Bahasa Indonesia

Carita Barudak

Mistéri Haur Geulis (6): Ngatur Siasat

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 08-03-2008 03:13:39 | Tanpa komentar »

misteri-haur-geulis.jpg“Kieu lalakonna mah. Di hiji lembur, aya budak anu leungit. Caritana teu béda jeung Si Umar. Urang lembur embungeun néangan ka leuweung, lantaran dianggapna aya dedemit. Kabeneran aya barudak sakola anu kémping ka éta lembur. Maranéhna meunang béja, di lembur aya budak leungit. Kacaritakeun aya budak nu ngaranna Panji. Budak wanian, siga uing lah!”

Mistéri Haur Geulis (5): Leuweung Tutupan

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 08-03-2008 03:11:11 | Tanpa komentar »

Emod dikungkuyung sarung, nyempod di juru bari nyarandé kana bilik. Diran jeung Rudi dadapangan, bari galécok nyaritakeun lalampahan bieu. Ari barudak awéwé, kalah ka galuntreng di tepas hareup. Teuing keur ngawangkong naon, ngan kadéngé sorana patingcikikik.

Mistéri Haur Geulis (4): Haur Geulis

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 08-03-2008 03:07:25 | Tanpa komentar »

Panonpoé geus lingsir ngulon. Barudak ngagimbung di buruan Pa Kuwu, ngagandong kantong. Sanggeus sagala rupana tarapti, bring arindit. Apung, badéga Pa Kuwu, leumpang panghareupna. Dituturkeun ku Bu Éni jeung barudak. Pangtukangna, Pa Oding jeung Pa Kuwu. Ari Mang Amir mah henteu milu, sina nungguan mobil di imah Pa Kuwu.

Mistéri Haur Geulis (3): Di Imah Pa Kuwu

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 08-03-2008 03:05:57 | Tanpa komentar »

Barudak tarurun tina mobil. Babawaan diakutan, ditunda handapeun tangkal kérsen. Ari mobil terus diparkir ku Mang Amir, diperenahkeun gigireun imah.

Emod mah kalah terus babalongkéngan. Teu tuman tayohna téh, tumpak mobil sakitu lilana. Leumpangna rumanggieung, siga ngadadak laleneng. Gék diuk dina téras.[]

Mistéri Haur Geulis (2): Di Jalan

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 08-03-2008 03:01:29 | Tanpa komentar »

misteri-haur-geulis.jpgPa Oding calikna dina jok payun, gédéngeun supir. Ari jok tukang mah dilaaan, da ngarah lalega. Diamparan samak wéh. Babawaan dibugbrugkeun di tukang. Bu Éni calik di beulah kénca, diriung ku barudak awéwé. Pahareup-hareup jeung barudak lalaki.

Misteri Haur Geulis (1): Méméh Indit

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 08-03-2008 02:34:54 | Tanpa komentar »

misteri-haur-geulis.jpg“GEUS jam sabaraha, Mod?”

“Kakara ogé satengah tujuh,”

“Mani lila nya mobil téh?”

“Sigana mah di jalan kénéh. Uing gé hayang buru-buru indit ieu téh. Hayang nénjo sawah!”

“Bakal aya sawah kitu?”

“Puguh atuh, di lembur mah biasana ogé sok aya sawah. Aya walungan deuih!”

Dongéng Si Uya jeung Si Onyét: Nagara Héwan

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 27-02-2008 02:27:18 | Tanpa komentar »

Sajeroning dina beus, Si Uya jeung Si Onyét hookeun. Kakara meureun umur-umuran nénjo kota. Gedong jangkung patingjung­kiring di sisi jalan. Lampu-lampu ting­baranyay warna-warni. Cacak­an peuting mah, mani ramé pisan.

Nu tumpak beus narungtutan turun. Tungtungna mah tinggal opatan: Mang Mencek, Si Uya, Si Onyét jeung Pa Maung, nu keur nyupiran téa. Pa Maung maké baju loréng, kumis jeung godégna di­ingu, atuh beuki pikasieuneun wé

Dongéng Si Uya jeung Si Onyét: Sasab ka Kota

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 27-02-2008 02:23:42 | 2 Komentar »

Hidep inget kénéh dongéng Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya? Rupa-rupa apan dongéngna téh: Sakadang Monyét Melak Cau, Sakadang Monyét Maling Cabé, Sakadang Monyét Ngala Nangka, jeung réa-réa deui. Tah, ayeuna, éta dongéng téh urang teruskeun deui. Ngaranna gé urang landi baé nya, entong maké saka­dang. Si Uya jeung Si Onyét, ambéh pondok. Ngan ayeuna mah éta dua sobat téh caricingna lain di leuweung, tapi di kota. Pang­na ma­ranéhna sas­ab ka kota, lalakon­na téh k

Basa Sunda