Naha enya waragad mangaruhan kana kualitas atikan (pendidikan)? Sigana mah can tangtu. Ningkatkeun kualitas atikan bisa waé ngaliwatan kreatifitas guru. Buktina, Bangladesh nu kasohor ajén atikanana handap, ayeuna geus bisa ngaliwatan Indonésia. Ayeuna prestasi atikan Indonesia aya dina itungan ka-11 di Asia Tenggara, ari Bangladesh naék ka itungan ka-9. Padahal mun nilik kana waragad mah henteu sabaraha, ngan cenah guru-guruna kréatif naker.

ATIKAN téh penting, kitu cék panalungtikan Bappenas. Tangtu cék saréréa gé penting deuih. Nu matak diadurényomkeun méh unggal usik. Komo tanggal 2 Méi mah, nu sok dipiéling minangka Poé Atikan Nasional. Ku penting-pentingna téa, dunya atikan téh jadi salah sahiji widang anu dikocoran waragad konpénsasi BBM-najan dina emprona mah rudet jeung hésé nepina.

Bappenas nu gawé bareng jeung Biro Pusat Statistik (BPS) katut United Nation Development Programme (UNDP) taun kamari ngémbarkeun data statistik ngeunaan Indéks Pembangunan Manusia (IPM) di Jawa Barat. Lian ti widang kaséhatan jeung ékonomi, atikan téh salah salahiji kokojo pikeun ngaronjatkeun angka IPM. Boa ti dinya bisa katoong, kumaha kaayaan atikan di Jawa Barat kiwari?

Asana ari PBH (Pemberantasan Buta Huruf) mah geus ramé ti béh ditu kénéh. Tapi di sawatara kabupatén, cék data statistik téa, angka melék huruf (adult literacy) téh handap kénéh. Éta kabupatén téh ti antarana Indramayu, Subang, Cirebon, Kuningan, Majalengka, Bekasi jeung Bogor. Nepi ka taun 2005, jumlah nu buta huruf di Jawa Barat téh 513.868 urang. Ancer-ancerna taun 2009 mah Jawa Barat geus bébas tina buta huruf.

Lain melék aksara wungkul deuih, angka rata-rata lilana sakola (mean years of schooling) gé masih kénéh handap. Kabéhna aya 14 kabupatén. Indramayu nu pangripuhna, Sumedang nu pangleuheungna. Ngan tangtuna gé panalungtikan Bappenas téh lain hiji-hijina ukuran pikeun meunteun dunya atikan di Jawa Barat.

Dibandingkeun jeung IPM nasional, angka IPM Jawa Barat téh henteu handap-handap teuing, malah ampir sajajar. Hanjakal éta téh ukur gambaran umumna. Mun nengetan deui angka di unggal kabupatén mah, katémbong ganjorna téh. Tacan walatra. Kitu deui dina widang atikanana.

Ari salah sahiji cicirén majuna atikan mun barudak nu sarakola geus walatra. Lembaga atikan formal, ti mimiti SD nepi ka Paguron Luhur, geus diatur usik-lilirna ku pamaréntah. Sakola swasta jeung atikan non-formal (keurseus, diklat jeung sabangsana), éta gé milu ngarojong hirup-huripna dunya atikan. Sistim atikan di sakola terus dioméan. Kurikulum diropéa, nepi ka brolna sitsim anyar, Kurikulum Berbasis Kompetensi (KBK).Nyaritakeun barudak sakola, aya catetan penting ti Dinas Pendidikan Jawa Barat. Sabada dipaluruh nepi ka siklukna, bréh wéh kapanggih, jumlah barudak nu teu sarakola téh. Najan tacan gembleng 100%, tapi panalungtikan Disdik Jabar téh bisa méré gambaran kaayaan barudak sakola di Jawa Barat.

Nepi ka bulan April 2005, jumlah-jamléh barudak nu teu sakola téh 220.498. Ti antarana aya 75.064 urang nu umurna 7-12 taun (SD) jeung 145,434 urang nu umurna 13-15 taun (SMP). Cenah mah meunang angka sakitu téh lain meunang némbak kitu baé, tapi dijugjug langsung ka imah kolotna. Dicatet sagala rupana, kaasup alesanana pangna teu sakola.

Éta téh dina raraga ngaréngsékeun Wajar Dikdas (Wajib Belajar Pendidikan Dasar) 9 taun. Mun geus kapanggih jumlahna, meureun tinggal nyiar tarékah keur ngungkulanana. Jumlah barudak nu teu sakola baris di-update saban waktu ngaliwatan website, ngarah katémbong kamekaranana, boh nambahan, boh ngurangan. Targétna, taun 2008 kabéh bisa sarakola.

Naha bet teu sarakola? Cék catetan Disdik mah, neumbagna téh kana sual ékonomi. Réa kénéh masarakat nu teu kaduga nyakolakeun anakna. Da geuning 81% ti antarana harayangeun sakola. Keur ngungkulanana, engké mah baris aya kartu bébas sakola. Nu méré waragadna gupernur, bupati jeung walikota.

Mun kabéh barudak geus sarakola mah, sugan baé atuh atikan di Jawa Barat téh bisa walatra.***(Dadan Sutisna)


Tags: ,