Kategori: Buku Sunda | Dimuat pada: 04-03-2008 17:18:15 | 7 Komentar »
JANGUdin nutur-nutur kuda lumping tepi ka poho balik. Duit titipan keur indungna leungit di panglalajoan. Ukur bisa ngahinghing ceurik. Rék balik sieun dicarékan. Komo apan cék bapana, budak bangor mah rék dikirim ka Tangerang, dikerem di jero bui. Bakating baluweng, basa aya jalma ngajak indit, milu waéh. Teu apal ka mana nu rék dijugjug. Tungtungna kadungsang-dungsang di lembur batur.




