Lagu kénging nganggit Dian Héndrayana nu dihaleuangkeun ku Ani Sukmawati. Ieu lagu dicandak tina sajak Sunda, dina raraga musikalisasi sajak Sunda yasa Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) sareng Bandung Art & Culture Council Bandung. Sajak hiji peuting diserat ku Étti R.S.
HIJI PEUTINGSajak Étti R.S.
Lagu Dian Héndrayana
Arr. Satrio Wibowo
Nu Ngahaleuang Ani Sukmawati
Sarébu léngkah muru pangauban
‘na hiji peuting meredong
Sarébu rénghap katunda dina implengan
‘na biwir jungkrang nu bedang
Mangrébu angen-angen nganteng
dina benang-benang peteng
Dina hiji peuting nu jempling
muga béntang-béntang nebarkeun kawening
(tina Gondéwa, Taraté)
Tags: Lagu Sunda, Musikalisasi Puisi, Sajak Sunda