Kategori: Carita Mistéri | Dimuat pada: 04-08-2008 00:28:55 | 2 Komentar »
Kontrakan Bu Déwi kawilang lega. Kamar-kamar nu dikontrakkeun aya welasna, paeunteung-eunteung jeung imah Bu Déwi. Tiiseun, da rada anggang ti jalan raya.
Somad rék nanyakeun bisi salila manéhna di lembur aya lalaki nu nginjeum konci, terus asup ka kamarna. Katerangan ti pagawé “Sukma Photo” méré kacindekan yén aya jelema nu ngaropéa potrét panganténan Maman jeung Marni. Ayeuna tinggal nalungtik jelemana.