Ku Dadan Sutisna
GEUS dua puluh taun, éta imah angger kénéh siga baheula. Euweuh nu robah. Geus karuhan ari perenahna mah, lebah péngkolan, rada anggang ti imah-imah nu séjénna. Pagerna geus pinuh ku lukut, kenténgna geus semu hideung, pakaranganana hieum ku tatangkalan nu teu kaurus. Tangkal mahoni sagedé beuteung munding ngajungkiring gigireunana. Baheula gé asana kitu.Modél imah béh ditu, teuing mun dijieunna jaman Walanda. Di lebah dinya mah geus euweuh bangsana. Boh dedeganana, boh hieumna. Peuntaseun éta imah, kahalangan ku jalan raya, kebon eurih ngajejembrung. Teuing tanah nu saha, bangun nu ditambélarkeun. Padahal tanah di sapanjang jalan raya réréana mah geus diadegan wawangunan, boh imah, boh toko.
Angger tiiseun, siga dua puluh taun ka tukang, basa kuring sok ngaliwat ka lebah dinya. Harita téh masih kénéh digawé di Bandung. Bulak-balik kana motor. Ari inditna mah, tara ieuh niténan kaayaan éta imah. Henteu pati katémbong geueuman deuih, da isuk-isuk. Ngan balikna-sok meuntas magrib waé-maké jeung pangangguran rarat-rérét. Ukur kitu wé, niténan tina motor. Wantuning jalan kacamatan, tara pati réa mobil nu ngaliwat, komo kacaturkeun macét mah.
Persis lebah tanjakan nu nikung, éta imah téh. Geus remen ti baheulana, di éta tikungan, sok réa nu cilaka, pangpangna mobil treuk gedé nu ngelos erémna. Da harita unggal ngaliwat téh, meusmeus aya mobil tijungkel ka kebon cengkéh lebakeun jalan.
Ayeuna, éta imah katémbong deui, duméh peuting ieu, palebah tanjakan nu nikung téa, mobil kuring mogok. Nya kira-kira 20 méter ti éta imah. Wanci geus nyérélék ka tengah peuting. Sorangan deuih.
Keur naas kitu mah, da mani euweuh nu ngaliwat. Paling treuk baradag, kitu gé teu nitih sapuluh menit sakali ngaliwatna téh. Keueung, keueungna mah. Lain keueung ku jurig, ngan sok sieun aya jelema jahat, mangkaning dina mobil réa pakakas penting.
Geus dicobaan dioprék, mobil téh teu daék hirup. Nélépon babaturan, na da mani euweuh nu diangkat, teuing keur kamarana, atawa geus sararé kitu? Ari nélépon pamajikan mah enggeus, ngan piraku pantar awéwé wayah kieu kaluar ti imah, nyampeurkeun kuring. Jeung asa euweuh gunana wé, paling gé indung barudak mah nambahan geumpeur. Ngan papadon wé ka pamajikan téh, mun bisa mah geuning Mang Ija, sina mawa motor nepungan kuring lebah tanjakan.
Tungtungna mah ngadayagdag kana korsi mobil, bari melong ka nu hieum. Untungna téh teu meredong teuing, aya bulan nyaangan najan reyem-reyem. Enya, tapi sabada dirasa-rasa, cahaya bulan téh bet asa mawa nuansa mistis. Geura wé, éta imah nu heubeul téa, katémbong ngajungkiring hideung, ngabentuk siluét nu mungguh matak serem. Bet jadi inget kana pilem-pilem horor, nya imah modél kitu geuning nu sok dipaké gambaran tempat panyicingan sabangsaning lelembutan téh. Komo ieu mah imah kosong.
Nyobaan ngabalieur ka séjén tempat, tapi anéh bet hayang rét deui rét deui ka dinya. Da sirah téh lir aya nu marieuskeun atuh, ngarah panon kuring manco ka éta imah. Tah, sanggeus sababaraha kali ngarérét, titingalian téh, di buruan éta imah, aya nu ngajanteng. Buukna ririaban katebak angin peuting. Ka handapna mah teu pati katémbong, da kahalangan ku jujukutan.
