(Catétan buku Nu Kaul Lagu Kaléon)

Ku Dadan Sutisna

Matak jadi pinunjul hadiah sastra Rancagé ogé, Nu Kaul Lagu Kaléon téh roman anu nyastra nurutkeun tinimbangan juri hadiah Rancagé. Kaasup payu deuih, dicitakna nepi ka dua kali dina waktu dua taun. Malah apan dina citakan kadua mah ditambahan ku lampiran piagam hadiah sastra Rancagé. Unggulna téh deuih, Nu Kaul Lagu Kaléon beunang RAF roman munggaran anu meunangkeun éta hadiah.

Karangan RAF (Rahmatullah Ading Affandie), boh mangrupa roman/novél, boh carita pondok, leuwih ngutamakeun sétting jeung kasang-tukang carita. Upama kasang-tukang atawa sétting diibaratkeun kana wawadahan, RAF mah éstuning milih wawadahan anu deukeut jeung kahirupanana, tur enya-enya dipikawanoh. Nya dina wawadahan éta, pangarang ngolah téma carita, dibungbuan sapuratina.

Dina Béntang Lapang upamana, apan kasang-tukangna téh husus dunya maén-bal. Lebah nyaritakeun maén-bal, pangarang enya-enya wanoh tur apal kana dunya maén-bal. Istilah-istilahna, pon kitu deui taktik maénna, dicaritakeun dina basa anu bérés-merenah. Husus perkara basa, RAF kasohor minangka pangarang anu boga ciri has, najan sakapeung mah lir ngadeukeutan gayana Syarif Amin. Lain baé sétting caritana dina dunya maén-bal téh, tokoh carita jeung karakterna ogé apan purah maén-bal, matak jari béntang lapang ogé.

Pon kitu deui dina Dongéng Énténg ti Pasantrén (1961), buku anu kungsi dicitak-ulang ku Geger Sunten, kasang-tukangna nyokot dunya pasantrén. Najan sacara téori mah, Dongéng Énténg ti Pasantrén henteu kagolongkeun kana buku sastra. Caritana leuwih condong kana pangalaman pangarang, anu dicaritakeun maké gaya kuring. Malah leuwih cocog kénéh kana carita hiburan, komo apan nyaritakeunana ogé éstuning karikatural, lir leuwih mentingkeun “imut” nu maca.

Kumaha ari Nu Kaul Lagu Kaléon? Beunang disebutkeun nenggang, upama dibandingkeun jeung karya-karya RAF saméméhna. Kasang-tukang caritana ogé, milih dunya tembang cianjuran. Lebah dieu pangarang geus nyieun deui “wadah” anyar pikeun ngaracik téma, nyaéta manusa-manusa anu ancrub kana dunya tembang, dina lebah dieu tembang cianjuran. Atuh leunjeuran caritana ogé, henteu ingkah tina usik lilir dunya tembang. Malah dicaritakeunana téh enya-enya pisan, teleb naker, dipesék nepi ka jero-jerona. Kahirupan tukang tembang kawasna mah geus lain barang anyar pikeun pangarang. Istilah-istilah dina tembang Sunda, diterangkeunana téh henteu sajorélat-sajorélat. Malah sabréhan mah bet karasa téoritis. Atuh lebah nyaritakeun “ngabandungan” nu keur nembang, nepi ka dikorédaskeun pisan. Kumaha rarasaan kuring, nu ngalalakon dina éta nyarita, ngarasa katoél haté saban ngabandungan galindeng tembang. Kumaha sumélékétna kana haté, sumarambahna kana bayah, nepi ka jadi panglipur batin anu hese dipapandekeunana. Unggulna téh, enggoning ngahartikeun turun-unggah wirahma nu keur nembang, nepi ka sakecap-sakecap. Lebah gelik “anu” upamana, mengkolna téh ka beulah dieu, jeung sajabana. Atuh sakapeung mah, jalan carita téh kaselang ku bahas ngeunaan tembang.

