imah. Dangdanan nyéta-nyéta budak ngora, calana jeans, kaos oblong, sirahna dibengker ku salt hideung. Pamajikanana mah geus tibra ti isa kénéh. Teu dibéjaan, da niatna gé rerencepan.
Di pakarangan meredong. Ti saprak Bupati Oji ngémbarkeun program ngirit listrik, peuting téh beuki mongkléng. Pakarangan rumah dinas bupati nu ublang-ablang, ukur […]

Arca

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 24-02-2008 12:47:21 | 2 Komentar »

“KUDU diwarah boga salaki kitu mah!” cék Si Réni, sejeroning muru tempat parkir. “Réni mah, mun salaki balik gawé liwat magrib, panto tara dibuka. Mun teu kitu dibaeudan nepi ka isuk-isuk. Imas sih, teu bisa tegas.”
“Lain Rén, ari nu bieu jadi arca téh saha?”
“Har, ari sugan ngahuleng waé téh mikiran salaki?”
“Lain, mikiran arca. […]

Bulan Wanci Sareupna

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 24-02-2008 12:46:43 | Tanpa komentar »

Carita Pondok Dadan Sutisna
Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.
Nya danget ieu pisan, lembur téh kari waasna. Sampalan […]

Kateterusan

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 24-02-2008 12:45:29 | 1 Komentar »

Carita Pondok Dadan Sutisna
KAWIN. Kecap nu ahéng pikeun kuring mah. Malah bet timbul pananya, naha manusa bet resep panganténan, terus rumah tangga, terus paraséa, terus pepegatan deui. Keur naon ngahiji mun rék pepegatan mah. Komo réa kacaritakeunana, cenah awéwé nu remen jadi korban rumah tangga téh. Disiksa, diatur paripolah hirupna, dicandung, terus diantep da […]

Kalangkang Poé Isuk

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 24-02-2008 12:45:05 | Tanpa komentar »

Carita Pondok Dadan Sutisna
Biasana, sok rada marahmay ari ngadéngé aya nu maot téh. Malah mun kongang mah, hayang surak awahing ku asa dibéré milik. Tapi sok gancang nyumputkeun semu. Inggis katohyan ku nu keur manggih karerepet. Tada teuing matak jadi omongna; batur keur manggih kasedih, ari ieu kalahka atoh.
Enya, hirupna téh gumantung ka nu maot. […]

Halaman 2 dari 3«123»
Basa Sunda