Nilik kana buukna nu ririaban mah, nu ngajanteng téh awéwé. Nya rada kerung wé saeutik mah, ku naon wayah kieu aya jelema ngajanteng di dinya. Euweuh kasieun tayohna téh.
Nu matak ngagebeg, éta awéwé téh bangun nu nempoeun ka kuring, da katémbong siga nu ngagupayan. Horéam teuing kudu nyampeurkeun mah, ceuk hate. Beu, éta manéhna kalah leumpang, mani bangun ati-ati nyuaykeun jujukutan nu ngahalangan titincakan. Leumpangna, muru ka kuring.
Nyobaan mindahkeun reret. Biasana cenah, mun eta jurig, ari dirérét deui téh sok geus ngiles. Tapi ieu mah angger aya kénéh. Keur leumpang. Muru ka kuring. Ti dinya kaludeung téh pindah rasa jadi keueung. Ah, naha kétang. Maké keueung. Mun nu kitu jurig (tapi da kuring mah can kungsi jeung teu percaya kana jurig bungkuleukan téh), asa can kacaritakeun aya nu maot ku jurig. Mun éta jelema, piraku deuih kudu sieun ku pantar awéwé. Nya ku bégal onaman, aya wé kasebér mah.
Jog manéhna ka lebah panto mobil. Najan reyem-reyem, katémbong manéhna téh ngoro kénéh. Umurna kira-kira 20 taunan lah. Mojang keur meumeujeuhna sigana.
“Ku naon, Pa, mogok?” pokna, kadéngé sorana ti luar rada hawar-hawar.
“Mu… muhun Néng…” rada ngageter ngajawab téh. Lahlahan nékad mukakeun kaca mobil. Beuki atra ayeuna mah kana beungeutna.
“Linggih heula atuh di rorompok. Tiris dina mobil mah. Ké manawi énjing mobilna leres deui…”
Imah? Di mana kitu imahna? Manéhna siga nu surti kana kahémeng kuring, da gentak ngajawab deui. “Pan itu téh rorompok…” cenah bari nunjuk ka imah nu hieum téa. Gebeg téh. Sakanyaho pan éta imah kosong. Jeung mun enya manéhna jelema, aya ku ludeungan cicing di imah nu sakitu poékna. Teg curiga ka nu lain-lain.
“Hayu Pa, bilih badé reureuh heula…”
Teuing ku pangaruh naon, éta kuring bet ka luar tina mobil, leumpang nuturkeun manéh, nyuay-nyuaykeun jujukutan. Manéhna leumpang ti heula. Katémbong buukna jeung bajuan ririaban katebak angin. Ditempo sukuna. Napak.
Imah téh badag kacida singhoréng. Méh unggal poé kuring ngaliwat ka lebah dieu, kakara ayeuna ngadeukeutan éta imah. Beuki deukeut beuki katémbong geueumanana. Tembokna geus pinuh ku areuy, lukut, jeung sabangsaning tutuwuhan. Dina térasna éstuning barala, kalakay ngampar saincak-incak.
Bus ka jero. Sarua deui paroek.
“Ke urang nyeungeut heula lilin. Malum abdi mah biasa mopoék…” pokna. Manéhna gupuy-gapay ka juru. Teuing kumaha carana bet bisa ngahurungkeun lilin.
Katémbong aya korsi butut di rohangan tamu teh. Sarua barala. Teu kaharti, awéwé téh mani teu rapékan pisan. Mani embung nyapukeun.
“Ah abdi mah kieu wé Kang. Nyorangan ngeueung di dieu. Sanéh teu hoyong natanggi, mung teu kiat arisin.” pokna, maké jeung nyebut Akang sagala ayeuna mah.
“Naha bet arisin?”
“Muhun, bilih disangka jurig, hihi. Malum nyicingan bumi sapertos kieu…”
“Tos lami linggih di dieu?”
“Ti barang lahir gé tos di dieu, Kang… Betah puguh…”
“Teu sieun?”
Manéhna gideung. “Ah, naha maké sieun.”
“Ari tuang rama sareng tuang ibu di mana?”
“Duka, teu terang ….”
“Har? Piraku ti orok nyalira?”