Nu Kaul Lagu Kaléon, roman pondok anu nyokot alur flash-back. Aya sawatara bagéan anu nyoréang alam ka tukang, minangka panineungan tokoh carita ka hiji tangtungan nu lawas kapopohokeun. Kahudang deui, basa aya nu ngagalindeng lagu Kaléon.

Carita dimimitian ku tokoh kuring (Péndi) anu milu nungkulan hiji riungan mamaos. Ku sora haté anu dikedalkeunana, nu maca baris yakin, Péndi téh jalma anu kasengrem jeung kagémbang ku tembang. Beuki écés baé, saeutikna Péndi téh boga pangaweruh dina tembang, lantaran enggoning ngahartikeun galindeng hiji lagu (tangtuna ogé ngaliwatan sora haté “kuring”), éstuning ditetek nepi ka bubuk leutikna. Lain barang anyar pikeun Péndi mah, milu riungan kawas kitu téh. Nya éta, kaudag ku pangaresep téa. Resep ngabandunganana.

Nu matak, basa dina éta riungan aya pangumuman rék aya nu ngadon kaul, Péndi asa kapegat pangaresep. Keur anteng-anteng nyurupkeun gelindeng tembang jeung lelembutan, aya nu megatan kahusuan. Ngaran-ngaran anu ngadon kaul téa, nembangna ogé bisa jadi ukur satimu-timuna. Malah lain Péndi baé anu hanjelu téh, nu séjénna ogé, nu nungkulan éta riungan, papada milu “oyag”.

Ngan basa nu kaul mimiti nyoara, nu aya di dinya taya nu henteu “kasima”, kaasup Péndi. Galindeng nu kaul téh sidik aya leuwihna. Lebah ngaléokkeun wirahma, lebah “ngejat” ti kecap ka kecap, éstuning matak nyurup kana lelembutan. Atuh basa nu kaul mengkol kana lagu Kaléon, loba nu kabetot rarasaan, malah dumadakan jempling sapisan, awahing husu ngabandunganana.

Nu aya di dinya, lir ngadadak dijieun arca. Taya nu nyoara, ngarenghap ogé semu ditahan, bisi ngagamahan ka nu keur nembang. Tapi pikeun Péndi mah, lain baé rarasaanana anu kabetot téh, lain baé lelembutanana anu milu katenung, tapi panineunganana ogé milu ngalenyap. Bet rus-ras ka mangsa lawas, asa-asa inget ka nu boga sora téh. Beuki lila beuki yakin, upama anu boga sora téh wanoja anu kungsi ngancik dina haténa.

Hanjakal, anu kaul téh ngan sajorélat. Leuwih hanjakal deui, Péndi henteu bisa nenjo beungeutna, henteu bisa ngayakinkeun saha-sahana. Malah nepi ka bubarna riuangan, sora jeung jirim nu kaul téh henteu némbongan deui.

Basa geus nepi ka imah, Péndi babalédogan, meureun anu tadi kaul téh … Ai Nani. Malah implenganana terus ngabiur ka mangsa sakitu taun ka tukang. Mimiti manéhna amprok jeung Ai Nani téh, di imah Ceuk Kanah. Harita Ai Nani keur nganteur dulurna (Yati) anu rék guguru tembang ka Ceuk Kanah. Ari Péndi, apan geus raket pisan jeung Ceuk Kanah téh. Péndi boga kasempetan pikeun ngobrol jeung Ai Nani, sabot Yati uplek jeung Ceuk Kanah. Harita Péndi nyoba-nyoba mentés Ai Nani, anu cenah ceuk pangakuanana, henteu boga bakat dina tembang mah. Mana horéng Ai Nani téh boga sora emas, malah saterusna diajak ancrub kana dunya tembang. Ti dinya mimitina mah, raketna hubungan Péndi jeung Ai Nani téh.

Kiwari, Péndi jeung Ai Nani geus genep taun pipisahan. Aya sabab-musababna tangtuna ogé. Pangpangna mah, panghalang ti kolot Ai Nani, magarkeun dunya tembang mah taya binana jeung tukang ngamén. Sajaba ti éta, Péndi dituduh rek megatkeun hubungan Ai Nani jeung lalaki pilihan kolotna, ku cara akon-akon jadi nu ngalatih tembang.

