Taman PamekarDi lembur kuring, pasisian Tanjungsari, Sumedang, masarakatna lolobana mah patani. Sakolana rata-rata ukur nepi ka SD. Henteu raresepeun maca, jajauheun kana aya usaha néangan buku Sunda mah. Dalah kolot ku­ring sorangan, apan tara pirajeunan ngampihan buku, da puguh sapo­poéna ngurus sawah jeung kebon. Malah anéhna téh, harita mah sok rada disentak lamun nangenan ku­ring ngadekul maca téh.

“Mending kénéh ngala suluh ata­wa ngarit jeung ngahuleng kitu mah!” kitu pokna téh. “Maca mah moal jadi duit!”

Bisa jadi, pangna nyarita kitu téh, lantaran apaleun anu dibaca ku kuring lain buku pangajaran, tapi buku Sunda. Ceuk anggapan saba­géan urang lembur mah, apan maca téh kaasup ngahambur-hambur waktu.

Ari resep kana maca buku Sun­da mah, ti keur SD kénéh. Inget baé, taun 1986, basa kuring nincak kelas 2 SD. Harita ku guru sok dibagi buku bacaan, boh basa Indonésia, boh basa Sunda. Buku Sunda anu sok dibagikeun téh Taman Pamekar, karangan Sanusi jeung Samsudi. Mani geus kucel naker, sawaréh mah geus euweuh jilidan. Tapi eu­sina matak pogot, lantaran anu di­caritakeun dina éta buku, loba nu persis jeung nu kaalaman ku kuring. Kahirupan barudak lembur upama­na; nganteuran ka sawah, ngabe­dahkeun balong, nyieun pepeteng­an, nepi ka kaulinan barudak lem­bur. Inget baé, anu jadi tokohna téh Adé, Aman jeung Isah, adi-lanceuk. Adé nu pangleutikna.

Buku téh henteu meunang diba­wa balik, tapi kudu dibaca di sako­la. Tah, upama balik sakola téh, sok naék kana tangkal nangka pipireun sakola, ngadon maca di dinya. Bet aya waasna, lantaran sajeroning maca téh bisa bari nyawang pasa­wahan nu upluk-aplak, atawa wa­lungan nu caina hérang ngagenyas.

Lantaran maca di sakola mah henteu bisa samemenna, harita ku­ring usul ka guru, sangkan buku bisa dibawa ka imah. Nya diidinan, tapi keur sakuringeun. Da anu sé­jénna mah, ceuk guru kuring téh, henteu katémbong resep maca.

 

Dibagi buku ogé apan kalahka ha­reureuy, ukur diténjoan gambarna wungkul.

Atoh naker dibéré nginjeum téh. Datang ka imah, dekul baé maca bari nangkuban dina palupuh.

Enya ogé sapopoé aya di lingkung­an anu maké basa Sunda, tapi loba kecap-kecap anu henteu kaharti dina buku mah. Boro-boro apal kana ka­mus harita mah. Kabeneran nini kuring sok ngabeluk (nembangkeun pupuh dina wawacan), nya sok di­tanyakeun. Sagala apal deuih harti­harti kecap téh. Malah ceuk nini ku­ring harita, “Tah rék maca mah, wa­wacan Purnama Alam. Ramé geura!”

Tapi kuring henteu resep, lantar­an basana henteu ngaguluyur, asa matak kararagok.

Sanggeus maca Taman Pamekar, anu lobana nepi ka lima jilid, bet deu­deuieun hayang maca nu séjénna. Tapi ka mana néanganana? Di pabu­kon, can karuhan aya, da puguh ba­tan sakitu kaayaanana. Buku-buku­na awut-awutan, sawaréh geus di­hakan beurit. Guru kuring sorangan henteu apaleun, di mana ayana buku Sunda sajaba ti Taman Pamekar téh. Atuh nepi ka mandegna pangaresep kana maca téh, da puguh geus eu­weuh bacaeunana. Basa ngumaha ka kolot hayang dipangmeulikeun bu­ku, omonganana téh geus lain deui, “Boro-boro keur meuli buku, nga­hambur-hambur duit. Apan sapatu ogé can kabeuli!”

Minangka kaubaran téh, ku do­ngéng Sunda dina radio. Keun baé ceuk pikir téh, itung-itung gaganti maca.

Hiji mangsa, aya tatangga anu nyarita ka kuring.

“Tuh di bumi Pa Nana loba buku mah. Dua lomari!” pokna. Ari Pa Na­na téh, apan kepala sakola kuring. Saréréa ogé ajrih ka Pa Nana mah. Boro-boro wani unjam-injeum, mun pareng papaliwat ogé sakapeung mah sok nyumput, awahing ku éra.

Tapi ari karah ku keyeng mah, teu burung pareng. Harita kuring ngumaha ka bapa, ménta dianteur. Peuting-peuting nganjang téh, mawa obor, da puguh can aya listrik. Hen­teu nyangka, Pa Nana atoheun rék diinjeuman buku téh.

“Dibawa ka imah, ngarah aman Bapa mah. Apan sakola urang téh jauh ka ditu ka dieu, ti heula ogé kungsi aya nu ngabongkar, buku dibawa kabéh!” pokna. Balikna, ku­ring mawa buku sabebed. Buku Sunda wungkul. Lolobana mah bu­ku inprés, anu dikirim ka sakola­sakola.

Der deui atuh maca, leuwih po­got, da puguh loba rupana. Ti mimiti karangan Moh. Ambri, RAF, Ahmad Bakri, nepi ka Sawidak Carita Pon­dok. Malah dibéré nginjeum Kamus Umum Basa Sunda. Hanjakal basa ayeuna ditanyakeun deui, buku-bu­ku téh geus areuweuh. Ongkoh ayeu­na mah Pa Nana geus pangsiun.

Sajaba ti Taman Pamekar terbit­an Taraté, Bandung, aya sawatara buku anu terus nyantél nepi ka ayeu­na. Dongéng Énténg ti Pasantrén beu­nang RAF (saméméh diterbitkeun ku Geger Sunten) jeung Si Kabayan jadi Dukun beunang Moh. Ambri. Ari Si Kabayan jadi Dukun mah, inget baé téh lantaran kungsi dijieun sandi­wara ku RRI Bandung. Kabéhdieu­nakeun, resep kana karangan Sjarif Amin.

Pikeun kuring mah, asa aya wa­asna maca buku Sunda téh, pang­pangna anu nyaritakeun kahirupan di pilemburan. Palebah dieu kuring ngarasa basa Sunda téh aya leuwih­na ti basa séjénna, dina karya sas­tra mah. Sakapeung, mun keur ma­ca téh, asa nganjang ka alam pang­impian, atawa asa ngajugjug tempat nu boa teuing di mana ayana.[]