“Leres. Pan kieu kawitna mah. Abdi pan di lahirkeun di dieu, wengi-wengi. Tuh, di patengahan, palebah juru. Tos abdi lahir, pun biang mah duka teras angkat ka mana. Dugi ka ayeuna teu ngelol deui. Nya abdi teras baé hirup nyalira satiasa-tiasa…”
Kuring teu burung kerung.
“Tiasa geuning?”
“Nya tiasa, Kang…. Oh muhun, bilih palay kopi, urang ngadamel…”
“Ah wios teu kedah…”
“Nya ti kawit abdi di dieu, sok aya baé nu badé ngaréncangan téh, ngadon dilahirkeun di dieu. Mung nu sanés mah maraot Kang. Janten mung abdi nyalira…”
Sajeroning ngobrol teh, kuring teu eureun rarat-reret ka sakuring rohang tamu. Ukur sacaang-caangna ku cahaya lilin. Hareupeun pisan, lebah tembong, ngajeblag pigura siga dipake nyimpen lukisan. Teu sidik lukisan naon-naonna mah, wantuning poek tea.
Sajongjongan ngabaretem.
“Sok seueur Neng nu lebet ka dieu?”
Manehna ngareret ka lebah patengahan nu pantona molongo.
“Ah, teu seueur, Kang. Nya upami siang mah, sok aya barudak nu ngadon arameng di dieu. Nanging biasana mah di buruan we, tara aya nu wantun lebet ka bumi.”
“Naha”
“Duka atuh, sigana pedah tarerangeun di lebet aya abdi, janten sieuneun, hehehe.”
“Naha bet sieuneun?”
“Nya tos kajudi eta mah. Sadayana ge pasti nganggap ieu bumi teh kosong, taya nu ngeusian. Padahal mah teu kitu. Tos dua puluh taun abdi dumuk di dieu…”
“Asa teu kahartos Neng. Mani teu aya kakeueung calik nyalira dieu …”
“Muhun, da eta mah emutan jalmi borangan.” pokna.
Jem baralem deui. Kuring mah asa keur ngimpi ieu teh. Ku teu nyangka tuda, imah hieum nu sok kaliwatan unggal poe, meh salila dua puluh taun, ayeuna kudu dianjangan. Bari lain wayah lain usum deuih. Estuning tengah peuting jemplang-jempling.
“Bilih bade ningal rohangan sanesna, mangga ….” pokna. “Mung punten we paroek. Nanging teu sawios da aya lilin. Lumayan tiasa nyaangan najan ukur reyem-reyem.”
Teuing awahing panasaran, atawa pedah keur asa katenung, basa manehna cengkat, kuring ge milu cengkat. Manehna ngalengkah ti heula bari mawa lilin nu seuneuna luak-leok katebak angin. Sup ka lawang patengahan. Sarua paroek. Cahaya lilin teu kuatan dipake nyaangan sakabeh rohangan mah. Ukur sawatara bagian bae nu kajeueung.
“Tah ieu patengahan, Kang. Lumayan lega. Tuh, palih ditu, di juru nu aya lomari antik, abdi dilahirkeun teh. Upami teu lepat mah da teu ditilaman-tilaman acan.”
Enya bae mani lega patengahan teh. Abong ti luar ge, ketembongna ieu imah ngajungkiring gede naker. Henteu sidik aya naon di patengahan. Ukur nu kacaangan ku lilin we nu katembong teh.
“Kamari aya opat, sareng di pengker. Tah nu caket ka lawang dapur, eta kamar abdi. Bade ningal?” pokna.
“Ah, teu, teu kedah…”
“Ih, bilih hoyong terang we ieu mah. Saurna Akang salami 20 taun sok ngalangkung ka dieu, ningal jungkiringna ieu bumi. Tangtos we panginten panasaran aya naon di lebetna. Tah ayeuna, meungpeung aya kasempetan, hayu urang tingal …”
Kuring ngan kurang-kerung. Ceuk pikir, saha anu panasaran hayang asup ka imah nu ceuk saliwatan teh siga tempat panonoban sabangsaning jurig. Tapi manehna leumpang muru ka kamar. Jeung anehna kuring nuturkeun.