Awahing panasaran ka nu kaul tadi peuting, isukna rebun-rebun kénéh Péndi geus indit ka bumi Pa Sadikin, nu tadi peuting ngayakeun riungan tembang. Ngan kacida mentegegna, manahoréng anu rék ditepunganana mah geus indit méméh subuh. Atuh nyamos, Péndi ukur bisa nahan kapanasaran.

Kakara kaungkab kapansaran Péndi téh, basa hiji mangsa diondang deui nungkulan riungan tembang di bumi Pa Sadikin. Enya baé, geuning nu harita kaul téh awéwé anu kungsi ngait dina haténa. Malah harita, Pa Sadikin katut garwana satengah nyeukseukan. Magar Péndi geus ngamusuhan ka Ai Nani jeung kolotna. Garwana Pa Sadikin ogé, terus ngalalakon, satinggalkeun ku Péndi téh Ai Nani teu eureun manggih kanyeri. Kudu kawin ka lalaki nu henteu dipikacinta, béhna henteu lana rumah tangga, dua taun geus jadi randa.

h

Sakitu basajanna alur caritana mah. Nu Kaul Lagu Kaléon, kawasna henteu diajangkeun jadi roman nu pinuh ku konflik. Taya klimaks anu manjang. Minangka bagéan “tegangna” téh meureun, basa Péndi rék nepungan nu kaul téa. Kitu ogé dicaritakeunana bangun reuhreuy naker, nepi ka ampir henteu karasa. Adegan demi adegan, digambarkeunana éstuning titih-rintih pisan. Malah bangun ngahaja ngamper nu maca, sangkan henteu gurung-gusuh teuing. Pon kitu deui, tokoh kuring pinter pisan “ngerém” pamaksudan anu rek ditepikeun, malar matak panasaran, ngarah ganggarateun.

Karakter tokoh-tokohna, dicaritakeunana henteu katara, éstuning ngaliwatan sora haté Péndi. Ai Nani anu pengkuh, kuring anu “babarian”, jeung Pa Sadikin minangka pigur kolot nu asak jeujeuhan. Unggal tokoh ogé “leumpang” dina dunya jeung kahirupanana séwang-séwangan.

Geus ilahar sabenerna mah, hubungan tresna antara “guru” jeung “murid” téh. Péndi anu mindeng raket jeung Ai Nani waktu keur ngajarkeun mamaos, mimiti aya affair, najan dicaritakeunana dina alur mundur. Ngan lebah dieu, pangarang pinter pisan “nahan rasa” tokoh Péndi, sangkan henteu getas-harupateun nepikeun sakur kajadian ka nu maca. Palebah hubungan tresna dua insan ogé, apan henteu dikatarakeun, malah bangun disumput-sumput. Langka pisan adegan anu pinuh ku romantismeu. Malah apan pamungkasna ogé bangun ngahaja sina ngagantung. Perlu pamikiran nu maca pikeun ngajugjugna kumaha anggeusna carita téh. Sabab Nu Kaul Lagu Kaléon dipungkas ku Péndi jeung Pa Sadikin nu rek nepungan Ai Nani di rumah sakit : “karunya teuing Si Ai, ari sugan rék tamat cocobana. Emh, boa-boa …”. Cindekna, panineungan Péndi téh ukur kalangkang. Malah kawas ngahaja dicandet, sangkan tokoh Péndi henteu nepi ka tepung jeung Ai Nani. Ukur tepung dina implengan baé.

