Bahasa Indonesia

Carita Pondok

Kakarén Carpon Lebaran

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 25-09-2008 02:20:04 | Tanpa komentar »

KEUR reureuh di hotél, dua bulan katukang, basa manéhna aya nu nélépon téh. Harita di Hotél “Tibra” keur aya seminar “Prospék Budaya Lokal” nu diiluan ku guru-guru jeung panitén budaya. Ku panitia manéhna dipentés jadi panyatur.

Angkeuhan téh rék gégéléhéan heula, bari ngadagoan waktuna seminar. Kasebutna panyatur ti luar kota bari remen dipaké di mana-mana, ku panitia téh éstuning dipupujuhkeun. Dipangmesenkeun hotél gé nepi ka sapoé-sapeuting, padahal seminarna mah ukur satengah poé.

Jampana Proklamasi

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 18-08-2008 05:17:57 | Tanpa komentar »

Carita Pondok Dadan Sutisna

Aksara dina jampana teh katembong deui. Bieu mah apan, basa kakara diturunkeun ti para, mani ampir teu katembong, da puguh pinuh ku kebul. Ngan sanggeus diberesihan, kakara beunang dibaca. Kekecapanana angger kawas baheula : Jampana Proklamasi.

Jampana teh wangunanana siga iimahan. Da eta we, make jeung aya suhunan, aya kentengan, aya bilikan. Dijieunna tina kai, ngan paranti nanggungna anu tina awi teh. Ukuranana oge henteu pati gede, kurang leuwih sameter ka satengah meter. Biasana, di jerona teh sok dieusian tumpeng dina baskom, dituruban ku daun cau beunang ngaleumpeuh. Lolongkrang nu kosongna, dipake nunda kadaharan lembur, sabangsaning opak, ranginang, wajit, ulen, angleng, jeung sajabana. Saban bulan Agustus, sok digotong ngurilingan kacamatan, jeung nu pawey. Tah, aksara Jampana Proklamasi teh, perenahna palebah bilik jampana, kenca-katuhu.

Potrét Pangantén - Bagian 3 (Tamat)

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 13-08-2008 14:29:37 | 1 Komentar »

TAH kitu, Ningsih. Moal enya éta dongéng dicaritakeun ka anjeun anu sakitu galak timburuna. Keun, da anjeun jeung Lisa mah béda alam ieuh. Lisa cicing di dunya nu pinuh ku pamikiran, kawas mikiran naon sababna mojang lembur bet bisa ngajaga kasucian - kaasup anjeun, sugan. Anjeun mah apan ukur mikiran rasa timburu.

Sakapeung, Lisa téh sok matak kagét. Sok méré “kejutan”, cék urang dayeuh mah. Kungsi apan, hiji peuting manéhna meredih, kumaha mun potrét nu ditaranjangan téh sina kawin jeung potrét kuring. Ngarah aya baturna, kitu pokna téh. Gancang baé potrét kuring diasupkeun kana komputer. Tapi basa rék dihijikeun jeung potrét manéhna, listrik ngadadak pareum. Teu tulus wéh.

Potrét Pangantén - Bagian 2

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 13-08-2008 14:25:11 | Tanpa komentar »

RADA lila ngahuleng téh. Bingung kumaha nerangkeun gékgékanana éta potrét. Ari Ningsih, apan ti barang wanoh ogé, geus katangén resep ngingu timburu. Tong boro ayeuna nangénan potrét nu keur patangkeup-tangkep, upama apaleun kuring nganjang ka imah Pa Kuwu ogé, baeudna sok aya tilu poéna. Lain timburu ka Pa Kuwu, tapi ka budakna anu cék béja mah neundeun haté ka kuring.

“Ning, sanés badé murak kado?” cék kuring, nyobaan ngajak ngawangkong. Sugan manéhna geus palér. Tah, geuning, sada rék ngajawab. Maké dédéhéman sagala rupa.

“Akang mah bangor!” sorana ti kamar gigireun, semu sisimekeun. Ogoan budak téh. Kituna mah pantés, da umurna kakara manjing 19 taun. Tamat ti SMU henteu neruskeun sakola, terus baé diajak kawin.