“Tuh, tempat sare abdi. Teu make kasur, Kang. Ah, da raoseun, masih teu dikasuran ge. Tibra we mun bobo teh. Ukur kitu we geuning Kang, nganggo dipan tina kai.”
“Naha wayah kieu Nyai bet nyaring keneh?”
“Abdi mah tos biasa mun bobo teh siang. Wengi mah kieu we, nyileuk. Duka ku naon da ngadadak laleungit pitunduheun teh. Paling mun wengi-wengi abdi ngadon ngalangeu di teras payun. Upami aya bulan sok bari ningal bulan. Kaleresan waktos tadi abdi nuju nyawang bulan, bet ningal mobil eureun. Manawi teh nu bade nganteurkeun kanggo nu maturan abdi. Ari heg geuning mobil Akang mogok, hihihi.”
“Nganteuran kumaha, Nyi?” kuring kerung.
“Muhun, pan abdi teh keueung, Kang, upami nyorangan bae mah. Abdi ge hoyong pisan aya batur, ambeh haneuteun. Nya sakapeung sok aya mobil ngarandeg. Jrut aya nu turun. Kadang nu beureuyeung nu datang teh. Atanapi nu ngais orok. Sok we dipasihkeun ka abdi. Mung nya kitu Kang, nu atos-atos ge kalah maraot. Tah ku abdi dikempelkeun di kamar eta.” Manehna nunjuk ka kamar kadua.
“Dikumpulkeun?”
“Muhun. Bade ningal?”
“Ah, moal …” jawab teh, bari ngadadak rey bulu punduk asa narangtung.
Sajongjongan kalah ngajaranteng di patengahan.
“Aeh, Kang, bilih cape mah, kulem we atuh di dieu. Ke enjing-enjing tea deui mobilna. Manawi we ari enjing-enjing mah tiasa jalan deui. Tah aya kamar nganggur Kang. Tuh nu pangdituna. Taraya nu kulem di dinya da. Mangga we bilih bade dikuleman ku Akang mah. Etang-etang reureuh …”
“Ah, da Akang mah teu tunduh, Neng.”
“Hayu bilih bade ka dapur!” manehna leumpang deui. Jog ka nu disebut dapur. Mani butrak-batrek. Teu katembong siga dapur. Euweuh kompor, piring, gelas, atawa papakas sejenna nu sok ilahar aya di dapur.
“Ari masakna kumaha Neng? Geuning teu aya nanaon?”
“Ah, da ari abdi mah tara masak, Kang. Ieu mah paranti nyimpen emameun we. Tuh aya daging hayam. Mung punten atah keneh. Akang mah moal sedep nya?”
“Kantenan atuh …”
“Abdi mah osok, Kang. Kana daging atah teh. Raos. Sareng praktis we teu kedah dipasak. Akang mah paling ge matak murel nya?”
“Nya muhun…” jawab teh bari beuki kerang-kerung.
“Nya ieu mah etang-etang silaturahmi we Kang, supados Akang terang. Wartoskeun we ka urang lembur, atanapi ka saha wae nu sok ngalangkung ka dieu, yen ieu bumi teh teu kosong. Nanging aya nu ngeusian. Nya abdi pisan.”
“Ma… mangga. Emh, Neng, manawi tiasa terang, dupi ieu bumi teh saleresna kagungan saha?”
Memeh ngajawab manehna meundeutkeun panto dapur nu kabeneran keur muka.
“Tiris Kang panto ngageblong teh. Sareng ieu lilin bilih pareum ku angin. Mangkaning sigana Akang mah teu biasa di nu poek … Aeh, naros naon tadi teh?”
“Muhun, saha saleresna nu kagungan ieu bumi.”
“Oh… nu kakuping ku abdi mah kieu. Kapungkur, ieu bumi dicicingan ku juragan di kota. Tah waktos ngadamelna teh, make aya tumbal sagala rupi, Kang. Saurna nu gaduh ieu bumi muja sabangsaning siluman. Teras nu ditumbalkeunana teh badegana, tah diruangna teh di lebah patengahan pisan. Tos kitu, kulawarga gaduh ieu bumi baruntak. Dugi ka kajantenan rajapati sagala. Aya nu dipateni dieu. Cul weh tos kitu mah pada ngantepkeun. Dikosongkeun. Kitu nu kakuping ku abdi mah. Nanging duka leres, duka henteu. Malum beja sok dibungbuan.