Pangarang lir ngahaja nyieun Nu Kaul Lagu Kaléon, henteu jadi carita anu “ramé”. Di jerona taya nu “hoghag” sakumaha kalolobaanana roman/novél, ampir taya pacéngkadan pisan. Kawasna, perkara alur carita sangkan “ramé” mah henteu dipentingkeun teuing. Buktina, adegan-adegan anu “piraméeun” bet dipotong sangeunahna. Upamana, basa tokoh Péndi ngadéngé aya nu rek kaul, tur manéhna asa-asa wanoh ka nu boga sora, apan henteu buru-buru ngayakinkeun saha-sahana. Kalah kajongjonan nyurupkeun galindeng jeung lelembutan. Padahal ilaharna, rasa panasaran téh sok dibarengan ku pari-polah. Bisa baé sabenerna mah, Péndi ngelol ti lawang panto ngécéskeun tangtungan nu boga sora. Ceuk logika, tong boro anu kungsi boga panineungan, dalah anu kakara ngadéngéna ogé (ku lantaran sorana alus), boa terus eueuleugeugan hayang nenjo jinisna nu boga sora. Bisa jadi, ieu mah mangrupa téknik pangarang enggoning ngahudang kapanasaran nu maca. Bisa jadi deuih, lantaran pamadegan tokoh Péndi yén ngabandungan tembang mah kudu saregep, husu, ulah kecét-kecét, nepi ka rasa panasaran kaéléhkeun ku kahusuan téa.

Tina kituna, bréh baé anu rék ditepikeun ku pangarang téh jadi nenggang nyéngcélak. Leuwih nyogrogkeun kénéh amanat, minangka bagéan tina hiji karya. Amanat pikeun ngamumulé jeung ngamekarkeun tembang Sunda. Buktina bahasan ngeunaan tembang Sunda ogé ngan henteu disebut kaleuleuwihi wungkul. Nu Kaul Lagu Kaléon lir mentingkeun pisan visi, gumuruhna rasa haté, jeung kereteg pangarang enggoning nepikeun pamaksudanana. Kumaha paripolah tokoh-tokoh anu “kaédanan” ku tembang. Najan henteu langsung dibruk-brakkeun, Nu Kaul Lagu Kaléon kawas nyarita : tah nu kieu nu disebut tembang Sunda téh. Sakumaha anu disebut ku Camat Kota dina ieu buku : “mamaos téh éstuning kasenian anu taya bandingna, gaduh ajén anu kacida luhurna“.

Nu Kaul Lagu Kaléon lir diajangkeun keur nu resep kana mamaos. Pangarang lain ukur nyokot kasang-tukang carita tembang Sunda, tapi dibarengan ku katerangan-kateranganana. Diluyukeun deuih jeung pangaresep tokoh-tokohna. Da ari caritana mah, geus lumbrah tur mindeng digulang-gapér. Tangtungan manusa anu kahudang panineunganana. Hubungan tresna dua insan nu kari waasna.

Dina nyaritakeunana baé anu karasa béda téh. Pangarang ngahaja “nyandet” carita sangkan matak ganggarateun. Éstuning reuhreuy naker, malah asa dicentok-centok.

Nu Kaul Lagu Kaléon, roman pondok, kandelna 123 kaca. Bisa leuwih pondok upama nilik bagal carita anu ngan sajorélat mah. Tapi apan kawas ngahaja nyodorkeun heula visi (ngamumulé tembang Sunda nepi ka jaga), kakara disambung ku jalan carita nu reuhreuy téa. Boa, kétang, leunjeuran carita mah henteu sabaraha dipentingkeun.

Ceuk Ajip Rosidi dina kaputusan hadiah Rancagé 1991, pangarangna (maksudna kana ieu buku) nyandak kahirupan ahli tembang Cianjuran jadi jejer téh lain ngan saukur pikeun ngaramekeun carita duméh di kalangan urang Sunda di kota-kota keur usum dialajar mamaos baé.

Enya, tembang Sunda mah lain keur ngaramékeun carita. Tapi sabalikna, tembang Sunda anu “diramékeun” ku carita. Malah ku ieu buku, urang henteu kungsi dibawa ka dunya séjén anu pinuh ku imajinasi. Taya kereteg séjén anu ditepikeun, iwal ti … tembang Sunda. Asana taya salahna upama nyieun kacindekan kieu : Nu Kaul Lagu Kaléon téh kahirupan tembang Sunda anu dibungbuan ku carita.***