Potrét Pangantén - Bagian 1

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 12-08-2008 04:34:33 | 2 Komentar »

Cartibag Dadan Sutisna

Bagian Hiji

RADA nyenghél basa maca tulisan deukeut panto téh. Teuing saha nu nulisna, da bangun dapon baé, diterapkeunana ogé siga nu rusuh, nyéngsol-nyéngsol acan. Bet babalagonjangan dina haté, sugan Pa Sukri - anu mimiti poé ieu jeneng jadi mitoha kuring - anu ngagawéanana téh. Éta wé, tadi bada asar, Pa Sukri nanyakeun keretas ka Si Adun. Tayohna téh dipaké nulis kekecapan nu matak réhé. Bet hayoh deuih diterapkeunana di deukeut panto, nepi ka saha baé ogé bisa maca.

“Upami badé nepangan pangantén, harap sabelum magrib!” kitu cénah.

Da jeung enyana, rada matih tah tulisan téh. Méméh magrib, kaayaan nu tadina ramé dadak-sakala jadi tiiseun. Tatangga anu tas babantu nungtutan baralik, sanggeus dibahanan berekat saayana. Anu matak kerung, lain ukur tatangga anu baralik téh, Pa Sukri sapiri-umpi ogé milu amitan.

Tajug

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 31-03-2008 12:09:19 | 5 Komentar »

Paralun, lain rék ngageuhgeuykeun ka nu ibadah. Da mémang harita mah kitu kanyataanana, urang lembur masih kénéh awam ka nu ngaranna tajug téh.

Kuring inget kénéh, hiji mangsa kolot-kolot di lembur ngayakeun riungan di imah Pa Érté. Ngabadamikeun rék nyieun tajug. Balangsak cénah, upama Jumaahan téh kudu ngadon ka lembur Girang. Mangkaning jalanna sorompod, ngaliwatan kebon awi sagala rupa. Cék nu heureuy téa mah, inditna kudu nyubuh, beurang saeutik, tara kabagéan hutbah.

Éntog teu Mulang

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 04-03-2008 17:09:04 | 1 Komentar »

Kalahka kapiheulaan ku Si Kosim dahar téh. Mang Oji bati medenghelna, da puguh satadina mah ukur ajak jawa. Tapi teu bisa kumaha, moal enya ari dicarék deui mah. Buru-buru manéhna ogé nyokot piring, rék maturan sémah. Na atuh, teu ku hanteuna téh, Si Udin, budakna, nyampeurkeun ka dapur. Leuheung lamun saukur nyampeurkeun, da ieu mah bari barangtitah ongkoh.

Sakadang Ajudan

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 26-02-2008 02:30:57 | Tanpa komentar »

BUPATI Oji keketeyepan kaluar ti imah. Dangdanan nyéta-nyéta budak ngora, calana jeans, kaos oblong, sirahna dibengker ku salt hideung. Pamajikanana mah geus tibra ti isa kénéh. Teu dibéjaan, da niatna gé rerencepan.

Layug Kemba (3)

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 24-02-2008 23:45:53 | 6 Komentar »

Ari ayeuna, geus lima taun lilana, manéhna datang deui ka lembur. Bet asa nimu deui mutiara anu kungsi leungit harita. Ceuk béja ti tatangga, ayeuna mah Anis téh rék tumetep di lembur kuring. Kuliahna geus bérés, malah geus katarima digawé, di kantor Diknas kabupatén.

Layung Kemba (2)

Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 24-02-2008 23:43:21 | Tanpa komentar »

Carpon DADAN SUTISNA
MANÉHNA téh aslina mah urang Cianjur. Datangna ka lembur kuring, éstuning henteu disangka-sangka. Dalah kuring sorangan, henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan baris kaanjangan manéhna.
Cenah manéhna téh alo Pa Kuwu. Kungsi tilu taun lilana cicing di lembur kuring. Ngan nyakitu, cicingeun pisan. Tara pati riung-riung. Sapopoéna ngotok-ngowo di imah. Éta ogé, loba lalaki nu ngahelaran, […]

Halaman 1 dari 3123»
Basa Sunda