“Ari ayeuna Nyai cicing di dieu kenging idin ti nu gaduh bumi?”
“Henteu. Ah, da dina kapendakna ge pasti diidinan, Kang. Ti batan dikosongkeun, lebar bilih ancur…”
Geus kitu mah, kuring amitan rek kana mobil deui. Manehna ngahulag, cenah mending sare di kamar bae, tiris dina mobil. Ah, teu pari didenge. Gagancangan we kuring mah ngagidig muru mobil. Panto dikoncian. Dayagdag kana korsi, reup weh sare.
Eling-eling teh diguguyah ku Mang Ija, geus isuk-isuk. Mang Ija mawa nu digawe di bengkel mobil. Teu sakara-kara, mobil hurung deui.
Di jalan, kajadian papanggihan jeung eta awewe tea, dicaritakeun ka Mang Ija. Tapi kalah mesem.
“Ah, panginten bapa mah saleresna kulem dina mobil, mung rarasaan we, dina impian, lebet ka eta bumi soteh. Tapi saurna memang leres, di eta bumi hieum, sok aya nu miceun orok.” pokna.***
Tags: Carita Mistéri





hahha
Menurutku orang Bugis Makassar adalah etnis paling hebat di Indonesia:
1. Jumlah hanya sedikit tapi bisa punya Wapres Jusuf Kalla dan Presiden Habibie.
Sunda,betawi,batak belum punya hehehe, kalau Jawa wajar karena jumlahnya banyak kayak semut
2. Presiden Habibie adalah manusia paling pintar di Indonesia bandingkan dengan Suharto jawa yang cuma SMP?
3. Wapres Jusuf Kalla pejabat Terkaya di Indonesia Rp. 300 Milliar, bandingkan dengan SBY cuma Rp. 8 Milliar, Kalau Prabowo kaya paling korupsi selain itu dia belum pernah jadi wapres-presiden
4. Aksa Mahmud pengusaha terkaya Indonesia.
5. Perkembangan infrastruktur, gedung, jalan dan mall di Makassar lebih hebat dari kota di jawa!
6. Pengusaha bugis makassar menguasai Papua.
7. Sunda-Batak-Betawi-Jawa Kalah jauh
8. Aku bukan orang bugis-makassar, aku wanita Sunda tapi pro bugis makassar, karena prianya lebih gagah
9. Tidak ada etnis Sunda yang bisa sesukses dan sekaya Aksa Mahmud dan Jusuf Kalla
10. Kota Bandung paling buruk jauh dibandingkan Makassar-Medan
11. Kota BAndung paling miskin dibandingkan Makassar-Medan
12. Orang batak terhebat Jadi pengacara, orang Bugis jadi pengusaha, orang Sunda jadi penjual gorengan hahahaha
Ajag
Komen diluhur,… Haseum !
Ridwan Mubarak
Sumuhun ka saderek HAHHA teu kenging kitu Underestemet naimanateh…..Tpi pami dileunyepan langkun paos fakta etateh….Urang salaku urang sunda kedah tiasa ngabuktoskeun kabalarea wireh Urang Sunda teh aya lain ngan sa ukur Ngaheurinan Pulo Jawa saur kang Doel oge….
ikymidyras - 23-08-2009 pukul 06.08
ikymidyras…
Jennifer Nettles Of Sugarland Nude Pics …
Hendra Gunawan
Na……ari Kang Dadan…..éta impénan……meni janten carita panjang nakeranan kitu…..
Hidup urang Sunda……..
Abdi téh salah sawios nu mikaresep kana sagalarupaning nu aya hubungan nana sareng Sunda…….
