Carita Pondok | 13-09-2009 | 4 Komentar
Carpon Ahmad Bakri
Cilamping téh désa gegek tapi sikluk, jauh ka ditu-ka dieu. Pernahna di lamping gunung. Tara pati kasaba ku urang béh tengah, da nya éta jalanna rumpil. Urang dinyana nya kitu tara pati laliar ari lain barudak mah nu ngadugdag ngadon sakola ka désa séjén, da di dinya mah taya sakola. Kitu gé teu loba, ukur hiji-dua.
Imah-imahna kabaheulaan kénéh, hateup injuk julang ngapak, bilikna képang anyam satampah. Masjidna nya kitu deuih, ka cungcung-cungcungna ku injuk. Kawilang gedé sakitu mah, ngan teu pati kapiara, da nu ngeusianana oge Lebé waé jeung nu dareukeut ka dinya. Barudak lembut waéh nu ngadon ngaji tepung magrib. Ka-peutingnakeun pinuh ku barudak bujang nu ngadon marondok.





DADAN SUTISNA, lahir di Tanjungsari, Sumedang. Matuh di lembur. Sehari-hari sebagai jurnalis, penulis buku, web programmer, web desainer, dan luntang-langtung. Resep ka nu hejo-hejo semacam sawah dan kebun.