Teraskeun éta kapamolahan téh……
Tepang deui ké sareng simkuring, anu badé maca sajak….bari lalangiran…..
antoy
buat hahha..
aing urang sunda , tong sangenahna ngomong teh, urang sunda jadi tukang gorengan, loba urang sunda nu sukses ..ngan teu hayang diagul agul, mun sia teu ngenah geura mantog ti pulo jawa… pindah sia ka makasar, tong mawa mawa daerah sia goblog, aing urang sunda teu ngenah kusia…….
Abu Aas
Punteee mairan HAHAHA.
Sanes urang luar anu sae ( hebat ) lamun sukses ku kakayaan atanapi kakawasaan teh , tapi urang sunda anu balageur, anu agamis, toleran.
Matak urang luar seueur nu betah & sukses di tatar sunda. Nya pek wae ari rek milih etnis luar mah, ngan angger ngariungmah genah jeung urang sunda.Kajeun loba duit,….tetep ngariungmah genah jeung urang sunda. Ngeunah seuri , ngeunah dahar, pokonamah ngenah sagalana.
Kitu neng…
abinajla
luhurna darajat jeung mulyana jalma sanen ditangtoskeun ku suku atanapi nu sanesna, tapi ku taqwaanana.
aiqi
kanggo haha:
Duluan mana Jusuf Kalla dengan Umar Wirahadikusumah???
Umar Wirahadikusumah wakil presiden asli Sunda (Sumedang) yang namanya jarang disebut karena rendah hati, tidak ingin menyombongkan namanya. walau demikian Umar Wirahadikusumah terbukti pejabat yang bersih hingga namanya diabadikan sebagai nama Gedung Badan Pemeriksa Keuangan,
Mungkin, orang makasar lebih baik dari orang JAWA, tapi tidak kah mereka sadar kalo mereka banyak hidup di pulau JAWA???
tolong untuk tidak membawa SARA,
tapi jika memang Anda ada keberanian, silahkan ada tunjukan jati diri
ahmad
mairan ah..ka hahaha
leres pisan saur aiqi, si haha mah teu da terangeun sejarah da panginten teu sakola janten teu kenaleun ka pak Umar.. nya kituwe upami istri tos kapeser ku artos sok hilap kana purwadaksi boa-boa hahaha teh ririwa istri nu kan dadan di dongengkeuh hiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiii….. pika sebelun
ulun
Untuk ha ha ha, memang orang makasan sudah punya presiden dan wapres, tapi mayoritas makasar masih primitif buktinya mahasiswa di makasar masing sering tawuran daripada debat, itulah tanda tanda manusia makasar primitif
nash
orang sunda yang menjelekan etnis nya sendiri itu orang yang gak tau diri, orang yang harga dirinya bisa dibeli, dan tidak punya jati diri yang pasti.
ibarat kacang lupa kulitnya. lupa akan segala nikmat yang telah diberikannya ditanah sunda.
makanya pantas sunda gakmaju, sebab orang yang kaya gitu yang mengahncurkannya. orang yang tak tau budi pekerti, walauoun bisa bahasa sunda tapi tidak memiliki hati sunda, yang sabar, sopan dan berbudi.
terimakasih neng…
deden
denge…teuing
buzz
Nyarios naon atuh cenah jelema teh…
Keun we, hampuraeun nu kitu mah
gibrig
Jung maneh kawin ka si JK jg Aksa Mahmud,,,ari laku mah,…
syifa
ga ngerti . bsa diartiin gak intinya apaan ? buat tugas sekolah nih . hehe maav yah
miau
Kanggo Akang2 & Teteh2, tos ah tong kahasut ku provokator, sigana mah ceu haha nuju seuri ningal komen2 nyeuneu, makin nyeuneu anjeuna makin resep. Ayeuna mah urang buktoskeun lamun urang Sunda mah sabar, sopan berbudi (saur Nash) balageur, agamin & toleran (saur Abu Aas). Hidup urang Sunda!!!!
Mulya
Kang Dadan, boa-boa eta awewe nu koment (hahha) teh, awewe nu aya di palebah imah nu hieum… indungna ti makasar bapana ti medan. Ngan manehna dijurukeun di imah eta, diasuh ku dedemit urang sunda…hi hi hi…
Restu
Heu heu heu…. Resepppp macana!